[Urang Sunda] Re: Tahu .....

2008-01-14 Terurut Topik waluya56
 Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Leres kitu pisan Kang, kedah kumplit ngawangun jaringan 
 pemasaranana. Istilahna kudu bisa motong jalur pasar. Eta oge 
 kajadian dina kasus gula beureum kamari-kamari: Seueur sumber anu 
 bade masok, ngan harga didengkek pisan ku nu meuli teh.

Soal mafia nu dagang, kawawuhan kuring kungsi ngalaman. Keur jaman 
krismon, kawawuhan kuring teh, tadina master bor (Juru bor nu boga 
sertifikat ti kantor Kang Oman), jadi pangangguran. Manehna inget 
waktu ngebor di Jampang, loba peuteuy, jeung hargana murah. Nya 
manehna teh rek banting setir, hayang jadi tangkulak peuteuy. 
Ngumaha kaditu-kadieu, nginjeum duit, rek ngaborong peuteuy ti 
jampang.

Gancangna carita, modal keur usaha meunang, giridig indit ka 
Jampang, meulian peuteuy, tepi ka meunang satreuk colt diesel. Terus 
dibawa ka Pasar Baru Bandung. Na da di Pasar Baru teh euweuh nu 
nanyakeun-nanyakeun acan. Ditawarkeun ka kios2, padagang gideug, da 
maranehna geus boga supplier masing-masing. Peuteuy satreuk teh 
akhirna ukur dibagikeun ka tatangga-tatanggana.

Jadi? Dagang teh teu gampang .

Baktos,
WALUYA

[Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik Tessar Wardhana
Punten baraya...simkuring hilap nepangkeun heula ieu
teh

Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari
padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.

Ari pendidikan mah ti Biologi Unpad mung ari hobby
sareng padamelan mah di entertainment we ah... sok
sararentul di bidang eta mah biasana ge... hehehe

Kawit ti Sumedang Kota Tahu, kelahiran 15 oktober
1980...muhun leres... anom keneh abdi mah...

nyuhungkeun nasehat sareng arahana ti Akang sareng
Euceu sadaya... hatur nuhun

Tresna

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Bls: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik Gan Lesmana
Heu... heu.. kulantaran keur kabeneran kabaca, bae ah miheulaan ki Kuncen 
oge  paralun anu kasuhun .

Wilujeng tepang ah ka Alo Tresna ... mugai kaparengkeun mendak anu dipilari 
di ieu babakan. Mangga atuh olegkeun si bonekana ambeh tambih rame geura 

Beda ari ti Sumedang mah nya .. nya eta  bararau tahu ... sok atuh 
sakantenan bongasangan geura, tong hilap sareng cabe kedcapna tea .. 
wios-lah ridho ditambihan sareng lontongna oge . Yap mangga  baraya 
sadayana urang tampi yeuh .

haturan,
gl

Dari: Tessar Wardhana [EMAIL PROTECTED]
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 12:30:37
Topik: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun

Punten baraya...simkuring hilap nepangkeun heula ieu
teh

Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari
padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.

Ari pendidikan mah ti Biologi Unpad mung ari hobby
sareng padamelan mah di entertainment we ah... sok
sararentul di bidang eta mah biasana ge... hehehe

Kawit ti Sumedang Kota Tahu, kelahiran 15 oktober
1980...muhun leres... anom keneh abdi mah...

nyuhungkeun nasehat sareng arahana ti Akang sareng
Euceu sadaya... hatur nuhun

Tresna.
 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

RE: [Urang Sunda] Ngiring ngauningakeun KMA Pritim

2008-01-14 Terurut Topik Roro Rohmah
MJ, sakapeung abdi ge sok bingung*
Diwurukan ku sepuh mah nu buit Sumedang jiga atanapi siga* tapi kantos 
ngadangu kapi paman nu urang Malangbong* ciga* dialek Priangan Timur tea*
Tah, abdi sok pipilueun nyebat ciga*raoseun geuning*heuheu...

ro2.

 [EMAIL PROTECTED] 01/14/08 12:49PM 

Ieu jawaban sakahayang:
maksad jeung tujuan, nya meureun kitu we, siga nu biasa. (boa tungtungna hayang 
jadi propinsi sorangan). 
cigana (da asa make S euy, sigana), di galuh mah ku onom we, da urang mah 
pakepuk ku caricing tea. heuheu

Re: [Urang Sunda] Pamacek

2008-01-14 Terurut Topik Kebo Hideung
Ari kitu ngemut kamana Kang ? :)
heuheuheu...

baktos
Kebo Hideung

  - Original Message -
  From: solihin yusuf

  Kacida si akang euy, sugan teh kamana losna barukan kana taeun sapi
  eta kuring mani saregep macana...

Re: [Urang Sunda] Re: Kacang Kadele

2008-01-14 Terurut Topik Fauzan
Salam kenal ka akang2 sadayana, Abdi Fauzan urang Cibuntu.

Cibuntu teh daerah d Bandung anu katelah tenar ku industri tahu na. Kamari2 
abdi ameng ka ditu, biasa weh aya kunjungan ka pabrik rerencangan, teras 
ngobrol sareng rama-na anu tos diangken jnten rama nyalira ku abdi.

pun rama nyarioskeun yen kaayaan industri khususna tahu nj krisis. Soalna 
seueur masalah ekonomi khususna dina masalah bahan baku, nyaeta kadele tea.  
Harga kadele ayeuna tos ampir nyentuh 8000 rupia cenah.

Abdi emut pas taun 2005, nuju janten wartawan enggal, ngawawancara wakil ketua 
KOPTI Bandung. Da ketua na nj teu aya d tmpat. Anjeuna nyarioskeun yen kadele 
teh istilahna tos d monopoli. Anu ngamonopolina ngimpor langsung ti USA. Tah ku 
sabab kaayaan kitu, anjeuna tiasa mempermainkan harga, nepi ka KOPTI teh vacum, 
soalna teu tiasa nanaon. Anapon sababna tiasa impor teh, ku sabab ayeuna mah 
kadele teu diatur deui ku bulog. 

Eta kaayaan taun 2005, nepi ka ayeuna, kang. 

Tah strategi pedagang dina jualan tahu, aya 2, nyaeta, 1. harga naek. 2. ukuran 
nga-alitan. Tah eta sababna tahu ayeuna mahal sareng alit bentukna. 

Hatur nuhun.
Wassalam

Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:   
Sakainget wae ieu mah kang Lesmana,
 
 Salila ieu memang pertanian urang can mampu nyumponan pangabutuh 
 bangsa urang sorangan kana kadele. Hartina, salila ieu urang memang 
 ngimpor kadele. Tah, kusabab ayeuna dolar naek, atawa harga minyak 
 naek, kamampuan ngimpor kadele teh jadi kawatesan. Antukna, kadele 
 ngurangan tur anu aya hargana jadi naek. Eta kamungkinan kahiji.
 
 Kamungkinan kadua: aya anu ngulinkeun harga kadele. Istilah Indonesia 
 na mah bermain di air keruh tea. Keur mah eukeur kadele ngurangan 
 alatan impor kurang atawa tatanen kadele anu aya hasilna nyirorot 
 (alatan banjir jeung sajabana), aya niat jail nimbun kadele sangkan 
 nalika hargana mahal meunang untung gede.
 
 Satemenna, ceuk ahli tatanen, di wilayah urang, utamana di daerah 
 pantura, jateng jeung jatim, kadele alus jadina (bisa hirup, bisa 
 dipelak. Ngan nyaeta, bibitna arang langka da nyakitu tea, boro-boro 
 keur ngabibitkeun, hasil anu aya oge geus didagoan ku pasar anu teu 
 weleh lapar. Tah soal bibit, pasalia jeung tempat ngebonna. Bibitna 
 mah kudu disimpen di tempat anu tiis. Hartina, lamun meunang bibit 
 tina hasil tatanen atawa meunang ngimpor keur nungguan waktu melak, 
 nyimpenna teh kudu dina cool storage, mun henteu, tempat panyimpenana 
 kudu aya di lokasi anu hawana tiis, model Lembang. Jadi, hal-hal eta 
 anu kudu dipikiran, salian ti soal melak, miara jeung pasarna, lamun 
 rek ancrub kana urusan kadele. Sugan kitu oge.
 
 baktosna,
 manAR
 
-
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

RE: [Urang Sunda] Re: Kacang Kadeue

2008-01-14 Terurut Topik Yuliadi
Didieu di Serang,
Loba pangusaha leutik geus megap-megap.
Porsi dikurangan.
Tambahan cioko...(sok tah naon basa kimia na?) ambeh kinclong cenah.
Puguh promalin mah.
Ayeuna maranehna keuheul nyebutna kacang kadeuleu, kitu tah
 
-Original Message-
From: Fauzan [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Monday, January 14, 2008 3:44 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kacang Kadele
 
Salam kenal ka akang2 sadayana, Abdi Fauzan urang Cibuntu.

Cibuntu teh daerah d Bandung anu katelah tenar ku industri tahu na.
Kamari2 abdi ameng ka ditu, biasa weh aya kunjungan ka pabrik
rerencangan, teras ngobrol sareng rama-na anu tos diangken jnten rama
nyalira ku abdi.

pun rama nyarioskeun yen kaayaan industri khususna tahu nj krisis.
Soalna seueur masalah ekonomi khususna dina masalah bahan baku, nyaeta
kadele tea.  Harga kadele ayeuna tos ampir nyentuh 8000 rupia cenah.

Abdi emut pas taun 2005, nuju janten wartawan enggal, ngawawancara wakil
ketua KOPTI Bandung. Da ketua na nj teu aya d tmpat. Anjeuna nyarioskeun
yen kadele teh istilahna tos d monopoli. Anu ngamonopolina ngimpor
langsung ti USA. Tah ku sabab kaayaan kitu, anjeuna tiasa mempermainkan
harga, nepi ka KOPTI teh vacum, soalna teu tiasa nanaon. Anapon sababna
tiasa impor teh, ku sabab ayeuna mah kadele teu diatur deui ku bulog. 

Eta kaayaan taun 2005, nepi ka ayeuna, kang. 

Tah strategi pedagang dina jualan tahu, aya 2, nyaeta, 1. harga naek. 2.
ukuran nga-alitan. Tah eta sababna tahu ayeuna mahal sareng alit
bentukna. 

Hatur nuhun.
Wassalam

Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Sakainget wae ieu mah kang Lesmana,

Salila ieu memang pertanian urang can mampu nyumponan pangabutuh

bangsa urang sorangan kana kadele. Hartina, salila ieu urang
memang 
ngimpor kadele. Tah, kusabab ayeuna dolar naek, atawa harga
minyak 
naek, kamampuan ngimpor kadele teh jadi kawatesan. Antukna,
kadele 
ngurangan tur anu aya hargana jadi naek. Eta kamungkinan kahiji.

Kamungkinan kadua: aya anu ngulinkeun harga kadele. Istilah
Indonesia 
na mah bermain di air keruh tea. Keur mah eukeur kadele
ngurangan 
alatan impor kurang atawa tatanen kadele anu aya hasilna
nyirorot 
(alatan banjir jeung sajabana), aya niat jail nimbun kadele
sangkan 
nalika hargana mahal meunang untung gede.

Satemenna, ceuk ahli tatanen, di wilayah urang, utamana di
daerah 
pantura, jateng jeung jatim, kadele alus jadina (bisa hirup,
bisa 
dipelak. Ngan nyaeta, bibitna arang langka da nyakitu tea,
boro-boro 
keur ngabibitkeun, hasil anu aya oge geus didagoan ku pasar anu
teu 
weleh lapar. Tah soal bibit, pasalia jeung tempat ngebonna.
Bibitna 
mah kudu disimpen di tempat anu tiis. Hartina, lamun meunang
bibit 
tina hasil tatanen atawa meunang ngimpor keur nungguan waktu
melak, 
nyimpenna teh kudu dina cool storage, mun henteu, tempat
panyimpenana 
kudu aya di lokasi anu hawana tiis, model Lembang. Jadi, hal-hal
eta 
anu kudu dipikiran, salian ti soal melak, miara jeung pasarna,
lamun 
rek ancrub kana urusan kadele. Sugan kitu oge.

baktosna,
manAR
 
  _  

Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo!
Search.
http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http:/tools.search.yahoo.com/newsearc
h/category.php?category=shopping 
 
[Urang Sunda] Re: Duh ...Yanti!

2008-01-14 Terurut Topik Roro Rohmah
Deudeuh teuing Teh Yanti*.tebih-tebih milarian artos (yakin, di Indonesia ge 
padamelan mah seueur*) ka Arab Saudi kalahka dituding ngarampog  maehan batur*

Janten emut. Kantos pendak dina KA waktos liburan kamari sareng hiji wanoja 
urang Bandung asli nu linggih di Surabaya. Anjeuna kantos janten TKW di Arab 
Saudi. Saurna, urang Arab teh jarahat* teu kaop lepat sakedik-kedik acan, 
sahaok kadua gaplok. Pami beres barangtuang* blewer! Tilasna dialungkeun kamana 
karep. Teu kaop ningali panangan atanapi bitis istri nu rada nyingsat*kumetap 
jiga nu bade ngarontok-ngarontok wae*Astagfirullah! 

Ku dununganana anjeuna diwagel uih*tos bade kabur-kabur wae. Saena, anjeuna 
dialihkeun ka sepuh dununganana. Hiji taktik dikaluarkeun. Anjeuna ngawulaan 
eta sepuh leres-leres jiga ibuna pituin, teu sirikna dihuapan, diibakan, 
diombehan* Katingali nyaah ka dunungan, nya eta wanoja tiasa mulih deui ka 
lemah cai. Alhamdulillah.

Ni sok ngangres ari ngadangu dongeng TKW teh* nagara urang nu ceuk ceunah 
(konon) beunghar tapi teu tiasa ngabeungharkeun rahayatna. Bangsa urang nembe 
dugi ka janten bangsa pegawe sanes bangsa nu ngagawekeun (kalebet abdi janten 
pagawe heheh*). Nuhun, Bu*caroge abdi tiasa didamel di bumi ibu, kitu saur 
tatanggi pun biang basa nyuhunkeun tulung manglereskeun hateup nu bocor, lampu 
nu pareum, tembok nu moletek srrd. Da, eta ge pami teu kapaksa mah moal 
miwarang*da teu aya kanggo ngagajihna heheh... Numawi, mani asa bingah tiasa 
ngabantos jalmi nu peryogi artos (padamelan). 
Imut  reueues oge, maos dina friendster aya hiji jajaka nu gaduh hobi : 
Mengurangi Pengangguran.

ro2

 [EMAIL PROTECTED] 01/14/08 11:15AM 

Waduh..ieu patarosan  dumasar pisan..kumaha na ngawalerna...Anu nyayagikeun 
lapangan gawe teh Pamodal sanes Leuwueng sareng Laut pan ? Ceuk basa heureuyna 
mah di Indonesia teh..loba pisan pagawean tapi ..teu aya anu ngagajih...kumargi 
teu aya Pausahaan  

On 1/14/08, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: 
Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun. 

Nagara urang teh LEUWEUNGNA LEGA, oge LAUTNA NGAPLAK, kunaon nepi ka teu bisa 
nyayagikeun lapangan gawe nu cukup ka rakyatna. 

Asana upama LEUWEUNG jeung LAUT bisa ngahirupan jalma rea, teu kudu ngiangkeun 
TKW ka luar nagri. 

salam,
mh

Balasan: [Urang Sunda] Re: Bedana Soeharto jeung urut presiden sejenna

2008-01-14 Terurut Topik AmanK Maya Suara
moal lana moal lila. 
geus tepi kana waktuna.

nu sarakah (nu nyaraah) hayang nandingan katangtuan pangeran

geus tepi mah kana titis tulisna kudu maotnya maot wae.

padahal HMS dikaritu2 teh, boa nyiksa sabenerna mah emh, karunya.

Da moal mampu najan ditandonan ku nyawa dokter nu 25 urang, komo ieu ngan 
saukur alat bantu pernafasan beu, . 

Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:   His, 
atuda loba anu kahutangan jasa ka HMS mah, oge loba anu 
 sarusiah jeung inyana, di sagigireun loba harepkeuneun ti 
 kulawargana. Munasabah wae lamun beda fasilitas mah. Urang bandungan 
 wae, nepi ka mana lalakonna.
 
 manAR
 --- In urangsunda@yahoogroups.com, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Artikel dina Kompas dinten ieu (13/1/2008), nu nyindiran bedana 
 fasilitas ka 
  urut Presiden. Ari Soeharto mah, nu ayeuna keur kritis, satengah 
 koma, 
  dibere fasilitas kasehatan anu prima, Nu ngagugulungna team 
 dokter 
  kapresidenan nu jumlahna 25 urang(?).  Cenah Bung Karno mah 
 baheula, jauh ti 
  kitu. Tapi keun soal Bung Karno mah da geus ngantunkeun, tapi cik 
 ari ka Gus 
  Dur mah, da masih jumeneng keneh, moal enya uubarna kudu mayar 
 sorangan? Pan 
  eta oge sarua jeung Soeharto, urut Presiden RI.
  
  Wartosna nyanggakeun:
  
  Fasilitas Presiden
  
  Lain Soeharto, Lain Bung Karno, Lain Pula Gus Dur
  
  Melihat fasilitas kesehatan yang diberikan negara kepada Soeharto 
 yang 
  sedemikian prima, rasa bangga muncul. Namun, kalau mengingat 
 perlakuan 
  terhadap Bung Karno dan bagaimana negara ini memperlakukan Gus Dur, 
 timbul 
  rasa tak percaya, geram, haru yang bercampur aduk. Soekarno, 
 Soeharto, dan 
  Abdurrahman Wahid atau biasa disapa Gus Dur, ketiganya pernah 
 menjadi orang 
  nomor satu di negeri ini. Namun, realitasnya, negara memperlakukan 
 ketiganya 
  berbeda. Pengalaman sangat manis dirasakan Soeharto, tetapi getir 
 bagi Bung 
  Karno dan pahit bagi Gus Dur.
  
-
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Re: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik kumincir
Walah-walah... Aya dalang geuningan... Ngadalang boneka naon, Kang? Wayang
atawa boneka model Si Unyil atawa Muppet Show? Cikan atuh pedar, iraha2
sugan tiasa ditanggap...

On 1/14/08, Tessar Wardhana wrote:

   Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari
 padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id

Re: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik Tessar Wardhana
Alhamdulillah... ah...sakedik-kedikeun mah ngdalang
siga muppet show, akang! sapertos kermit, Mz. Piggy,
Elmo, Big Bird geningan. 
Dupi acarana mah kaleresan bade tayang d Trans 7
kaping 11 Februari 2008 jenengan acarana Jalan
Sesama. Manawi we ieu mah tiasa ngiring ngadidik
barudak umuran TKan, lah! tapi henteu kanggo umuran
eta wungkul oge! Sim kuring nu ngmaenkeun Momon,
boneka nu koneng. 
Nyuhungkeun pidu'a ti balarea supados misi visi
acarana tiasa sukses we ieu mah. supados rating na sae
deuih.

Hatur Nuhun

--- kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Walah-walah... Aya dalang geuningan... Ngadalang
 boneka naon, Kang? Wayang
 atawa boneka model Si Unyil atawa Muppet Show? Cikan
 atuh pedar, iraha2
 sugan tiasa ditanggap...
 
 On 1/14/08, Tessar Wardhana wrote:
 
Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari
  padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.
 
 -- 
 sikandar
 su.wikipedia.org
 kumincir.blogspot.com
 www.urang-sunda.or.id
 
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Re: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik Ahmad NR
Bagea kang esar, wilujeng sumping :)

Sing kekengingan di ieu milis, kekengingan naon we nu mangpaat, sukur2 kenging 
tambihan jodo... Hehehe

[EMAIL PROTECTED]

Powered by Telkomsel BlackBerry®

-Original Message-
From: Tessar Wardhana [EMAIL PROTECTED]

Date: Sun, 13 Jan 2008 21:30:37 
To:urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun

Punten baraya...simkuring hilap nepangkeun heula ieu
 teh
 
 Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari
 padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.
 
 Ari pendidikan mah ti Biologi Unpad mung ari hobby
 sareng padamelan mah di entertainment we ah... sok
 sararentul di bidang eta mah biasana ge... hehehe
 
 Kawit ti Sumedang Kota Tahu, kelahiran 15 oktober
 1980...muhun leres... anom keneh abdi mah...
 
 nyuhungkeun nasehat sareng arahana ti Akang sareng
 Euceu sadaya... hatur nuhun
 
 Tresna
 
 __
 Looking for last minute shopping deals? 
 Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. 
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping 
search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
 
Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* Your email settings:
Individual Email | Traditional

* To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)

* To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED] 
mailto:[EMAIL PROTECTED]

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 
[Urang Sunda] Re: SundaBlog: eBook 700 Paribasa Sunda

2008-01-14 Terurut Topik kumincir
-- Forwarded message --
From: SundaBlog
Date: Jan 13, 2008 9:20 PM

   SundaBlog http://sundablog.blogspot.com/

eBook 700 Paribasa Sunda
http://sundablog.blogspot.com/2008/01/ebook-700-paribasa-sunda.html

Posted: 12 Jan 2008 03:09 PM CST
Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari
persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan
generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana.

Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda
beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna
make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus
puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng
sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya
'seniman' Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir.
Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek
dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku
arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah.
Aneh pan?

Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok
komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari
nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari
jelema nu ngabudi ucing?

Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman
geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu
palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun
nya :-)

[image: eBook 700 Paribasa Sunda]

Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari.
Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain
seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa
jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa
Sunda, nyanggakeun tah ebook *700 paribasa Sunda*. Nu nulisna lain kuring,
tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu
nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh.

 *Ebook 700 Paribasa Sunda tiasa diundeur di
dieu*http://www.divshare.com/download/3443542-d50
.

Re: [Urang Sunda] ugeran ngayakeun kagiatan...... Game kang soni

2008-01-14 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Kang soni ieu mah mung usul pami tiasa mah www.bolotot.com kapayuna
tambihan ku persi bahasa sanesna tap tetep kaca nu utami mah bahasa
sunda. Saha nu terang aya nu salian urang sunda hoyong diajar bahsa
sunda ngalangkungan game nu kuakang nuju digarap.

baktos
ern

On 1/11/08, sonirosa [EMAIL PROTECTED] wrote:

 AYA JALAN KOMO MEUNTAS.

 Haturan Kang Rachmat, mugi aya dina kasehatan  sareng kabingahan manah.
 Sapertos paribasa diluhur, pas akang nyabit-nyabit  perkawis game Jeknyeh, 
 meni asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas  sim kuring teh, nya 
 muhun bade ngadongeng perkawis game di www.bolotot.com. peryogi diuninga ku 
 akang aya  game nu tos kaetang mindeng dilongokan ku baraya urang sunda, 
 nyaeta game  Robot Bonteng W 0.3 _ 
 http://www.bolotot.com/games/bonteng/bonteng_berseka.html (dilongok  kinten2 
 40x dina waktos sasasih). Diantawisna aya Kang Emod, Ujang Carkiwa,  Goher, 
 Aing jrrd. malihan mah aya nu ngusulkeun sangkan aya hadiahna BTN Type  70 
 cenah, he..he Kukituna www.bolotot.com boga paniatan satelat-telatna  
 bulan April 2008 game Robot Bonteng W 0.3 baris aya hadiahna. Hadiahna  
 Naon..he..he..masih dirusiahkeun.
 Kuring bingah pisan pami akang kersa ilubiung di www.bolotot.com, cigana 
 akang mah saregep  pisan nagkes perkawis promosi, honorna?..mangga wae teu 
 langkung akang  sabaraha kinten2-na anu matak walatra+nanjeurkeun sumanget 
 akang, da kangge  mayarna oge teuacan sayagi..he..he..., nyuhunkeun piduana 
 wae muga-muga  pamaksadan ieu kalaksanakeun.

 Hatur nuhun kana pangrojong ti akang oge wargi  urang sunda sadayana.
 Wilujeng mapag Taun 1429H.

 baktos
 sonirosa
 www.bolotot.com

Re: [Urang Sunda] Tarucing Cakra Online dina Internet

2008-01-14 Terurut Topik Dian Nugraha
Punten rada OOT :)

Wiréh henteu mendakan dina kamus, ogé bilih aya dina patarosan tarucing
cakra engkéna :),
dupi hartosna kecap 'kamandang' téh naon, nya?

Pami aya kungsi dina kamus, kamus mana? Bilih abdi kedah mésér kamus anu
langkung lengkep.
Naha ieu téh mangrupi kecap asal atanapi rundayan?

Salam,
Dian.

On 14/01/2008, urang_cupumanik [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Dua minggu kapengker simkuring (ngawakilan PP-SS) tos ngawangkong
 sareng Kang Ganjar perkawis pasanggiri Tarucing Cakra nganggo komputer
 dina raraga Poé Basa Indung téa, sakumaha nu tos diémbarkeun ku Kang
 Ganjar dina ieu milis. Énjing rarancang téh badé ngobrol deui sareng
 Kang Ganjar kanggo langkung maheutkeun éta acara. Pangpangna dina sual
 téknis sareng tatacarana.

 Mung nu kaémut téh, dina prungna téh nu tiasa ngiringan mung 50 urang,
 kitu gé kedah hadir ka Unpad dina ping 21 Pébruari téa. Tah, énjing
 téh sigana badé usul, kumaha upami ngadamel pasanggiri tarucing cakra
 vérsi sanésna, nyaéta online di Internet, supados nu ngiringanana
 tiasa saalam dunya. Waktosnya nya dipatalikeun sareng acara HBI, naha
 diwatesanan saminggu, upamina. Nu panggancangna ngawaler, sarta leres
 deuih, dipasihan hadiah.

 Rupina aturanana tiasa kieu:

 1. Waktos pasanggiri dikawitan ti ping 14 - 19 Pebruari 2008.
 2. Nu badé ngiringan kedah daftar heula sacara online, nyebatkeun
 jenengan, alamat, user, password, jsb.
 3. Sadaya pamilon henteu kedah mayar.
 4. Pamilon nu tos disaluyuan ku panita dipasihan user sareng password
 kanggo login ka rohangan tarucing cakra. Tempat nyimpen program
 tarucingna mah tiasa di situs mana baé, Kusnét, ppss.or.id,
 bolotot.com, jsté.
 5. Supados teu aya nu curang, sadaya pamilon mung tiasa login (muka
 program tarucing cakra) sakali.
 6. Pinunjul diumumkeun ping 20 Pebruari 2008, hadiahna dipasrahkeun
 dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional 2008 di Unpad.

 Émutaneun téh panginten:

 1. Ngadamel programna (soal tarucing kedah bénten sareng nu di UNPAD).
 Programna mah tiasa ngahiras ka Kang Soni (upami badé nganggo
 Macromedia), atanapi insya Alloh simkuring gé tiasa ngiring mantuan.
 2. Naon sareng ti mana hadiahna.

 Sakitu nu kapihatur. Bilih aya kamandang ti nu sanésna.

 Baktosna,
 Dadan Sutisna

[Urang Sunda] Tarucing Cakra Online dina Internet

2008-01-14 Terurut Topik urang_cupumanik

Re: [Urang Sunda] Hartos Kamandang

2008-01-14 Terurut Topik urang_cupumanik
Kamandang téh, kirang langkung hartosna pamanggih, pituduh,
pandangan, pendapat.  Cék kamus Danadibrata mah kecap kamandang
robahan tina kecap pandang.  Janten masihan kamandang = memberi
pendapat, memberi petunjuk.

Memang henteu sadaya kecap dina basa Sunda nu dianggo kiwari aya dina
kamus. Simkuring kantos ngétang yén dina unggal média massa Sunda,
kinten-kinten 25% kecap nu dianggona téh teu aya dina kamus.  Teu
patos anéh kituna mah, margi Kamus Umum Sunda nu panganyarna téh nu
diréngsékeun kinten taun 1975.   Upamina, pan di urang tos ilahar aya
nganggo kecap kérésék kana kantong plastik hideung téh, nanging dina
kamus mana baé gé teu aya éta kecap téh.

Éta gé aya sawatara kamus énggal nu aripis, nanging rupina
kekecapanana henteu ngadahan kecap-kecap nu dianggo dina basa Sunda
kiwari (pangpangna tina basa deungeun).

Punten, naha ieu téh bet janten ngabahas kamus...

Salam,
Dadan Sutisna

 Wiréh henteu mendakan dina kamus, ogé bilih aya dina patarosan
tarucing
 cakra engkéna :),
 dupi hartosna kecap 'kamandang' téh naon, nya?

 Pami aya kungsi dina kamus, kamus mana? Bilih abdi kedah mésér
kamus anu
 langkung lengkep.
 Naha ieu téh mangrupi kecap asal atanapi rundayan?

 Salam,
 Dian.

Re: [Urang Sunda] Hartos Kamandang

2008-01-14 Terurut Topik Dian Nugraha
Hatur nuhun. Kitu geuningan :)

Rupina abdi peryogi ogé kamus Danadibrata kanggo ngalengkepan kamus abdi.
Hilap basa ka Bandung mangkukna henteu kapilarian.

Salam,
Dian.

On 14/01/2008, urang_cupumanik [EMAIL PROTECTED] wrote:
Kamandang téh, kirang langkung hartosna pamanggih, pituduh,
pandangan, pendapat. Cék kamus Danadibrata mah kecap kamandang
robahan tina kecap pandang. Janten masihan kamandang = memberi
pendapat, memberi petunjuk.

Memang henteu sadaya kecap dina basa Sunda nu dianggo kiwari aya dina
kamus. Simkuring kantos ngétang yén dina unggal média massa Sunda,
kinten-kinten 25% kecap nu dianggona téh teu aya dina kamus. Teu
patos anéh kituna mah, margi Kamus Umum Sunda nu panganyarna téh nu
diréngsékeun kinten taun 1975. Upamina, pan di urang tos ilahar aya
nganggo kecap kérésék kana kantong plastik hideung téh, nanging dina
kamus mana baé gé teu aya éta kecap téh.

Éta gé aya sawatara kamus énggal nu aripis, nanging rupina
kekecapanana henteu ngadahan kecap-kecap nu dianggo dina basa Sunda
kiwari (pangpangna tina basa deungeun).

Punten, naha ieu téh bet janten ngabahas kamus...

Salam,
Dadan Sutisna

[Urang Sunda] Malapetaka 15 Januari

2008-01-14 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Naon Malapetaka 15 Januari 1974 teh?
Kumaha pangalaman salah sawios warga jakarta
dina ping 15 Januari 1974?
Mangga diilo di http://www.gracias-id.org

baktos,

mrachmat Uidipura
karya mawa bagja jang sasama

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Re: Balasan: [Urang Sunda] Re: Bedana Soeharto jeung urut presiden sejenna

2008-01-14 Terurut Topik H Surtiwa
Kang ..bade kamana ieu teh ? keuheul nya ? Sing sabar anaking.

On 1/14/08, AmanK Maya Suara [EMAIL PROTECTED] wrote:

   moal lana moal lila.
 geus tepi kana waktuna.

 nu sarakah (nu nyaraah) hayang nandingan katangtuan pangeran

 geus tepi mah kana titis tulisna kudu maotnya maot wae.

 padahal HMS dikaritu2 teh, boa nyiksa sabenerna mah emh, karunya.

 Da moal mampu najan ditandonan ku nyawa dokter nu 25 urang, komo ieu ngan
 saukur alat bantu pernafasan beu, .

 *Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED]* wrote:

  His, atuda loba anu kahutangan jasa ka HMS mah, oge loba anu
 sarusiah jeung inyana, di sagigireun loba harepkeuneun ti
 kulawargana. Munasabah wae lamun beda fasilitas mah. Urang bandungan
 wae, nepi ka mana lalakonna.

 manAR
 --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Waluya
 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Artikel dina Kompas dinten ieu (13/1/2008), nu nyindiran bedana
 fasilitas ka
  urut Presiden. Ari Soeharto mah, nu ayeuna keur kritis, satengah
 koma,
  dibere fasilitas kasehatan anu prima, Nu ngagugulungna team
 dokter
  kapresidenan nu jumlahna 25 urang(?). Cenah Bung Karno mah
 baheula, jauh ti
  kitu. Tapi keun soal Bung Karno mah da geus ngantunkeun, tapi cik
 ari ka Gus
  Dur mah, da masih jumeneng keneh, moal enya uubarna kudu mayar
 sorangan? Pan
  eta oge sarua jeung Soeharto, urut Presiden RI.
 
  Wartosna nyanggakeun:
 
  Fasilitas Presiden
 
  Lain Soeharto, Lain Bung Karno, Lain Pula Gus Dur
 
  Melihat fasilitas kesehatan yang diberikan negara kepada Soeharto
 yang
  sedemikian prima, rasa bangga muncul. Namun, kalau mengingat
 perlakuan
  terhadap Bung Karno dan bagaimana negara ini memperlakukan Gus Dur,
 timbul
  rasa tak percaya, geram, haru yang bercampur aduk. Soekarno,
 Soeharto, dan
  Abdurrahman Wahid atau biasa disapa Gus Dur, ketiganya pernah
 menjadi orang
  nomor satu di negeri ini. Namun, realitasnya, negara memperlakukan
 ketiganya
  berbeda. Pengalaman sangat manis dirasakan Soeharto, tetapi getir
 bagi Bung
  Karno dan pahit bagi Gus Dur.
 
  --
 Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
 Answershttp://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/

Trs: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik solihin yusuf
 Mangga kang, wilujeng sumping...di alam mayaraya...pasundan tea..
 
 sy

- Pesan Diteruskan 
Dari: Tessar Wardhana [EMAIL PROTECTED]
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 12:30:37
Topik: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun

Punten baraya...simkuring hilap nepangkeun heula ieu

teh

Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari

padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.

Ari pendidikan mah ti Biologi Unpad mung ari hobby

sareng padamelan mah di entertainment we ah... sok

sararentul di bidang eta mah biasana ge... hehehe

Kawit ti Sumedang Kota Tahu, kelahiran 15 oktober

1980...muhun leres... anom keneh abdi mah...

nyuhungkeun nasehat sareng arahana ti Akang sareng

Euceu sadaya... hatur nuhun

Tresna

 _ _ _ _ _ _

Looking for last minute shopping deals?  

Find them fast with Yahoo! Search.  http://tools. search.yahoo. com/newsearch/ 
category. php?category= shopping

!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#ff;text-decoration:none;}
--

!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
--

!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
--

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Bls: [Urang Sunda] Pamacek

2008-01-14 Terurut Topik solihin yusuf
Muhun manawi teh, si juragan istri ngidinan polygami ka jalmi geuning lumpatna 
ka sapi bikang 
heuheuheu... subhanalloh..sae tah carpon lucu teh. Komo pami dibukukeun...

Hatur nuhun

SY

- Pesan Asli 
Dari: Kebo Hideung [EMAIL PROTECTED]
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 8:08:15
Topik: Re: [Urang Sunda] Pamacek

Ari kitu ngemut kamana Kang ? :)

heuheuheu...

baktos

Kebo Hideung

- Original Message - 

  From: solihin yusuf

Kacida si akang euy, sugan teh kamana losna barukan kana taeun sapi

  eta kuring mani saregep macana...

!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#ff;text-decoration:none;}
--

!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
--

!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
--

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

[Urang Sunda] OOT: Si Otong dipotong ....

2008-01-14 Terurut Topik waluya56
Gara-gara boga niat midua, Siotong nu katempuhan, dipotong 
Bejana nyanggakeun, kiriman ti Teh Nenen di millis sabeulah:

15/01/2008 05:36 KDRT
Sakit Hati, Istri Potong Kemaluan Suami

Liputan6.com, Deli Serdang: Sakit hati karena suami akan menikah 
lagi,
seorang wanita di Kecamatan Patumbak, Deli Serdang, Sumatra Utara,
memotong kemaluan suaminya hingga nyaris putus, belum lama ini.
Akibatnya, sang istri Mariati harus berurusan dengan petugas
Kepolisian Sektor Patumbak dengan barang bukti sebilah pisau dapur
yang digunakan tersangka.

Kendati terancam hukuman 15 tahun penjara, Mariati seolah tak
menyesali perbuatannya. Kepada polisi Mariati mengaku kesal karena
suaminya, Yandi, berniat menikah lagi karena mereka belum dikaruniai
anak meski sudah 18 tahun menikah.

Sementara Yandi kini harus dirawat intensif di Rumah Sakit Umum
Pirngadi, Medan. Malu atas peristiwa yang dialaminya, korban menolak
ditemui siapa pun. Menurut dokter yang merawat korban, kondisi 
kelamin
Yandi sudah mulai membaik setelah menjalani operasi penyambungan alat
vital. Namun dokter belum bisa memastikan bisa atau tidaknya alat
vital Yandi kembali normal seperti sedia kala.(ADO/Yudhistira)

[Urang Sunda] Re: Duh ...Yanti!

2008-01-14 Terurut Topik waluya56
 Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Janten emut. Kantos pendak dina KA waktos liburan kamari sareng 
 hiji wanoja urang Bandung asli nu linggih di Surabaya. Anjeuna 
 kantos janten TKW di Arab Saudi. Saurna, urang Arab teh jarahat* 
 teu kaop lepat sakedik-kedik acan, sahaok kadua gaplok.

Teh Roro, tong boro ka jalmana, dalah ka nagara wae teu ngahargaan. 
Cenah waktu Yanti rek di-eksekusi isukna, KJRI kakara nyaho 
peutingna, kitu oge lain dibejaan ku Pamarentah Arab Saudi. 
Jelas ...ieu NGAHINA, da lamun warga nagara Amerika atawa Eropa mah 
maranehna (Pamarentah Arab Saudi) moal nyapelekeun kitu. Urang 
Philipina bisa demo gede-gedean, lamun aya kajadian kieu teh.

Tapi meureun ari Bangsa urang mah, geus biasa disapelekeun   

Eksekusi Yanti Langgar Konvensi Wina

Selasa, 15 Januari 2008 | 06:25 WIB 

TEMPO Interaktif, Jakarta:Direktur Perlindungan Warga Negara 
Indonesia dan Bantuan Hukum Indonesia Teguh Wardoyo mengatakan 
pemerintah Arab Saudi tidak memberikan notifikasi kepada Kedutaan 
Besar RI di Arab Saudi tentang pelaksanaan eksekusi Yanti, tenaga 
kerja Indonesia. 

Konsulat Jenderal RI di Jeddah mengetahui rencana eksekusi melalui 
Satuan Tugas Konsulat Jenderal RI di Mahayiil, tempat Yanti 
dipenjara pada malam menjelang eksekusi. 

Tindakan tidak memberikan notifikasi kepada kita itu kan melanggar 
Konvensi Wina, kata Teguh kepada Tempo, Senin petang. Pemerintah 
melalui Kedutaan Besar RI di Arab Saudi telah menyampaikan nota 
protes kepada pemerintah setempat terkait dengan kejadian ini. 

Kepada anggota staf yang sempat menemuinya sebelum Yanti dieksekusi, 
kata Teguh, Yanti hanya mengatakan bahwa dia menitipkan anak-anaknya 
kepada suaminya

Re: [Urang Sunda] Re : Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling Basa Indung

2008-01-14 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Édan tenan lamun dina basa Jawi mah.
 
Nyuhungkeun widi, alamat ramatlokana badé dijantenkeun tumbu kaluar dina blog 
pribados.

Salam,
Aschev

- Original Message 
From: sonirosa [EMAIL PROTECTED]
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, January 11, 2008 8:36:00 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling 
Basa Indung

he.he..urang tingali wae engke buktosna.
Teh Roro oge wargi kusnet sadayana, pami hobi TTS jnskl (jeung nu siga kitu 
liana). Aya di http://www.bolotot. com/games/ budak/budak_ palid.html, cobi 
geura kangge latihan apanan bade emansipasi sanes...???
cag
baktos
sonirosa
www.bolotot. com
- Original Message - 
From: Roro Rohmah 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Friday, January 11, 2008 11:26 AM
Subject: [Urang Sunda] Re : Pasanggiri Tarucing Cakra Dina Raraga Mieling Basa 
Indung

Nu dibulaoan  waleran abdi...
 
 [EMAIL PROTECTED] net 01/10/08 0 7:49AM 
 
Ciganamah perkawis yuswa teu diwatesan,kitu oge nyandak kamus...   
meureun...hehe. .(nu puguh mah pami peryogi kamus aya di warung-buku bolotot 
http://www.bolotot. com/warung/ warung.html, promosi yeus longok nya teh..)
 
naging sanaos teh Roro hibi tetees, ari ceuk kuring mah anu janten pamilon ti 
kusnet keun wae:.
 
Regu1. Kang eko, Kang Dudi, Kang Rachmat, Kuring.
Regu2..Teh Herni, Teh Ika, Neng Mpup, abdi...heheh. ..(emansisapi) .
Regu3.
 
Teh Roro mah janten Kapten Cirlider wae nya..he... (banyol)
Kali-kali atuh Cirlider teh pameget... kade tong he love nganggo seuseungitan 
paragi kelex... meh teu kaambeu hihiihi
 
Perkawis Hebat...
aya nu langkungf hebat teh..
nya eta Pangleler Hadiah Hardjapamekas, naon hebatna?
Kang Erry Riyana Hardjapamekas jelas hebat, Ngajenanan/ngapresi asi guru basa 
sunda, puguh atuh hebat.
tapi nu ceuk kuring hebat pisan mah Uleman Kangge Ngaluuhan eta acara cobi 
ilikan:
 
Pamasrahan Hadiah Hardjapamekas , 
Dinten Minggu, Kaping 13-Januari-2008, 
Jam 10.00-12.00 WIB, 
di Bali Pertemuan UPI, Jl. Seiabudi 229, Bandung 40154.
 
Jam 10.00-12.00 WIB,  tah ieu teh anu ceuk kuring hebat pisan mah Waktuna 
Jelas jam 10.00-12.00 WIB (2 jam) hebat pisan bener2 ngahargaan waktu, urang 
tarurutan yu...( da ceuk beja mah Amerika maju oge sanggeus pormat waktu 
undangan rapat di gedong bodas di robah tina jam saanu dugi ka rengse janten 
jam saanu dugi ka jam sanu he..he..).
 
Janten pasanggiri TTS Kang Ganjar teh nembe Hebat, teu acan Hebat Pisan, urang 
antos wae impo salajengna ti Kang Ganjar, ari kuring mah yakin pasti Hebat 
Pisan.
pan janten nambihan deui tah urang sunda nu Hebat Pisan. Janten Urang sunda 
Hararebat pisan.
kumaha ari kuring ..Hebrat Prisan he..he
 
Ish...ke heula Kang Soni…boa teuing Jam 10.00-12.00 WIB mung saukur papaes 
uleman wungkul, da dina brengnamah duka teuing…hihihi… heureuey ah! (Maklum 
sakapeung sok janten panitia seminar/workshop di pakulian…) Dimana teuing urang 
Indonesia “tepat waktu?”… Biasana pami hoyong leres2 breng jam sakitu sok 
dipasihan lolongkrang antawis setengah  dugi ka sajaman mah, tapi angger… tos 
sakulit sadaging… Sareng teu telat teH kanggo bangsa urang mah asa teu aya 
“tantangan” naekeun adrenalin tea heuheu...
 
wilujeng mapag taun anyar Hijiriyah 1249.
baktos
sonirosa
www.bolotot. com

Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Asana kuring kungsi mostingkeun perkara ieu.Tapi keun
bae lah, urang postingkeun deui wae, supaya jelas ku
naon  urang teu bisa tatanen kadele.

Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung tai lutung,
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus teu tahan,
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga  rahayat.

Aya kacapangan/paribasa, anu nunjukkeun kabodoan hiji
jalma diibaratkeun jiga sato keledai. Tapi
sabodo-bodona keledai, cenah eta sato teh moal nepi ka
dua kali labuh alatan tijalikeuh ku batu anu sarua.

Dina kasus kacang kadele ieu, jigana urang teh bodo
siga keledai, heunteu waspada/taki-taki samemehna,
lamun barang-barang impor teh hiji mangsa bisa naek
hargana. Kajadian kitu teh (impor barang), sababaraha
kali kaalaman ku bangsa urang. Bener-bener urang teh,
leuwih bodo alahbatan keledai.

baktos,

mrachmat uidipura
tara ngadaharan kedelai sieun jadi keledai

--- Gan Lesmana [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Leres ari kituna mah Kang Asep ..
 Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae
 kumaha urangna .. da ari ngandelkeun pamarentah
 wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah
 kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
 Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat
 nu bisa ngaroyom masyarakat engkena moal
 diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu
 kudu ulet. Tuh geuningan kabuktosan anu karenging
 kalpataru, apanan eta mah estuning pribadina
 masing-masing, anu mana akhirna diakui ku
 pamarentah. Nu penting aya kagunaannana pikeun urang
 balarea wae 
 Ari sim kuring mah cindekna kusaayeunaeun mah urang
 malikiran keur urangna wae masing-masing ..
 leuwih alus tah lamun aya manfaatna keur balarea
 .. 
 Tah saperkara kacang kadele tea, atuh geus puguh
 geuningan diperlukeun, naha atuh teu bisa katedunan
 ku patani kadele sorangan ...!? Naha beut jadi kudu
 ngimpor ...!? Cingan di mana kendala-na ...!? Apanan
 SDA di urang teh cenah mah nunjang pikeun pertanian
  naha geuningan beut jadi kieu !? Naon atuh
 anu jadi masalahna ...!? Tah ieu anu hayang
 diparancakkan ku sim kuring teh. Naha ari maranehna
 bisa ari urang teu bisa ...!? 
 
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

[Urang Sunda] Info Sunda dina Wikipedia basa Portugis

2008-01-14 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Kecap Sunda geus diadopsi ku bangsa deungeun. Dina basa Portugis mah kecap 
Sunda teh sakapeung diucapkeun jeung ditulis Sunda sakapeung deui Sonda 
(jiga kecap dina basa latin, contona rhinoceros sondaicus  anu ku urang jawa 
sok disebut badak Jawa lain badak Sunda). Kecap Sonda ieu bisa kapanggih 
diantarana dina ramat loka http://pt.wikipedia.org/wiki/Ilhas_de_Sonda ngeunaan 
kapuloan Sunda.
 
Sedengkeun kecap Sunda dina basa Portugis bisa kapanggih diantarana dina ramat 
loka http://pt.wikipedia.org/wiki/Reino_de_Sunda_e_Galuh anu nyaritakeun 
samenel ngeunaan karajaan Sunda jeung http://pt.wikipedia.org/wiki/Sundaneses 
anu nyaritakeun sautik ngeunaan urang Sunda.
 
Salam,
Aschev

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik brad porenges
 
  Minggu kamari abdi ngobrol sareng salah sawios Ahli tatanen, Doktor 
pertanian. Anjeuna nyabit-nyabit ihwal tatanen kacang kedele nu di urang, leres 
mung 2 ton (1,8 ton) perhektarna. 
   
  Abdi naros naha tiasa kitu, bari akhir sabaraha patarosan dipungkas ku kecapa 
pan! .pan seueur nu kersa jadi nu ka tilu?(sapertos corpon Ibu Holisoh ME)
   
  Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele mah bibitna 
ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu lain ahli pertanian, 
mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu gancang keur ngungkulan bates waktu 
3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   
   
  Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina nya meureum 
kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung kalembabanana pon kitu 
ngeunaan parameter-parameter sanesna nu kudu dijaga dina binih. Rupina 
parantos seueur ari studi banding atawa hasil panalungtikan mah komo di batur 
bisa ngahasilkeun jauh tibatan di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes 
parantos seueur di urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge meureum 
perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can kapanggih ahlina jeung nu 
beunghar kalawan kareyeng diurang atawa tetep perelu lulugu 
pamarentah?.ah loba pisan alesan mah! 
   
  Enya meureunleuwih untung meuli ti batur! Barina oge leuwih gancang jadi 
tahu-tempena, kantun lantrak-lintrik ka Sumedang jeung Bandung, moal burung 
mendeyang patuangan. Teu perlu mikir 7 kuriling kumaha melak si kacang ieu bisa 
hade jeung ngaronjatkeun hirup patani! Salah sorongan jadi tukang tatanen!
   
  hag siah!
   
  porenges
  anak  tukang tani
   
  MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote:
   
  Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung tai lutung,
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus teu tahan,
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga rahayat.

-
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Re: [Urang Sunda] Malaysia nyieun ulah deui

2008-01-14 Terurut Topik Jajaka.Kahyangan -
kuring mah karek hiji
kang dud, damang?

On Jan 8, 2008 9:10 PM, dudi herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:

   geus tiluan euy nu ngirim heuheu... tiap urang meunang payung. mangga
 candak nyalira ka giant. tong hilap... ka kasir pasihan artos sacukupna :))

 On Jan 7, 2008 4:10 PM, Asep Sar  [EMAIL PROTECTED] wrote:

Ieu Geura sim kuring kintunkeun cuplikan ti Kompas oline nu ngangkat
  masalah koran Malaysia nuduh Bandung nu teu uni
 
  Cik kudu dikumahakeun ari kieu, naha urang kudu cicing bae?
 
  Punten cuplikan asli teu diterjemahkeun:
 
  _,___
 
 --
 d-:
 ~karék cénah~
 
-- 
Gandrung Gunung
http://www.roisz.wordpress.com

Bls: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun!!!!

2008-01-14 Terurut Topik Eman Suherman
Muhun yeuh asa panasaran, sok geura pedar di kusnet atuh

- Pesan Asli 
Dari: kumincir [EMAIL PROTECTED]
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 5:52:51
Topik: Re: [Urang Sunda] Hilap Nepangkeun...Nepangkeun

Walah-walah. .. Aya dalang geuningan... Ngadalang boneka naon, 
Kang? Wayang atawa boneka model Si Unyil atawa Muppet Show? Cikan atuh pedar, 
iraha2 sugan tiasa ditanggap...

On 1/14/08, 
Tessar Wardhana wrote:

Abdi teh Tresna Wardhana... dalang boneka ari

padamelan mah, bahasa kerena mah Puppeteer.

-- 
sikandar
su.wikipedia. org

kumincir.blogspot. com
www.urang-sunda. or.id

!--

#ygrp-mkp{
border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;}
#ygrp-mkp hr{
border:1px solid #d8d8d8;}
#ygrp-mkp #hd{
color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;}
#ygrp-mkp #ads{
margin-bottom:10px;}
#ygrp-mkp .ad{
padding:0 0;}
#ygrp-mkp .ad a{
color:#ff;text-decoration:none;}
--

!--

#ygrp-sponsor #ygrp-lc{
font-family:Arial;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{
margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{
margin-bottom:10px;padding:0 0;}
--

!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a{
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc{
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o{font-size:0;}
.MsoNormal{
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq{margin:4;}
--

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Re: [Urang Sunda] Re: Duh ...Yanti!

2008-01-14 Terurut Topik H Surtiwa
Komo mun teu walakayana pamarentah urang kulantaran aya sabagian ageung anak
bangsa anu ngamumule kaAraban (Arabisme).Mugi2 wae sanes kitu

On 1/15/08, waluya56 [EMAIL PROTECTED] wrote:

Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote:
  Janten emut. Kantos pendak dina KA waktos liburan kamari sareng
  hiji wanoja urang Bandung asli nu linggih di Surabaya. Anjeuna
  kantos janten TKW di Arab Saudi. Saurna, urang Arab teh jarahat*
  teu kaop lepat sakedik-kedik acan, sahaok kadua gaplok.

 Teh Roro, tong boro ka jalmana, dalah ka nagara wae teu ngahargaan.
 Cenah waktu Yanti rek di-eksekusi isukna, KJRI kakara nyaho
 peutingna, kitu oge lain dibejaan ku Pamarentah Arab Saudi.
 Jelas ...ieu NGAHINA, da lamun warga nagara Amerika atawa Eropa mah
 maranehna (Pamarentah Arab Saudi) moal nyapelekeun kitu. Urang
 Philipina bisa demo gede-gedean, lamun aya kajadian kieu teh.

 Tapi meureun ari Bangsa urang mah, geus biasa disapelekeun 

 Eksekusi Yanti Langgar Konvensi Wina

 Selasa, 15 Januari 2008 | 06:25 WIB

 TEMPO Interaktif, Jakarta:Direktur Perlindungan Warga Negara
 Indonesia dan Bantuan Hukum Indonesia Teguh Wardoyo mengatakan
 pemerintah Arab Saudi tidak memberikan notifikasi kepada Kedutaan
 Besar RI di Arab Saudi tentang pelaksanaan eksekusi Yanti, tenaga
 kerja Indonesia.

 Konsulat Jenderal RI di Jeddah mengetahui rencana eksekusi melalui
 Satuan Tugas Konsulat Jenderal RI di Mahayiil, tempat Yanti
 dipenjara pada malam menjelang eksekusi.

 Tindakan tidak memberikan notifikasi kepada kita itu kan melanggar
 Konvensi Wina, kata Teguh kepada Tempo, Senin petang. Pemerintah
 melalui Kedutaan Besar RI di Arab Saudi telah menyampaikan nota
 protes kepada pemerintah setempat terkait dengan kejadian ini.

 Kepada anggota staf yang sempat menemuinya sebelum Yanti dieksekusi,
 kata Teguh, Yanti hanya mengatakan bahwa dia menitipkan anak-anaknya
 kepada suaminya

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Oman Abdurahman
Soal bibit nya Kang Brad? Persis sakumaha eusining postingan si 
kuring kamari soal kadele ieu. Nya da sanajan kuring gundul dina 
pasoalan kadele, ari informasi mah meunang mulungan ti ahli tatanen 
oge. Saha eta ahli teh? Kang Brad ge apal: tukanhg ngadongeng soal 
karuhun ti lengkob G. Tangkubanparahu :)

baktos,
manAR
--- In urangsunda@yahoogroups.com, brad porenges [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

   Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele 
mah bibitna ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu 
lain ahli pertanian, mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu 
gancang keur ngungkulan bates waktu 3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   

   Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina 
nya meureum kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung 
kalembabanana pon kitu ngeunaan parameter-parameter sanesna nu kudu 
dijaga dina binih. Rupina parantos seueur ari studi banding atawa 
hasil panalungtikan mah komo di batur bisa ngahasilkeun jauh tibatan 
di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes parantos seueur di 
urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge 
meureum perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can 
kapanggih ahlina jeung nu beunghar kalawan kareyeng diurang atawa 
tetep perelu lulugu pamarentah?.ah loba pisan alesan mah! 

   hag siah!

   porenges
   anak  tukang tani

   MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
 hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
 (Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
 ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
 urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
 Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
 saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
 kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
 Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
 maksimal. Jadi lamun diitung-itung tai lutung,
 leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
 harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
 harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
 disubsidi, jigana pamarentah geus teu tahan,
 mantuan.
 
 Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
 tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
 impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
 anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
 sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
 eta tetep aya bari hargana harga rahayat.
 
 -
 Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Oman Abdurahman
Sanggeus padungdengan soal kadele kamari, bari siga pajenggut-jenggut 
jeung nu gundul da bubuhan adu renyom ti antara anu lain ahlina, 
kaparengkeun peutingna ngabandungan warta soal ribut-ribut urusan 
kadele ieu dina tv. Analisis anu kamari dijieun siga anu dibenerkeun 
ku naon rupa beja dina tv. 

Yen ayana genjlong soal kadele teh balukar tina 3 hal: 1) jalur 
distribusi anu teu puguh (basa kuring mah: teu aya pengawasan alias 
teu ditertibkeun), 2) harga minyak anu naek, 3) harga dolar anu naek. 
Eta kabeh kusabab urang teh satemenna bangsa anu gumantung oge kana 
kadele, tapi tatanenna teu bisa nyumponan pangabutuh kadele anu 
balukarna nya kudu impor.

Naha bener urang teu bisa swasembada kadele? Kuring rada cangcaya. 
Kaasup cangcaya oge kana pamadegan Menristek anu diposting ku Kang 
Rachmat dihandap ieu. Yen masing kalah kumaha oge bangsa urang moal 
bisa nyumponan pangabutuhna sorangan kana kadele. Sakali deui, lebah 
dieu kuring teu percaya. 

Ceuk warta dina tv, nyutat ti para ahli, kaperluan urang kana kadele 
teh kl 1.600.000 ton per taun. Anapon kamampuh produksi kadele tina 
tatanen urang kl 750.000 ton per tahun. Target Pamarentah ti ayeuna 
ka hareup nyaeta produksi 2.000.000 ton per tahun (maksudna: tatanen 
kadele di urang rek digenjot nepi ka hasilna 2 jt ton/thn). Tah tina 
data target wae geus kabuktian, yen satemenna urang teh bisa ngudag 
produksi kadele anu nyumponan pangabutuh bangsa urang sorangan. 
Kumaha carana?

His, apan ayeuna mah geus aya teknologi. Gemuk awa aya anu mampu 
ngaronjatkeun hasil tatanen antara 40-80%, tur 80% eta gemuk geus 
organik (contona: anu diproduksi jeung dipasarkeun ku Koperasi 
Sarakan). Coba wae urang itung: tina areal anu bisa ngahasilkeun 
750.000 ton per tahun tambahkeun 40%-na (nyokot kamampuh gemuk anu 
panghandapna)= 1.000.000 ton per tahun. Saterusna, teangan deui lahan 
anu bisa dipelakan kadelai. Piraku teu bisa nambahan deui lahan 
tatanenna? Pira oge ukur nambahan kl 300.000 hektar di sakuliah 
Indonesia? 

Data lahan tatanen Indonesia, BPS taun 2002, siga dihandap ieu:

No  Penggunaan Lahan  Luas (Ha)  (%)
1.  Perkebunan19.900.000 29,05
2.  Tegalan atau Kebun13.200.000 19,23
3.  Kayu-kayuan   10.100.000 14,74
4.  Sawah  7.800.000 11,35
5.  Bangunan dan halaman   5.400.000  7,90
6.  Padang rumput  2.200.000  3,16
7.  Tambak   400.000  0,65
8.  Penggunaan lahan terkecil200.000  0,29
9.  Tidak diusahakan sementara 9.300.000 13,63

Piraku Pamarentah teu bisa nyiar lahan kl 300.000 ha anu pas keur 
melak kadele tina jumlah lahan tatanen di Indonesia sakumaha dina 
tabel di luhur? Bade terus impor wae, padahal devisa anu kaluar ku 
alatan impor kadele teh nepi ka ngahontal angka 1 trilyun/tahun? 
Emutaneun urang sadaya. Hese memang keur tingkat individu mah, tapi 
keur tingkat Pamarentah mah asana kudu mampuh ngahontal target 
produksi kadele nasional 2 juta ton per hektar.

baktos,
manAR

--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani 
[EMAIL PROTECTED] wrote:

 Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
 hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
 (Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
 ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
 urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
 Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
 saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
 kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
 Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
 maksimal. Jadi lamun diitung-itung tai lutung,
 leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
 harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
 harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
 disubsidi, jigana pamarentah geus teu tahan,
 mantuan.
 
  baktos,
 
 mrachmat uidipura
 tara ngadaharan kedelai sieun jadi keledai
 
 --- Gan Lesmana [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Leres ari kituna mah Kang Asep ..
  Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae
  kumaha urangna .. da ari ngandelkeun pamarentah
  wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah
  kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
  Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat
  nu bisa ngaroyom masyarakat engkena moal
  diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu
  kudu ulet. Tuh geuningan kabuktosan anu karenging
  kalpataru, apanan eta mah estuning pribadina
  masing-masing, anu mana akhirna diakui ku
  pamarentah. Nu penting aya kagunaannana pikeun urang
  balarea wae 
  Ari sim kuring mah cindekna kusaayeunaeun mah urang
  malikiran keur urangna wae masing-masing ..
  leuwih alus tah lamun aya manfaatna keur balarea
  .. 
  Tah saperkara kacang kadele tea, atuh geus puguh
  geuningan diperlukeun, naha atuh teu bisa katedunan
  ku patani kadele sorangan ...!? Naha beut jadi kudu
  ngimpor ...!? Cingan di mana 

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik waluya56
 Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Piraku Pamarentah teu bisa nyiar lahan kl 300.000 ha anu pas keur 
 melak kadele tina jumlah lahan tatanen di Indonesia sakumaha dina 
 tabel di luhur? Bade terus impor wae, padahal devisa anu kaluar ku 
 alatan impor kadele teh nepi ka ngahontal angka 1 trilyun/tahun? 
 Emutaneun urang sadaya. Hese memang keur tingkat individu mah, 
 tapi keur tingkat Pamarentah mah asana kudu mampuh ngahontal 
 target produksi kadele nasional 2 juta ton per hektar.

Kang Oman, nu beurat teh sigana lain lahanna, tapi masalah nu 
ngagawekeunana. Lamun kadele murah, patani pasti arembungeun melak 
kadele, keur naon, ari euweuh untungna mah? Jadi salian ti 
nyadiakeun lahan, gemuk jeung teknologi sejenna, kudu oge 
dipikirkeun panghasilan para patanina. Sabab didieu koncina.

Sabenerna subsidi ti pamarentah ka sektor tatanen gede pisan, ngan 
nyaeta teu langsung kana hasil produksina, tapi ka pabrik gemuk 
(bahan baku/ gas) jeung infrastruktur (irigasi). Kuduna mah, salian 
ti gemuk jeung infrastruktur, subsidi teh oge langsung kana 
produkna,  beulian ku pamarentah (bulog) ku harga nu nguntungkeun 
patani, tapi terus dijual murah. Pan sarerea ngarasa untung tah, 
patani untung, nu meuli untung da meuli murah.

Tapi duka ketah, bet nyanyahoanan jeung deuih cenah, cara subsidi 
teh ngalanggar pasar bebas. Tapi da dina masalah produk tatanen 
mah, nagara-nagara maju nu ngadukung pasar bebas oge, keukeuh we 
mere subsidi ari kana produk tatanen mah.

Baktos,
WALUYA

[Urang Sunda] Re: Malapetaka 15 Januari

2008-01-14 Terurut Topik Oman Abdurahman
Hatur nuhun Kang Rachmat, artikelna tos diaos, sae pisan. Nyaan 
bengras ari panoong ti nu lian mah, teu dengdek topi.

Aya bagean anu matak narik ati, nyaeta (teuing padalisan ka 
sabaraha), lebah nyaritakeun demo anti Cina di Bandung, taun 1973 
jeung nyabit-nyabit seler Sunda jeung sikep divisi Siliwangi kana eta 
kajadian. Mun teu salah, pamandangan nu nulis lebah kajadian eta kl 
kieu: yen tangtara ti divisi Siliwangi teu pati represif kana demo 
anti Cina di Bandung eta (anu sabenerna- ceuk nu nulisna, ngarupakeun 
tanda-tanda awal kajadian Malari), sabab...aranjeunna oge siga anu 
rada biluk ka sikepo masyarakat, mahasiswa jeung golongan tengah (anu 
nyatujuan/boga lalakon dina eta demo). 

Eta sikep ngarupakeun salah sahiji bukti ayana parebutan kakawasaan 
anu rerencepan antara golongan ABRI anu protes kana politik ABRI 
HMS vs golongan ABRI anu aya dina kulawadet Asprina HMS (anu 
kakawasaanana ngaleuwihan menteri derpartemen jeung pajabat abri 
sejenna). Sugan teu salah kitu oge da macana karek saliwatan.

Kacindekan umum tina padalisan ngeunaan demo Cina di Bandung taun 
1973: Divisi Siliwangi- sok sanjan pangdamna karek diganti (ku 
kelompok Diponegoro) - tetela anggotana mah masih mikirkeun nasib 
bangsa jeung rahayat Indonesia. Kawijakan pangwangunan jeung politik 
ABRI-na HMS harita teu asup kana budaya Div Siliwangi sabab 
ngabalukarkeun rajakaya numpuk di sabagean leutik golongan jelema 
(nyatana gegeden ABRI jeung padagang Cina oge bangsa lian anu 
nanamkeun modalna di Indonesia, utamana Jepang jeung AS). Kitu sugan.

baktosna,
manAR 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani 
[EMAIL PROTECTED] wrote:

 Naon Malapetaka 15 Januari 1974 teh?
 Kumaha pangalaman salah sawios warga jakarta
 dina ping 15 Januari 1974?
 Mangga diilo di http://www.gracias-id.org
 
 baktos,
 
 mrachmat Uidipura
 karya mawa bagja jang sasama
 
__
__
 Looking for last minute shopping deals?  
 Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Re: [Urang Sunda] Re: Malapetaka 15 Januari

2008-01-14 Terurut Topik H Surtiwa
Amun ditingal tina rot causena mah nya ragrag deui kana isme anu dianut ku
bebagey golongan tea lah..Kapitalis bebas jeng HMS plus diktatoriat
Militerna lawan perwira progresif anu leuwih Sosialis teuing demokratisna
mah0...kajadian ieu teu aneh deui di bandung paantos ngabeledug peritiwa 10
Mei 1963 ( nepi ka 3 poe)..Ganyang jeung ancurkeun Cina...kaleresan abdi
ngirngan...tokohna ti Mahasiswa ITB...MNharita zaman Soekarno...pola
na sami..alesan nu beda...ngaranjah samiMiliter Bandung teu galak ka
demonstran..mangkana aksi dugi ka 3 poe..ngarembet ka
Sukabui..Cianjur...

On 1/15/08, Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Hatur nuhun Kang Rachmat, artikelna tos diaos, sae pisan. Nyaan
 bengras ari panoong ti nu lian mah, teu dengdek topi.

 Aya bagean anu matak narik ati, nyaeta (teuing padalisan ka
 sabaraha), lebah nyaritakeun demo anti Cina di Bandung, taun 1973
 jeung nyabit-nyabit seler Sunda jeung sikep divisi Siliwangi kana eta
 kajadian. Mun teu salah, pamandangan nu nulis lebah kajadian eta kl
 kieu: yen tangtara ti divisi Siliwangi teu pati represif kana demo
 anti Cina di Bandung eta (anu sabenerna- ceuk nu nulisna, ngarupakeun
 tanda-tanda awal kajadian Malari), sabab...aranjeunna oge siga anu
 rada biluk ka sikepo masyarakat, mahasiswa jeung golongan tengah (anu
 nyatujuan/boga lalakon dina eta demo).

 Eta sikep ngarupakeun salah sahiji bukti ayana parebutan kakawasaan
 anu rerencepan antara golongan ABRI anu protes kana politik ABRI
 HMS vs golongan ABRI anu aya dina kulawadet Asprina HMS (anu
 kakawasaanana ngaleuwihan menteri derpartemen jeung pajabat abri
 sejenna). Sugan teu salah kitu oge da macana karek saliwatan.

 Kacindekan umum tina padalisan ngeunaan demo Cina di Bandung taun
 1973: Divisi Siliwangi- sok sanjan pangdamna karek diganti (ku
 kelompok Diponegoro) - tetela anggotana mah masih mikirkeun nasib
 bangsa jeung rahayat Indonesia. Kawijakan pangwangunan jeung politik
 ABRI-na HMS harita teu asup kana budaya Div Siliwangi sabab
 ngabalukarkeun rajakaya numpuk di sabagean leutik golongan jelema
 (nyatana gegeden ABRI jeung padagang Cina oge bangsa lian anu
 nanamkeun modalna di Indonesia, utamana Jepang jeung AS). Kitu sugan.

 baktosna,
 manAR

 --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, MRachmat
 Rawyani
 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Naon Malapetaka 15 Januari 1974 teh?
  Kumaha pangalaman salah sawios warga jakarta
  dina ping 15 Januari 1974?
  Mangga diilo di http://www.gracias-id.org
 
  baktos,
 
  mrachmat Uidipura
  karya mawa bagja jang sasama
 
 __
 __
  Looking for last minute shopping deals?
  Find them fast with Yahoo! Search.
 http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
 
[Urang Sunda] Pasanggiri Tarucing Cakra Online

2008-01-14 Terurut Topik Ganjar Kurnia
Jalaran seueurna anu bade janten pamilon pasinggiri tarucing cakra, pihak unpad 
parantos badanten sareng PPSS, pasanggiri teh baris dilaksanakeun dua wangunan. 
Anu kahiji, sapertos anu parantos direncanakeun bade dilaksanakeun langsung 
ping 21 Februari 2008 Jam 09.00 di Aula Unpad, Jl. Dipati Ukur 35.

Wangunan anu kadua nyaeta Pasanggiri Tarucing Cakra Online. Waktosna 
kinten-kinten saminggu sateuacan 21 Februari tea. Lamina pasanggiri, 
kinten-kinten 2 jam. Anu janten patarosan, sareng nyuhunkeun kamandang, nyaeta 
waktos anu pas. Naha dina dinten saptu -- minggu, atanapi dinten damel (maklum 
aya keneh anu ngagunakeun internet kantor) sareng tabuh sabaraha? 

Kumargi online, pamilonna tangtos tiasa saalam dunya. Sarat-sarat teknis, nuju 
disiapkeun ku panitia.

Nuhun.

_ 
Ne gardez plus qu'une seule adresse mail ! Copiez vos mails vers Yahoo! Mail 
http://mail.yahoo.fr

Re: [Urang Sunda] Pasanggiri Tarucing Cakra Online

2008-01-14 Terurut Topik kumincir
Usulan abdi mah, pasanggiri online oge diwatesan bae waktosna, malih upami
bade dibarengkeun prungna jeung nu di darat, sacara teknis mah tiasa bae
panginten. Jadi, Eta pasanggiri anu online teh mung tiasa diakses dina
waktosna, sarta baris otomatis ditutup dina waktos anu tos ditangtoskeun
oge. Pamilonna tiasa diwates, tiasa oge henteu.

On 1/15/08, Ganjar Kurnia wrote:

Wangunan anu kadua nyaeta Pasanggiri Tarucing Cakra Online. Waktosna
 kinten-kinten saminggu sateuacan 21 Februari tea. Lamina pasanggiri,
 kinten-kinten 2 jam. Anu janten patarosan, sareng nyuhunkeun
 kamandang, nyaeta waktos anu pas. Naha dina dinten saptu -- minggu, atanapi
 dinten damel (maklum aya keneh anu ngagunakeun internet kantor) sareng tabuh
 sabaraha?

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Tatang Sariman
Ngiring nambihan sakedik baraya.
   
  Waktos aki tams ngiring grup Koperasi unpad kapungur tahun 1984 jalan-jalan 
ka daerah Jawa tengah sareng jawa timur, dina raraga salah sawiosna 
panalungtikan kirangna kacang kedelai nasional. Teu kirang ti para dedengkot 
koperasi, malih penasehat menteri koperasi jaman bapa Bustanil Arifin, Prof 
Hannel ti Jerman oge ngiring sa Bus. Salah sawios daerah sentra kedele sareng 
bawang beureum di Gerobogan tiasa ngahasilkeun paling sae di Indonesia waktos 
harita. 
   
  Hanjelu teu nalungtik masalahna dugi ka masalah ayana mafia sareng anu 
sanesna, mung anu masih emut teh satiap tahun Indonesia kakirangan kedele 600 
ton. Hanjelu pisan masalah eta tos 20 an tahun masih keneh wae can tiasa beres? 
 
  Hasil panalungtikan teh rupina disimpen bae di perpustakaan unpad, departemen 
koperasi, lmfe unpad, mungkin oge di individu2, tapi teu jadi bahan dasar 
kaputusan anu dibendo, sanaos diangge oge sigahna kirang keneh merhatoskeun 
faktor jumlah sareng kualitet anu janten konsumen. Pabrik2 susu kedele, 
kecap, tahu sareng tempe, teras nambihan da puguh jumlah jalmina oge teras 
nambihan satiap waktos. 
   
  Anu dibendo oge kalintang lepatna, manghanjelukeun naha masih mihak bangsa 
sejen (patani amrik) tibatan patani urang sorangan. Upami kacang kedele 
disubsidi, tangtos anu nampi eta subsidi teh patani amrik da ngimpor ti ditu. 
Cobi bentenkeun saupami mihak patani urang, anu nampi subsidi sareng tetesanana 
teh pasti urang. Naha dina wujud subsidi pupukna, bibitna, sareng sajabina. 
   
  Harita waktos ka jawa tengah sareng jawa timur teh memang sanes khusus noong 
koperasi anu usahana dina kedele wae tapi oge gula tiwu, karajinan, tabungan 
sareng pinjaman. Janten hasilna kirang fokus, saena diteraskeun langkung 
khusus, supados masalahna tiasa diberesan, kalawan masalah anu sami teu 
kajantenan katetersan, sigah keledai anu bodo tikosewad kana batu anu sami, 
dina hartos anu sanes kaputusan anu dibendo langkung bodo tibatan keledai anu 
bodo, hatur punten ieu mah heureuy wae.
   
  Upami leres aya mafia/calo, sigahna kucara ngagabung naha patani kedelena oge 
pengrajin / industri anu nganggo bahan baku kedele teh langsung urusan usahana 
teu kedah aya tangkulak. sami2 kompak tahan uji ku lilito ijon. Pasti tiasa teu 
sigah ayeuna, margi pasarna tos jelas aya anu nampina, produkna oge pasti seep 
margi tos budaya naruang tahu tempe. Cingan sok atuh tiasa teu sasarengan usaha 
dina wujud koperasi anu diamantkeun ku UUD 45. Pan upami sasapu ku hiji nyere, 
pamohalan anu kotor jadi beresih da hese, tapi upami nyerena dihijikeun 
dibeungkeut, sasapuna jadi gampil hasilna anu kotor jadi beresih, sanes kitu? 
(sangem Dulsumbang -- nya heueuh).