Re: [Urang Sunda] Ulin ka Cijambu Sumedang

2009-01-06 Terurut Topik mj

sigana cap atuda. sumedang mah sakiceup nepi. banjar mah sigana rada jauh. kudu 
liwat tilu kabupaten sagala. garut tasik ciamis. haha. sakabupaten eta teh 
legana leuwih gede tibatan singapura. haha. 

tapi dua tilu kali mangsa mah, aya hadena ka banjar, the east border, sakalian 
ka situs karang kamulyaan, terus ka ka situs gunung susuru, caket makam prabu 
dimuntur di kertabumi-, nu turunana ayeuna di telkom gerlong, kang soni 
bolotot.com. di kertabumi oge aya pabukon, di bumina pangsiunan kepala sekolah 
SD kang soni.  nambahan buku2na mangga we kang soni. hehe.

miangna liwat panjalu, ka situ heula ningal kalong, terus ka astana gede 
kawali, terus ka ciamis, pendak heula jeung raja surili, kang godi suwarna tea, 
sangkan ngeunah seuri. haha..

tos lumayan pabukon teh, kari program nambahan...

--- Pada Sel, 6/1/09, mamat  menulis:
Dari: mamat 
Topik: Re: [Urang Sunda] Ulin ka Cijambu Sumedang
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Selasa, 6 Januari, 2009, 2:37 PM














Uing mah rada sirik ka si Ua..
Ari ka Sumedang dilongok
Ari ka Pabukon di Banjar acan..
Rek iraha Ua atuh aya waktos bade ka 
Banjar
Sakantenan Kang Bowo oge bade ka Banjar 
cenah..
Hayu lah... keun walungan Citanduy mah 
bade dikosongkeun ulah aya anu make, 
Bisi Ua hayang ngojay.. .
Lah ari jengkol-jengkol kitu mah aya 
lah...
Rek Jengkol, peuteuy, daun cikur jeung dage-na, 
angeun turubuk, etamah deungeun sangu standard...heug apal aya 
lah...
 
Nuhun, diantos..
 
NB : Ka Ua Aang bilih bade ngring, sakantenan 
ngalongok he..he.. he..
 
Wass : Mamat Rachmat
 
 
 
 
 

 

















  Jatuh cinta itu seperti apa ya rasanya? Temukan jawabannya di Yahoo! 
Answers! http://id.answers.yahoo.com

[Urang Sunda] [OOT] Nyuhunkeun Ngaran Sunda Jeung Hartina...

2009-01-06 Terurut Topik Dade Thea
Ass. Punten ka sadayana...
Sim kuring nyuhunkeun bantosan yeuh...
Insya Alloh mun kapareng bade janten Bapa jigana mah... he..he..
Tah kahoyong mah ngaran budak teh hayang ngaran sunda (anu sae tangtuna..maklum 
nembean ieu teh...)
Ka para sehu mung tiasa mah pang bantosankeun sim kuring lah nami budak tina 
basa sunda sareng hartosna.
Upami tiasa 20 kanggo pameget teras 20 kanggo istri ke diseleksi he..he.. 
(kawas ujian wae)
tos milarian (teu acan maksimal sih...) salah sahijina tina kamus, mung abong 
urang kampung aya nami anu katelahna sae tina basa sunda jeung gaya tapi 
hartina teu ngarti jadi bingung ieu teh (bingung tingkat tinggi.. caritana 
mah...)
Daripada gaya tapi artina aneh mending naros kanu ngarti we ah bisi salah...
Tah ku kitu sakali deui bantosan ka sadayana...
sateuacanna sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun.
Cag Ah...
Wass.


  

[Urang Sunda] Leuweung beuki bulistir

2009-01-06 Terurut Topik dhibarhyza
Ti ngawitan presiden SBY ngumumkeun konversi BBM ( Minyak tanah ka Gas
)Meni asa bungah , komo ditambihan iklan ibu nagara nu ngajak sadaya
rahayat nganggo Gas , teras memang meni kayungyun dugika di pasihan
tiap KK ku pasilitas tabung + komporna Alhamdulillah
ayeuna sim kuring mung tiasa ngadu'a , mugi ieu nagara tong waka ancur
ayeuna ... kumaha teu nyeri hate ninggali nu jadi dulur di lembur
ngunderan kai jang suluh ... pasir geus bulistir da pihak ka tilu
ngabalorongan kai anu jadi sumber serapan cai "Memang
kompor+tabung mah aya tapi kamana nyiarna ari dikampung kawas kieu
jang"...pun aki cumarita bari ngalimba,tangkal kai leutikmah tong
dicaturkeun tos seep dulur dulur kanggo Konversi Gas Kana SULUUH 



[Urang Sunda] Re: [OOT] Nyuhunkeun Ngaran Sunda Jeung Hartina...

2009-01-06 Terurut Topik agus hermawan
Tangtos bingah pisan upami tiasa ngabantos masihan nami ka hiji orok.
Tapi da sakaterang abdi mah kedah dietang kang, ngarumus nami teh.
Unsur-unsurna di antawisna: iraha lahirna budak teh? wanci naon?
dinten naon? awewe anatapi pameget? naon tanda-tandana? jrrd
Tah ti dinya, Insya Allah, urang bakal terang kira-kira watak budak
urang. Naha geni nu sumanget tapi gede ambek, awan nu luas elmu
pangalana ludeungan, kalakay epes meer jeung handap asor, laut nu luas
pengetahuana, gunung nu nangtung kakoncara, atanapi taneuh nu iklas
ngorbankeun diri demi mangfaat keur batur,

Atuh cenah ari budak lahir keur usum kieu mah kade akang mah
wanti-wanti tong dinamian Rahayu Contreng Caleg atanapi Sarwa Nerekel
Pangaos.. nya? 



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dade Thea  wrote:
>
> Ass. Punten ka sadayana...
> Sim kuring nyuhunkeun bantosan yeuh...
> Insya Alloh mun kapareng bade janten Bapa jigana mah... he..he..
> Tah kahoyong mah ngaran budak teh hayang ngaran sunda (anu sae
tangtuna..maklum nembean ieu teh...)
> Ka para sehu mung tiasa mah pang bantosankeun sim kuring lah nami
budak tina basa sunda sareng hartosna.
> Upami tiasa 20 kanggo pameget teras 20 kanggo istri ke diseleksi
he..he.. (kawas ujian wae)
> tos milarian (teu acan maksimal sih...) salah sahijina tina kamus,
mung abong urang kampung aya nami anu katelahna sae tina basa sunda
jeung gaya tapi hartina teu ngarti jadi bingung ieu teh (bingung
tingkat tinggi.. caritana mah...)
> Daripada gaya tapi artina aneh mending naros kanu ngarti we ah bisi
salah...
> Tah ku kitu sakali deui bantosan ka sadayana...
> sateuacanna sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun.
> Cag Ah...
> Wass.
>




[Urang Sunda] Mari Gabung Ayah-Bunda-Anak

2009-01-06 Terurut Topik Edwin Massie
Halo,

Saya mengajak anda utk bergabung dalam klub Ayah bunda dan Anak di:
ayah-bunda-anak-subscr...@yahoogroups.com 

Dalam klub ini kita dapat berdiskusi seputar dunia ayah bunda dan anak mulai 
dari pasangan muda, kesehatan, gizi, makanan sehat, kehamilan, kelahiran, 
penyakit & pengobatannya, kiat/tip sehat, persiapan menjadi ayah dan ibu sampai 
penanganan anak/balita.

Dunia Ayah Bunda dan anak adalah dunia yang susah susah gampang krn itu 
diperlukan pengalaman dan tip tersendiri, dan semua itu bisa didapatkan dengan 
cara berbagi dan berbagi dengan orang lain yang lebih tahu dan berpengalaman. 
Dapatkan semuanya itu dalam klub milis ini.

Gabung, silahkan kirimkan e-mail ke:
ayah-bunda-anak-subscr...@yahoogroups.com 

Salam



 


  

[Urang Sunda] Nami nu sae kanggo orok nganggo Bahasa Sunda

2009-01-06 Terurut Topik febrian77
Hapunten nembe nyerat deui didieu, Bade nyuhungkeun bantosan..Tadi
siang tabuh 11.18 WIB, Pun bojo teh ngalahirkeun putra anu kadua..sim
kuring kabagian milarian nami kanggo orok..kinten - kinten aya nu
terang dimana kuring tiasa milarian alamat URL nu eusina kumpulan nami
- nami kanggo orok?Hatur nuhun kasadayana...



RE: [Urang Sunda] salam kenal....

2009-01-06 Terurut Topik Indriani Suryadi
Wa"alaikumsalaam

abdi ge bd nepangkeun, namimah indri ti padalarang. Ari bapa asli sunda tp
pun emamah ti betawi.manawi hapunten we upami bahasana rada teu
nyararambung.

Ayeuna nuju damel di idemitsu karawang.

Hoyong pisan tiasa nyarios bahasa sunda sae siga pun biang..

 

Wassalam

 

indri 

 

 

 

  _  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of adi
Sent: Tuesday, January 06, 2009 11:49 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] salam kenal

 

asalamu'alaikum sampurasun.

 

akang-akang, eteh-eteh pokona kum bae ka baraya sadayana urang babakan
kusnet

manawi bahan katampi, sim kuring bade nyobian ngiring ulubiung di ieu kusnet

langkung ti payun sim kuring bade nepangkeun, wasta: ady kawit ti sumedang,
ayeuna nuju ngumbara di jakarta.

hatur nuhun.

 

salam

 

ady thea

 



RE: [Urang Sunda] salam kenal....

2009-01-06 Terurut Topik Panzi
nepangkeun oge teh indri... abdi pun panzi pituin urang bandung,
ayeuna nuju damel di PT Inti Pindad Mitra Sejati Bandung,


teu kedah isin2 bade nyarios sunda mah, keun we teu nyambung sakedik 2
kedik mah, khusus kanggo teh indri mah biasana sok aya nu ikhlas
nyambungkeunana geura Insya Allah abdi oge ikhlas da... hehehe...


-panzi-
**miheulaan kang kumi :D




> Wa"alaikumsalaam
>
> abdi ge bd nepangkeun, namimah indri ti padalarang. Ari bapa asli sunda tp
> pun emamah ti betawi.manawi hapunten we upami bahasana rada teu
> nyararambung.
>
> Ayeuna nuju damel di idemitsu karawang.
>
> Hoyong pisan tiasa nyarios bahasa sunda sae siga pun biang..
>
>
>
> Wassalam
>
>
>
> indri
>
>
>


-- 
ᮔ᮪ᮐᮤ


Re: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!, NGISER KA PANDAY DOMAS.

2009-01-06 Terurut Topik MSasmita
Hampura Mang J teu ngajak harita teh, lain nanaon da ngadadak ras jig pedah eta 
cek Agung hayu urang nagliwet di lembur. Kabeneran budak pere keneh, sakalian 
ngajak kang Atep pedah keur di Kliningan,  nya ngemprid we ka Cijambu, 
itung-itung piknik tea.
Enya sabenerna mah hayang pisan ka Banjar teh, bari aya longokeun di Kang AIS 
di pakidulan, majarkeun aya nu sok nyieun bedog masih tradisional keneh. Ngan 
meureun ka Banjar mah teu bisa ukur sapoe sahenteuna kudu peuting.
Hampura we euy ka Kang Mamat Rachmat lain teu inget, sigana mah kudu 
dirarancang ti anggalna keneh, ambih boga bekel jeung sapuratina.

Sakalian posting ieu mah, apan kuring teh keur tatahar nulis perkara bedog, 
parabot atawa pakarang tina beusi, ari nu maher nyieun sarupaning parabot tina 
beusi sok disebut panday. Dina carita buhun Ciung Wanara (meureun ieu teh 
kaasup folklore nu aya pakaitna jeung mitos), aya kasabit-sabit panday domas. 
Jaman buhun panday (cek urang Sunda), empu (cek Jawa), boga kalungguhan nu 
dimulyakeun (kabaca dina History of Java, Raffles). Aya nu nyebut panday domas, 
aya nu nyebut panday kawasa, eta keneh eta keneh. Tah didieu nu rek ditepikeun 
teh hartina domas, dina Kamus Jonathan Rigg domas teh hartina dalapan ratus, 
domas wancahan tina dua-mas (dwa mas), aya kecap samas dibaca sa-mas, ari mas 
hartina opat ratus. Dina KUBS LBSS, dina Kamus Satjadibrata, Kamus 
Hardjadibrata, Kamus Danadibrata sarua nyebutkeun hartina domas teh dalapan 
ratus, ngan henteu nyebut kecap samas. Kumaha hartina lamun dina Arca Domas, 
Salaka Domas, Kawah Domas naha sarua hartina dalapan ratus, tah dina ieu mah 
teu kakobet, ngan kuring boga anggapan, sarupaning nu loba, nu gede, nu luhung, 
bisa disebut domas. Domas cenah mah basa Sunda arkaik, basa Sunda nu geus teu 
dipake deui, buhun.
Dina History of Java, disebutkeun 800 panday, dina Wawacan Sajarah Galuh Edi S 
Ekajati disebut dalapan puluh panday, dina Sajarah Jawa Barat Yoseph Iskandar 
799 (panday domas kurang hiji). Hal panday domas kungsi ditalungtik ku Adrian 
Linder, etnograph, ngan pamustunganana Linder siga nu serah bongkokan, teu 
manggih cenah. 
Dina sejarah, Majapahit teu kungsi ngajajah Sunda, padahal nampeu, alesanana 
bisa lantaran dianggap dulur atawa pedah kuat, kuat hartina dina widang 
pertahanan (militer), ari kuat dina pertahanan tangtu kuat senjatana, senjata 
dijieun ku panday. Matakna teu aneh kalungguhan panday kacida dihormatna, eta 
mangsa bihari. Mangsa kiwari panday mindeng disebut tukang, malah disebut 
pengrajin. didieu aya pergeseran kedudukan sosial.Parabot beunang nyieun panday 
sok disebut karya kriya, karya nu boga ajen estetis tapi teu leupas tina fungsi 
( digunakeun dina kahirupan sapopoe). Tah ngiserna kalungguhan panday ieu nu 
keur rada dikotektak, nu karasa hese teh eta pedah dina jero-jerona hate para 
pengarajin panday teh bet aya keneh cumantel ka panday domas, sok sanajan teu 
togmol nyebutkeun panday domas. Nu kitu teh utamana mah nu ngarasa boga turunan 
ti luluhurna, siga turunan Aki Padma di Ciwidey.
Tah baraya, bilih ieu mah, bilih gaduh kenalan atanapi saderek nu janten 
panday, manawi aya cariosna kumaha luluhurna naha aya keneh cumantel ka panday 
domas atanapi ka panday kawasa.
Htur nuhun.

MSas


  - Original Message - 
  From: mangjamal 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, January 06, 2009 1:18 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!


  Nuhun Ua laporanana. wios teu ngajak oge, da kamari teh ngawitan deui
  abdi ngulampreng ka pangulinan. hehe.

  YP ayeuna aya dana 5jutaan. donatur matuh duaan, ua Djatnika
  Puradinata di jakarta sareng kang Dhani Drajat di Riau (duka dimana
  ayeuna, baheula ma di caltex, caltex ayeuna ganti chevron)transfer
  otomatis ka rek bank. nu oge rajin, nuhun pisan, apih Siddik di Seoul
  Korea. 

  tah kumargi kitu, ka urang Sumedang nu masih keneh tandang nyandang
  kahayang, mangga terasna mah dieuyeuban tah pabukon Cijambu teh. YP
  mah, kumargi danana heureut keneh -si uingna salah pacabakan, ngadon
  jadi dosen, kuduna jadi pangusaha- ngan nembe tiasa janten trigger
  atawa nu munggaran muka atawa ngirim buku. 

  kanu bade, tiasa langsung, boh buku2na atanapi atahna, 
  ka Agung Yulianto, 
  ngangge alamat majalah basa Sunda Cupumanik, nu rohangan nu legana
  mah, Perpustakaan Pusat Studi Sunda, 
  Jl. Taman Kliningan II no 5 Bandung. Hpna, 081320933433

  ka urang Sumedang, sok atuh Tandang!

  kitu deui pabukaon sanes nu peryogi tambihan buku, di salah segenep
  tempat di Garut aya nu peryogi tambahan oge, kaleresan seksi ingkigna
  aya, kang Irpan Rispandi.

  nya YP oge ngeureuyeuh meseran buku kintunkeuneun. 



  - Original Message - 
  From: mamat 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, January 06, 2009 2:37 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Ulin ka Cijambu Sumedang
  Uing mah rada sirik ka si Ua..
  Ari ka Sumedang dilongok
  Ari ka Pabukon di Banjar acan..
  Rek iraha Ua atuh aya wa

[Urang Sunda] Kasim alias Kabiri

2009-01-06 Terurut Topik Waluya
Bongan sarepi wae, rek ngadongeng perkara kabiri ah. Jaman baheula ngabiri 
jalma hal nu biasa
dilakukeun pangpangna di Timur Tengah jeung di China. Nu dikabiri biasana
budak belian. Dina situs "All About Turkey"
(http://www.allabout turkey.com/ harem.htm) diterangkeun kumaha cara ngabiri
lalaki di jaman Kasultanan Turki Ottoman. Ngabiri lalaki biasa dilakukeun ka
budak nu acan akil baleg. Aya tilu cara:

1. Kabeh organ reproduksina dipotong ku peso seukeut pisan, terus dina
saluran kiihna (urethra) dipasangan pipa (tina timah atawa kai). Keur
ngeureunkeun aliran getih dipengpek ku minyak ngagolak jeung pasien nu
dikabiri dibebeskeun kana tumpukan tai sato nu masih seger. Pasien dibere
diet susu. Lamun nu dikabiri acan puber, biasana bisa cageur deui. Ngabiri
model kieu disebut SANDALI (Clean-Shaven) .

2. Ngabiri ku cara motong penisna wungkul. Teu ngaleungitkeun nafsu birahi
sanajan "alat"na geus euweuh. Kadieunakeun sanggeus katimu karet
(caoutchouc) lalaki nu di kabiri model kieu, ngamanfaatkeun karet ieu keur
nyalurkeun kahayang birahina.

3. Ngaleungitkeun siki kanj alias testicle. Ieu ngaleungitkeun nafsu
birahi.

Di Kasultanan Turki Ottoman, umumna nu dikabiri model SANDALI (Clean-shaven)
budak beulian urang hideung sedengkeun budak belian kulit bodas (bule/ pias)
umumna dikabiri model 2 jeung 3. Kulantaran dikabiri "bebeakan" teu
disesakeun, budak hideung ditempatkeun di tempat HAREM (tempat para awewe
karajaan, kaasup para selir Sultan, mungkin sarua jeung kaputren di urang).
Ari lalaki kabiri kulit bodas ditugaskeun dina tugas-tugas pamarentahan
(dijauhkeun ti kaum Hawa), meureun kulantaran dikabirina kurang sampurna,
komo lamun dikabiri ukur dipotong penisna wungkul mah.

Lengkep dongengna aya dina situs "All About Turkey". Kade ieu situs lain
situs propaganda keur ngagogoreng kasultanan Turki Ottoman, tapi situs iklan
parawisata meunang urang Turki sorangan sabab ayeuna istana para sultan di
Istambul teh jadi obyek wisata .

Baktos,
WALUYA



Re: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!, NGISER KA PANDAY DOMAS.

2009-01-06 Terurut Topik mamat
Enya Ua sas, ka Banjar mah sigana kudu direncanakeun rada serius, komo lamun 
nyeuweu kana usulan MJ mah, nguriling ka Panjalu sagala...
Soal ngererebmah gampanglah di Imah Kolot Uing wae di Banjar...
Biasana mun lebaran MJ sok lapor 'Kuring keur di Ki lanceuk Banjar'
Taun ieu mah euweuh lapor.Teuing teu ka Banjar, teuing pohoeun 'wajib 
lapor' kanu ngageugeuh Onom...

Perkara Bedog, Uing ayeuna keur pesen Bedog di Ciwidey (?) ngan bahana rada 
aneh.. tina LAHER anu gede...
Lingkaran luarna keur bedog, lingkaran jerona keur peso, 
Da Uing ukur nitipkeun duit keur nyieuna ka babaturan Urang BI Bandung, bahanna 
oge ti manehna urut AC cenah
Ke arek ditalungtik sing bener

Cag Ah

NB : Kamana Ua Aang nya ?,
   Ayeuna Ua Aang damelna BNI, (Bagean Ngasuh Incu...), sibuk meureun..

Wassalam
Mamat Rachmat Mantan Jajaka Kapaksa



  - Original Message - 
  From: MSasmita 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, January 07, 2009 9:26 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!, NGISER 
KA PANDAY DOMAS.



  Hampura Mang J teu ngajak harita teh, lain nanaon da ngadadak ras jig pedah 
eta cek Agung hayu urang nagliwet di lembur. Kabeneran budak pere keneh, 
sakalian ngajak kang Atep pedah keur di Kliningan,  nya ngemprid we ka Cijambu, 
itung-itung piknik tea.
  Enya sabenerna mah hayang pisan ka Banjar teh, bari aya longokeun di Kang AIS 
di pakidulan, majarkeun aya nu sok nyieun bedog masih tradisional keneh. Ngan 
meureun ka Banjar mah teu bisa ukur sapoe sahenteuna kudu peuting.
  Hampura we euy ka Kang Mamat Rachmat lain teu inget, sigana mah kudu 
dirarancang ti anggalna keneh, ambih boga bekel jeung sapuratina.


   
.
 


   *
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
* 

*
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
*


[Urang Sunda] Fw: 150 Taun Teori Evolusi

2009-01-06 Terurut Topik Waluya
Taun 2009 ieu panceg 150 taun umurna Teori Evolusi. Tah kumaha saenggeusna 
umurna 150 taun? Nyanggakeun artikel meunang copy-paste ti Kompas dinten 
ieu:

IPTEK

Evolusi Darwin 150 Tahun Kemudian

Rabu, 7 Januari 2009 | 03:00 WIB

NINOK LEKSONO

"Seorang amatir (dari zaman) Victorian mengabdikan diri untuk pengamatan 
yang pelan dan saksama dan berpikir tentang jagat alam sepanjang hidup, lalu 
mencetuskan satu teori 150 tahun silam, yang masih menggerakkan agenda 
ilmiah dewasa ini."
Gary Stix, "Scientific American", 12/2008

Membaca jurnal sains Cosmos (Desember 2008/Januari 2009), yang secara khusus 
mengupas masalah evolusi, pembaca diajak menjelajahi seluk-beluk 
evolusi-bagaimana riwayat kelahiran teori yang terus menggerakkan debat 
ilmiah hingga hari ini, bukti-bukti evolusi, dan juga pandangan mutakhir 
yang menyebut evolusi tampaknya telah berakhir.

Selain Cosmos, jurnal lain yang mengupas evolusi secara mendalam, juga 
warisan ilmiah yang ditinggalkan Charles Darwin, adalah Scientific American 
(Desember 2008), yang intronya dikutip di bagian awal tulisan ini. Keduanya 
mengangkat Darwin dan evolusi bertepatan dengan peringatan 200 tahun Darwin 
dan 150 tahun teori evolusi yang ia kemukakan.

Orang kini menyebut teori evolusi secara begitu saja, tetapi tak disangsikan 
lagi, inilah teori yang mengalami ujian paling dahsyat sepanjang masa. Atas 
dasar itu pula, orang melihat Darwin sebagai salah satu sosok yang menjulang 
di dunia sains, yang idenya telah mengubah dunia.

Kini teori evolusi sudah bertahan 150 tahun, dan pada sisi lain teori itu 
telah bertambah luas seiring dengan berkombinasinya ide yang dicetuskan 
Darwin dan genetika.

Darwin berangkat untuk pelayaran ke Kepulauan Galapagos tahun 1835 dengan 
kapal HMS Beagle. Kepulauan yang masuk dalam wilayah Ekuador ini terletak 
1.000 kilometer dari Amerika Selatan. Lokasi yang dianggap sebagai "museum 
hidup dan lemari pajangan evolusi" ini telah dinyatakan sebagai pusaka dunia 
oleh UNESCO. Wilayah yang terisolasi secara ekstrem ini-dan ditandai oleh 
aktivitas seismik dan vulkanik-menyimpan kehidupan yang unik. Antara lain 
iguana darat, penyu raksasa, dan sejenis burung kutilang (finch) yang 
menjadi subyek pengamatan Darwin.

Meski dikelompokkan sebagai burung yang sama, atas bantuan ahli burung dan 
seniman John Gould, berikutnya diketahui bahwa kutilang yang dibawa Darwin 
sebenarnya merupakan spesies yang berlainan.

Dari pekerjaan Gould, Darwin mengerti bahwa ukuran paruh kutilang berubah 
generasi demi generasi sesuai dengan ukuran biji-bijian atau serangga yang 
mereka makan di pulau-pulau-di Galapagos ada 19 pulau-yang berlainan.

Apa yang ia amati itu ia catat dalam "The Voyage of The Beagle" yang 
diterbitkan setelah Darwin kembali ke Inggris tahun 1839. Darwin 22 tahun 
kemudian menerjemahkan pemahamannya atas adaptasi kutilang tersebut ke dalam 
satu teori evolusi. Teori ini menegaskan adanya seleksi alam untuk 
memastikan bahwa ada sifat-sifat lebih unggul yang bertahan dari generasi ke 
generasi.

Fitur inti Teori Darwin-seperti telah disinggung di muka-telah bertahan dari 
kajian kritis dari kritikus ilmiah dan religius.

Sisi lain Teori Darwin

Pada satu hari di bulan Juni 150 tahun silam, di rumahnya di dekat London, 
Darwin membuka amplop surat yang dikirim dari satu pulau yang kini ada di 
Indonesia. Pengirim surat itu adalah Alfred Russel Wallace, kenalan muda 
yang menambah penghasilan dengan menjadi kolektor biologi, yang rajin 
mengirim kupu-kupu, burung, dan spesimen lain ke Inggris. Namun, kali itu, 
Wallace mengirim serta manuskrip 20 halaman, sambil meminta Darwin 
memperlihatkannya kepada anggota lain komunitas ilmiah Inggris.

Darwin membaca manuskrip tersebut dengan horor karena Wallace juga sampai 
pada teori evolusi seperti yang dikerjakannya, tanpa menerbitkan satu kata 
pun, selama dua dekade terakhir. Darwin dilanda kebimbangan hebat, dan 
sempat terpikir olehnya untuk memusnahkan karyanya sendiri.

Pemikiran evolusi Darwin acap disebut sebagai "Darwinisme", yang juga 
melambangkan pandangan sekitar evolusi. Namun, seperti dicatat Richard 
Conniff di Cosmos, awal mula pandangan ini bukan dari Darwin atau Wallace. 
Pandangan tentang asal-usul manusia dari primata, misalnya, sudah muncul 
sejak 1699, ketika seorang dokter asal London, Edward Tyson, membedah 
simpanse dan mendapati anatomi makhluk ini amat mirip dengan manusia.

Kakek Darwin sendiri, Erasmus Darwin, di tahun 1770-an sudah menyatakan 
bahwa berbagai spesies yang berbeda-beda berkembang dari satu leluhur yang 
sama. Ia bahkan memasang moto Latin "E conchis omnia" (Segalanya berasal 
dari kerang) di kereta kudanya.

Bisa pula dicatat bahwa pada tahun 1801 naturalis Perancis, Jean-Baptiste 
Lamarck, mengajukan bahwa spesies-spesies bisa berubah merespons kondisi 
lingkungan. (Ada yang bisa bertahan dari penyakit, kelaparan, pemangsaan, 
dan faktor lain, tapi ada juga yang tak bisa bertahan, oleh Darwin disebut 
dengan "seleksi alam", semen

[Urang Sunda]

2009-01-06 Terurut Topik inu
Halo,

Saya mengajak anda utk bergabung dalam klub Ayah bunda dan Anak di:

ayah-bunda-anak-subscr...@yahoogroups.com 

Dalam klub ini kita dapat berdiskusi seputar dunia ayah bunda dan anak
mulai dari pasangan muda, kesehatan, gizi, makanan sehat, kehamilan,
kelahiran, penyakit & pengobatannya, kiat/tip sehat, persiapan menjadi
ayah dan ibu sampai penanganan anak/balita.

Dunia Ayah Bunda dan anak adalah dunia yang susah susah gampang krn itu
diperlukan pengalaman dan tip tersendiri, dan semua itu bisa didapatkan
dengan cara berbagi dan berbagi dengan orang lain yang lebih tahu dan
berpengalaman. Dapatkan semuanya itu dalam klub milis ini.

Gabung, silahkan kirimkan e-mail ke:

ayah-bunda-anak-subscr...@yahoogroups.com 

Salam



[Urang Sunda] Sampura sun kulan

2009-01-06 Terurut Topik aku ikut
Simkuring nembe pisan antel jeung Milist Urang sunda. tiditunamah simkuring
ngawanohkeun maneh, Ngaran simkuring Ajo kemod.
Hobi ngan macabuku we jeung nulis
Di damel : Journalist lah ceuk si uhe mah bari ngacay

Haii...sakadang warga anu miluan milist, cing naon hartina milist ku bahas
sunda, lain silaing urang usnda.sok jarawabnya ku maraneh kotektak tah
milist naon hartina.

Wassalam
ti kang Kemod thea


[Urang Sunda] Re: [OOT] Nyuhunkeun Ngaran Sunda Jeung Hartina...

2009-01-06 Terurut Topik mangjamal

di imah kolot aya ngaran dua budak nu hurup hareupna J, alesanana mah
teu pira, pedah wedalna poe jumaah. nu hiji si kuring, nu kadua
panengah arjunana imah, jenal-nu ayeuna di tumbilaloka. maksudna, eta
salah sarebu cara kolot nyieun ngaran anakna. sanajan ayeuna semu
keuheul, sabab teu bisa atawa hese ka amerika, da geus boga cap ngaran
arab mah teroris atawa barayana. haha.

aya oge kusabab ngaran teh mangrupa du'a. ki adi di balikpapan eta,
boga anak lalaki. ngaran budakna, lalaki, fathur rizky (hartina cenah
rizky nu kumpul) tukangna di bere ngaran hadiwijaya. lain ngaran
kulawarga, tapi cenah eta teh urang galuh nu pinter pisan 
baheula-asana kungsi jadi menteri pertanian, alumni ipb. 

saumur nyunyuhun hulu, geus mere ngaran opat kali. dua mah ka anak
sorangan. dua ka anak bibi jeung kapi lanceuk. nu hiji mah, sabab
lahir bulan agustus, lalaki, nya aya kecap Mahardika, kecap awal
merdeka. pikeun pangeling-ngeling. sanajan biasana nu bulan Agustus
mah ngarana, biasana, Agus. maksudna, ieu tanda atawa pangeling-eling
bulan wedal. bisa oge poena, cara si kuring. Jumaah (kliwon) jadi
Jamal. heuheu.

aya deuih nu make ngaran anak ti sajarah. cara kang Ajip Rosidi, salah
sahiji anakna di bere ngaran Rangin Sembada. Rangin ti Bagus Rangin.
aya deui nu jadi dosen di Jepang, nu ieu mah Uga Perceka. 
nya eta mah pangeling-eling jeung oge du'a.




> --- In urangsunda@yahoogroups.com, Dade Thea  wrote:
> >
> > Ass. Punten ka sadayana...
> > Sim kuring nyuhunkeun bantosan yeuh...
> > Insya Alloh mun kapareng bade janten Bapa jigana mah... he..he..
> > Tah kahoyong mah ngaran budak teh hayang ngaran sunda (anu sae
> tangtuna..maklum nembean ieu teh...)
> > Ka para sehu mung tiasa mah pang bantosankeun sim kuring lah nami
> budak tina basa sunda sareng hartosna.
> > Upami tiasa 20 kanggo pameget teras 20 kanggo istri ke diseleksi
> he..he.. (kawas ujian wae)
> > tos milarian (teu acan maksimal sih...) salah sahijina tina kamus,
> mung abong urang kampung aya nami anu katelahna sae tina basa sunda
> jeung gaya tapi hartina teu ngarti jadi bingung ieu teh (bingung
> tingkat tinggi.. caritana mah...)
> > Daripada gaya tapi artina aneh mending naros kanu ngarti we ah bisi
> salah...
> > Tah ku kitu sakali deui bantosan ka sadayana...
> > sateuacanna sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun.
> > Cag Ah...
> > Wass.
> >
>




[Urang Sunda] Save Palestine

2009-01-06 Terurut Topik roro_rohmah
Bilih aya nu hoyong ningali, mangga japri ka Kang Djodi margi filena 
badag suradag.

kuncenwati.

From: Djodi Ismanto  
Date: Wed Jan 7, 2009 8:45 am 
Subject: Save Palestine  adindagolid 
 Offline 
 Send Message 
 Edit Membership  

Dear all ,

Kindly find file on attachment

Regards

Attachment: 633k (application/force-download) 
terorist_named_israel.pps 



[Urang Sunda] wilujeung siang baraya,....

2009-01-06 Terurut Topik Asep Wahyudin
sampurasun,..

ngiringan ah,...
asa tos lami pisan simkuring teh teu amengan deui ka milis ieu teh,..

manwai bade tumaros,..ari ambu Anita masih aya keneh kitu,..

kang subhan damang,...?

wilujeung tepang deui sareung urang batam,...

baktos
mang asep


[Urang Sunda] Re: Ulin ka Cijambu Sumedang >Tandang Euy!, NGISER KA PANDAY DOMAS.

2009-01-06 Terurut Topik mangjamal

Punten kang, sanes he love teu lapor, komo da ieu mah estuning kuncen
Onom, mung nyaeta lebaran kamari teh teu ka Banjar, malah mudik ka
Little Box Mountain (Gunungcupu) oge henteu.  dua dinten tos lebaran
teh indung bapana adi-sigana kolot si kuring oge nya, haha, ka
bandung, nganteur si andiw chinook tukang kaos tea nanyaan kabogohna,
baturna beda jurusan, urang wetan-malang tapi wedal gede di
tumbilaloka. nanyaanana mah di bandung. 

kantos nempuh rute eta:  Lake Van jalu, Great Thomb (Astana Gede),
Holy Garden (Karangkamulyan), sareng kang Soni bolotot.com

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mamat"  wrote:
>
> Enya Ua sas, ka Banjar mah sigana kudu direncanakeun rada serius,
komo lamun nyeuweu kana usulan MJ mah, nguriling ka Panjalu sagala...
> Soal ngererebmah gampanglah di Imah Kolot Uing wae di Banjar...
> Biasana mun lebaran MJ sok lapor 'Kuring keur di Ki lanceuk Banjar'
> Taun ieu mah euweuh lapor.Teuing teu ka Banjar, teuing pohoeun
'wajib lapor' kanu ngageugeuh Onom...
> 
>