Abdi, Jalak Harupat...he..he.....
sabulan kapengker ngahaja abdi mulih ka lembur Ciwangi-Cibogo memang nuju haneuteun deui perkawis Jatigede. Cibogo Ciwangi teh kawit pun Bapa. Malih mah ngahaja abdi teh ka pajaratannan pun aki di Ciwangi. Duka kunaon abdi teh sok emut wae ka pun aki, padahal abdi teu terang kumaha rupi aki. Tos maot kinten kinten tau 50-60-an, padahal abdi medar taun 70-an. Sok sumanget ka kota, upami tos nyekar ka pun aki teh....
Sateuacan janten bendungan Jatigede(upami leres) abdi ngadokumentasikeun tempat-tempat Karamat sapertos Curug Emas, Kebon Tiwu..malih mah kuncen kebon tiwu teh rerencangan pun bapa di sawah, sareng hoyong ngadokumentasikeun tempat karamat sanesna.(kang Syam tempat karamat naon deui nu aya di palih dinya teh?) Sakantenan abdi teh amengan ka Cadas da tempat luluhur abdi.
 
Memang di Cibogo sareng Ciwangi kamari teh nuju gempungan nyawalakeun perkawis Jatigede mung abdi mah heureut waktos.
 
Makam mbah Jayaperkosa  perkosa oge kantos, aduh eta pamandangan di jalan ka dayeuh luhur edun pisan.....
Kantos karekam ti luhur, pakampungan anu aya disisi jalan, anu ti sisi jalanna langsung gawir kenca katuhueun jalan. Imah imah nereptep dina gawir..enadh pisan....
 
JAtigede..hiji masalah anu ngaganggayong rahayat Darmaraja, Cadas sareng wado. Abdi warga Jatigede hoyong hirup siga daerah anu sanes anu makmur.....sabab abdi ge rahayat Indonesia sami ngagem Pancasila sareng UUD 1945. Tiasa dibayangkeun kapungkur dilembur abdi listrik teu asup padahal di lembur sagigireun asup listrik. Dulur pada mencal, exodus, anu beunghar pararindah padahal penggerak ekonomi. Kapeurih mangsa keur sangsara masih kasipen dina jero hate. Kadang kala sok hayang ngoceak BANGSAT PAMARENTAH!....tapi sadar kana diri jeung wiwaha...anu pasti kuring rahayat Jatigede hayang makmur. titik.....!
Ngan deudeuh pajaratan pun Aki...upami enya janten jatigede...pek tilem ngan dina hate kuring moal tilem salawasna.
 
Euh punten ..kalahka ngocoblak didieu, nya kitu gambaran penderitaan rahayat jatigede anu ku abdi karaoskeun ti tahun 80-an. Uninga para wargi...ieu mah nga saukur naratif tong dijantenkeun paguneman, anggap carita heubeul anu kanyataan.
 
Jalak

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Taun 1991 akhir nyaba ka kacamatan cadasngampar cenah mah eta teh daerah pangjerona mun waduk Jatigede jadi dijieun teh ... sajarah patilasan sumedang larang mah teu pati apal lebah mana-manana mah ...
Harita teh ningalian cai di walungan ... geuning eta walungan teh kacida pisan kiruhna ...
 
Salah sahiji sabab waduk Jatigede dijieun teh cenah mah keur ngurangan sedimentasi di pantura salian ti nyaian sawah teh ... anu jadi lila teu diwangun ceuk itungan cenah umur waduk teh (death storage) moal lila, siga bendungan Gajah Mungkur anu itungan awalna 100 tahun, karek 15 taun geus pinuh ku sedimentasi ... dina hal ieu kudu aya program reboisasi di hulu walungan, ieu perlu artos jeung jadi padungdengan saha nu bakal mayarna ...
 
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 22, 2004 10:58 AM
Subject: Re: [UrangSunda] waduk jatiged�

Aya iber ti lembur yen kiwari cenah nuju diayakeun pembebasan tahap kadua
nyaeta di daerah Cibogo, Ciwangi sareng sabudeureunana. Proyek waduk jati
gede baheula kungsi ngabuntut bangkong lantaran kaganjel ku ayana situs
karajaan Sumedang Larang anu pernahna di wewengkon Tanjung Sari Leuwi
Hideung persisna gigireun walungan Cimanuk pisan.  Pikeun masyarakat smd mah
proyek  ieu teh kawas murak simalakama, mun jadi kaeleb nya titinggal
karuhun anu jadi kareueus urang smd bakal tilelep kateureuy ku sagara
dadakan tea, atuh mun teu jadi tangtuna pangwangunan disakuliah eta hese nek
menyatna ( conto jalan aspal wado-tomo diantep diculkeun teu pirosea,
jaringan listrik karek sawareh ). Ganjelan kadua nyaeta kuayana debet caina
anu teu stabil, mun halodo ngolektrak atuh mun keur mijih caah ngaguludag.

Baheula ditaun dalapan puluhan kapareum nakeun ( samemeh krisis) proyek
Jatigede teh kungsi haneut, malahan pangeusi pilemburan anu keuna proyek
diayakeun Bedol Deso ka wewengkon Arinem-Garut ( dipalih mana Arinem teh di
Garutna kang?), tapi selang sababaraha taun tiharita pamarentah setempat
siga nu teu malire sarta can bisa mastikeun naha waduk jatigede teh jadi
dibangun atawa moal, jadi anu geus tetep tumetep di Arinem ge, loba nu
mulang deui marolah sawahna deui anu baheula kungsi digadekeun atawa
diculkeun teu dipolah.

Kiwari proyek jati gede teh haneut deui, lantaran pamohalan cenah dana anu
geus ditarima dibalikeun deui. Baheula sok inget ka ucapan kolot mun Jati
Gede jadi dibangun, loba urang Jakarta anu nyiar kifayah ka Sumedang
ayeuna mah tibalik urang smd loba nu nyaba ka Jakarta). Ucapan eta nepi ka
ayeuna masih nyelewing wae dina ceuli.   Biasana ucapan kolot baheula mah
sok aya tapakna, conto anu geus karasa ayeuna, ucapan kawas kieu " Yeuh jaga
mah ka Jakarta teh kawas jalan kacai "( lempa lempi lempong jalan ka batawi
ngemplong ) apan ayeuna geus ngabukti ka Jakarta teh ngan ukur meakeun jam
jaman henteu poean deui. Mudah-mudahan kuayana proyek jati gede jadi, ucapan
eta teh sing  jadi kanyataan, enya najan can lila ge ngumbara dibatawi tapi
geuning asa geus wegah kieu, nya sakali kali hayang nyiar kifayah ditanah
karuhun sorangan, ternak ikan karamba, atawa kukurilingan naek jetski bari
ngontrol restoran terapung, atawa lalayaran make lisung paduduaan jeung
simanehna. ah bagja ! Atawa ningali anu seserahan ngompoy make rakit
lantaran imah calon mitohana ayana disebrangeun waduk. ( ah mimpi kali ye !
hehe ).

Tah kitu  kang kumincir sakaterangan abdi mah ngeunaan waduk jati gede teh,
sakapeung sok  ngalamun mun bendungan jati gede jadi, kumaha...? kantos
heureuy kutrat kotret ngadamel dodongengan ngeunaan jati gede teh, asana
kapungkur tos diposting anu judulna "Sagara Kajajaden" hehe.
cag ah,
sr ( asli sumedang, sumedang asli. curintix hehe )

----- Original Message -----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, May 24, 2004 3:10 PM
Subject: [UrangSunda] waduk jatiged�


> Asana can aya nu nyabit2 perkara rek diwangunna waduk Jatigede di dieu,
> kumaha yeuh, manawi aya urang Sumedang atanapi nu sanes nu tiasa medar...
>
> isk





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke