Aya iber ti lembur yen kiwari cenah nuju diayakeun pembebasan tahap kadua nyaeta di daerah Cibogo, Ciwangi sareng sabudeureunana. Proyek waduk jati gede baheula kungsi ngabuntut bangkong lantaran kaganjel ku ayana situs karajaan Sumedang Larang anu pernahna di wewengkon Tanjung Sari Leuwi Hideung persisna gigireun walungan Cimanuk pisan. Pikeun masyarakat smd mah proyek ieu teh kawas murak simalakama, mun jadi kaeleb nya titinggal karuhun anu jadi kareueus urang smd bakal tilelep kateureuy ku sagara dadakan tea, atuh mun teu jadi tangtuna pangwangunan disakuliah eta hese nek menyatna ( conto jalan aspal wado-tomo diantep diculkeun teu pirosea, jaringan listrik karek sawareh ). Ganjelan kadua nyaeta kuayana debet caina anu teu stabil, mun halodo ngolektrak atuh mun keur mijih caah ngaguludag.
Baheula ditaun dalapan puluhan kapareum nakeun ( samemeh krisis) proyek Jatigede teh kungsi haneut, malahan pangeusi pilemburan anu keuna proyek diayakeun Bedol Deso ka wewengkon Arinem-Garut ( dipalih mana Arinem teh di Garutna kang?), tapi selang sababaraha taun tiharita pamarentah setempat siga nu teu malire sarta can bisa mastikeun naha waduk jatigede teh jadi dibangun atawa moal, jadi anu geus tetep tumetep di Arinem ge, loba nu mulang deui marolah sawahna deui anu baheula kungsi digadekeun atawa diculkeun teu dipolah. Kiwari proyek jati gede teh haneut deui, lantaran pamohalan cenah dana anu geus ditarima dibalikeun deui. Baheula sok inget ka ucapan kolot mun Jati Gede jadi dibangun, loba urang Jakarta anu nyiar kifayah ka Sumedang ayeuna mah tibalik urang smd loba nu nyaba ka Jakarta). Ucapan eta nepi ka ayeuna masih nyelewing wae dina ceuli. Biasana ucapan kolot baheula mah sok aya tapakna, conto anu geus karasa ayeuna, ucapan kawas kieu " Yeuh jaga mah ka Jakarta teh kawas jalan kacai "( lempa lempi lempong jalan ka batawi ngemplong ) apan ayeuna geus ngabukti ka Jakarta teh ngan ukur meakeun jam jaman henteu poean deui. Mudah-mudahan kuayana proyek jati gede jadi, ucapan eta teh sing jadi kanyataan, enya najan can lila ge ngumbara dibatawi tapi geuning asa geus wegah kieu, nya sakali kali hayang nyiar kifayah ditanah karuhun sorangan, ternak ikan karamba, atawa kukurilingan naek jetski bari ngontrol restoran terapung, atawa lalayaran make lisung paduduaan jeung simanehna. ah bagja ! Atawa ningali anu seserahan ngompoy make rakit lantaran imah calon mitohana ayana disebrangeun waduk. ( ah mimpi kali ye ! hehe ). Tah kitu kang kumincir sakaterangan abdi mah ngeunaan waduk jati gede teh, sakapeung sok ngalamun mun bendungan jati gede jadi, kumaha...? kantos heureuy kutrat kotret ngadamel dodongengan ngeunaan jati gede teh, asana kapungkur tos diposting anu judulna "Sagara Kajajaden" hehe. cag ah, sr ( asli sumedang, sumedang asli. curintix hehe ) ----- Original Message ----- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, May 24, 2004 3:10 PM Subject: [UrangSunda] waduk jatiged� > Asana can aya nu nyabit2 perkara rek diwangunna waduk Jatigede di dieu, > kumaha yeuh, manawi aya urang Sumedang atanapi nu sanes nu tiasa medar... > > isk Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

