> JAtigede..hiji masalah anu ngaganggayong rahayat Darmaraja, Cadas sareng
> wado. Abdi warga Jatigede hoyong hirup siga daerah anu sanes anu
> makmur.....sabab abdi ge rahayat Indonesia sami ngagem Pancasila sareng
> UUD 1945. Tiasa dibayangkeun kapungkur dilembur abdi listrik teu asup
> padahal di lembur sagigireun asup listrik. Dulur pada mencal, exodus, anu
> beunghar pararindah padahal penggerak ekonomi. Kapeurih mangsa keur
> sangsara masih kasipen dina jero hate. Kadang kala sok hayang ngoceak
> BANGSAT PAMARENTAH!....tapi sadar kana diri jeung wiwaha...anu pasti
> kuring rahayat Jatigede hayang makmur. titik.....! Ngan deudeuh pajaratan
> pun Aki...upami enya janten jatigede...pek tilem ngan dina hate kuring
> moal tilem salawasna.

-------------------------
Nyeta, jigana mah geus ampir final kaputusan ngeunaan waduk Jatiged� teh,
kari nunggu waktuna wungkul meureun.
Ngawangun waduk teh kaitung gede pangaruhna keur lingkungan, komo mun geus
matalikeun jeung anu disebut "plasma nutfah" atawa sarupaning kabeungharan
alam. Kebon kalapa sawit, leuweung pineus, jeung sabangsana nu
ngakibatkeun homogenisasi, sanajan tina sisi ekonomi bisa ngahasilkeun,
tina sisi lingkungan mah ngaruksak pisan.
Balik deui ka waduk Jatiged�, mun misalna ku diwangunna ieu waduk bakal
leuwih loba mere mangpaat batan madorotna, utamana keur masarakat
sabudeureunana, tangtu ku urang kudu didukung, sabab ieu pikeun kamajuan
bangsa urang. Tapi, mun leuwih loba madorotna, kadung geus rek prak
dijieun, kudu diakalan sangkan eta efek gorengna teh bisa dikurangan,
diminimalisir.
Kajadian di waduk Cirata-Cianjur, geuning cenah kabejakeun, karuksakan nu
aya di eta waduk salasahijina dipicu ku loba teuing karamba, sedimentasi
jadi leuwih cepet, pieunteungeun pikeun engke kumaha hadena ngokolakeun
waduk Jatiged�.

isk


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke