|
Taun 1991 akhir nyaba ka kacamatan cadasngampar
cenah mah eta teh daerah pangjerona mun waduk Jatigede jadi dijieun teh ...
sajarah patilasan sumedang larang mah teu pati apal lebah mana-manana mah
...
Harita teh ningalian cai di walungan ... geuning
eta walungan teh kacida pisan kiruhna ...
Salah sahiji sabab waduk Jatigede dijieun teh cenah
mah keur ngurangan sedimentasi di pantura salian ti nyaian sawah teh ... anu
jadi lila teu diwangun ceuk itungan cenah umur waduk teh (death storage)
moal lila, siga bendungan Gajah Mungkur anu itungan awalna 100 tahun, karek 15
taun geus pinuh ku sedimentasi ... dina hal ieu kudu aya program reboisasi di
hulu walungan, ieu perlu artos jeung jadi padungdengan saha nu bakal mayarna ...
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 22, 2004 10:58
AM
Subject: Re: [UrangSunda] waduk
jatiged�
Aya iber ti lembur yen kiwari cenah nuju diayakeun
pembebasan tahap kadua nyaeta di daerah Cibogo, Ciwangi sareng
sabudeureunana. Proyek waduk jati gede baheula kungsi ngabuntut bangkong
lantaran kaganjel ku ayana situs karajaan Sumedang Larang anu pernahna di
wewengkon Tanjung Sari Leuwi Hideung persisna gigireun walungan Cimanuk
pisan. Pikeun masyarakat smd mah proyek ieu teh kawas murak
simalakama, mun jadi kaeleb nya titinggal karuhun anu jadi kareueus urang
smd bakal tilelep kateureuy ku sagara dadakan tea, atuh mun teu jadi
tangtuna pangwangunan disakuliah eta hese nek menyatna ( conto jalan aspal
wado-tomo diantep diculkeun teu pirosea, jaringan listrik karek sawareh ).
Ganjelan kadua nyaeta kuayana debet caina anu teu stabil, mun halodo
ngolektrak atuh mun keur mijih caah ngaguludag.
Baheula ditaun dalapan
puluhan kapareum nakeun ( samemeh krisis) proyek Jatigede teh kungsi
haneut, malahan pangeusi pilemburan anu keuna proyek diayakeun Bedol Deso
ka wewengkon Arinem-Garut ( dipalih mana Arinem teh di Garutna kang?), tapi
selang sababaraha taun tiharita pamarentah setempat siga nu teu malire
sarta can bisa mastikeun naha waduk jatigede teh jadi dibangun atawa moal,
jadi anu geus tetep tumetep di Arinem ge, loba nu mulang deui marolah
sawahna deui anu baheula kungsi digadekeun atawa diculkeun teu
dipolah.
Kiwari proyek jati gede teh haneut deui, lantaran pamohalan
cenah dana anu geus ditarima dibalikeun deui. Baheula sok inget ka ucapan
kolot mun Jati Gede jadi dibangun, loba urang Jakarta anu nyiar kifayah ka
Sumedang ayeuna mah tibalik urang smd loba nu nyaba ka Jakarta). Ucapan eta
nepi ka ayeuna masih nyelewing wae dina ceuli. Biasana ucapan
kolot baheula mah sok aya tapakna, conto anu geus karasa ayeuna, ucapan
kawas kieu " Yeuh jaga mah ka Jakarta teh kawas jalan kacai "( lempa lempi
lempong jalan ka batawi ngemplong ) apan ayeuna geus ngabukti ka Jakarta
teh ngan ukur meakeun jam jaman henteu poean deui. Mudah-mudahan kuayana
proyek jati gede jadi, ucapan eta teh sing jadi kanyataan, enya najan
can lila ge ngumbara dibatawi tapi geuning asa geus wegah kieu, nya sakali
kali hayang nyiar kifayah ditanah karuhun sorangan, ternak ikan karamba,
atawa kukurilingan naek jetski bari ngontrol restoran terapung, atawa
lalayaran make lisung paduduaan jeung simanehna. ah bagja ! Atawa ningali
anu seserahan ngompoy make rakit lantaran imah calon mitohana ayana
disebrangeun waduk. ( ah mimpi kali ye ! hehe ).
Tah kitu kang
kumincir sakaterangan abdi mah ngeunaan waduk jati gede teh, sakapeung
sok ngalamun mun bendungan jati gede jadi, kumaha...? kantos heureuy
kutrat kotret ngadamel dodongengan ngeunaan jati gede teh, asana kapungkur
tos diposting anu judulna "Sagara Kajajaden" hehe. cag ah, sr ( asli
sumedang, sumedang asli. curintix hehe )
----- Original Message
----- From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> To:
<[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, May 24, 2004 3:10
PM Subject: [UrangSunda] waduk jatiged�
> Asana can aya nu
nyabit2 perkara rek diwangunna waduk Jatigede di dieu, > kumaha yeuh,
manawi aya urang Sumedang atanapi nu sanes nu tiasa medar... > >
isk
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|