lagu sunda : cing cang keling paes lele di daunan cing nyai cicing urang NGEWE lalaunan
-----Original Message----- From: Rizp [mailto:[EMAIL PROTECTED]] Sent: Friday, May 03, 2002 10:20 AM To: Mancing List Subject: [mancing-l] Fw: Selingan > From: sofie mei syahdiani <[EMAIL PROTECTED]> > > GEUS CAGEUR > Aki : "Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?" > Incu : "Atos Ki!" > Aki : "Kumaha ngabejakeunana ?" > Incu : "Pa Ustad, tahlilan teh teu cios..." > > SIBUK > "Dupi Bapa na aya kitu ?" ceuk sora dina telepon. > Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari haharewosan. > "Aya,tapi nuju sibuk" pokna. > "Ari Ibu ?" > "Sami, mamah ge nuju sibuk" ceuk budak bari angger ngaharewos. > "Saha deui atuh anu aya didinya ?" > "Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk" angger ngaharewos. > Anu nelepon panasaraneun, "Naha nuju saribuk naon atuh neng ?" > "Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng". > > MANUK > "Sabaraha mang manuk ieu hargana ?" ceuk saurang lalaki ka tukang manuk. > "Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta > mah > dua juta" bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung. > "Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?" > "His, pan eta anu nyiptakeun laguna" > > IBU-IBU JEUNG IBU-IBU > Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana, > "Kapaksa kuring mah menta ditalak ka salaki." > "Naha, kunaon kitu ?" ceuk babaturanana. > "Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil." > "Oh, jadi salaki teh laki-laki hidung belang, nyah ?" > "Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil teh pan keur neangan kuring!" tembal > si > ibu. > > DOKTER JEUNG IBU-IBU > "Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah > apanan > mung 25 rebu ?" ceuk saurang ibu-ibu tina telepon ka saurang dokter gigi > langganan > anakna. "Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik > pisan, > dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur," walon Dokter gigi kalem > > DOKTER JEUNG AKI-AKI > "Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh," ceuk saurang > dokter > ka saurang pasena anu geus aki-aki. > "Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ?" ceuk si Aki malik nanya. > "Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu > ngalantarana > keunana tiasa bae kumargi Aki tos sepuh.." > Si Aki gancang motong omongan dokter, "Ah ulah sok ngabobodo kitu. Abong > kena ka > aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah > apanan > sarua jeung nu kenca?" > > PEJUANG > "Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing mani > ageung," > ceuk saurang budak ka indungna. > "Ka Neneng naros?" ceuk indungna. > "Muhun. Saurna teh, Neng.... bade meser lahang?" > > PROKLAMATOR > Hiji mangsa, di sakola SD Tjiudjung, bu guru Sejarah ningal Kirdun > nundutan, teras > we ku si Ibu teh ditaros: "Kirdun, saha ari Proklamator Indonesia?" > Kirdun kaget bari langsung ngajawab arap-ap eureup-eup. > "Duka, bu... teu terang,sanes abdi," tembalna bari degdegan. > Sababaraha kali si Ibu guru naros, keukeuh Kirdun ngajawab,"Duka teu > terang...". > Si Ibu guru kaleresan kenal ka bapana Kirdun, Sersan Reserse kakoncara jago > interogasi sa Polsek Tjiudjung. Mulih ti sakola teh, nyimpang ka bumina > Kirdun, > ngawartoskeun we eta perkawis Kirdun teh ka ramana anu kaleresan aya mulih > dines. > Atuh ramana Kirdun teh ambek, bari neangan Kirdun di kebon. "Kirdun ka > kadieu! Maneh > ulah ngerakeun dewek, siah, saha Proklamator Indonesia?" saur si Bapa > sersan bari > mulintirkeun kumis > baplangna. "Duka, bapa..sanes abdi," ceuk Kirdun. > Atuh plok..plok... Kirdun teh digaplokan ku bapana. Teras we kitu, ditanya > saha > proklamator Indonesia, Kirdun ngajawab teu terang, sanes abdi, digaplok > deui, kitu > deui. Kirdun teh dugi gareuneuk.. > Akhirna, si Bapa teh rada karunyaeun meureun ka Kirdun, nya ngadep ka Bu > Guru di > tepas. > "Bu Guru, rupina Proklamator Indonesia teh sanes Kirdun, da ditaros sareng > digaplo > kan oge, keukeuh teu ngaku...... > --------------------------------------------------------------------- To unsubscribe, e-mail: [EMAIL PROTECTED] Website mancing-l at http://www.MancingL.com --> Fishing information, online chat, forum discusion, clasifiedads, etc MancingL Archive at http://www.mail-archive.com/[email protected] Fishing@Indonesia a MancingL sharing picture forum at http://communities.msn.com/FishingIndonesia Millis ini terselengara berkat dukungan PT. Metrocom Global Solusi The Prefered IT Solution Company - http://www.metrocom.co.id ** Save Bandwidth... potong berita yang tidak perlu ** --------------------------------------------------------------------- To unsubscribe, e-mail: [EMAIL PROTECTED] Website mancing-l at http://www.MancingL.com --> Fishing information, online chat, forum discusion, clasifiedads, etc MancingL Archive at http://www.mail-archive.com/[email protected] Fishing@Indonesia a MancingL sharing picture forum at http://communities.msn.com/FishingIndonesia Millis ini terselengara berkat dukungan PT. Metrocom Global Solusi The Prefered IT Solution Company - http://www.metrocom.co.id ** Save Bandwidth... potong berita yang tidak perlu **
