kang Hasan,, ari masalah ceting mah ku abdi oge parantos kahartos, nanging abdi mah mung sakadar masihan contoh lamun hiji pamingpin (kuncen) bade nanjeurkeun aturan sareng teu masihan jalan kaluarna, anu balukarna warga milis anu teu gaduh fasilitas Ym atanapi anu teu tiasa nyerat, meureun kalalabur.. kadahal .. milis ieu teh jang US anu keur ngalalana di luar tatar sunda mah hiji hiburan gegentos nineungna ka tatar sunda...
 
-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 25, 2004 10:36 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nepi kamana kang? baheula mah keur budak, karek
> tamat sma. ayeuna mah geus rada gede, hehe, jadi teu
> boga idola dina urusan nu kararitu mah.

Eta nepi ka Garut kitu, he he he. Eta geuning urang
teh  karek diskusi saeutik majar tos hareeng cenah.
Ceuk Kang dur74 <[EMAIL PROTECTED]> mah kieu: "Kieu
euy ari ngomongkeun politik, mah. Ujung-ujungna teh
sok paranas, hareeng."

Jigana urang teh kudu ngabiasakeun diskusi teh, ngarah
kaasah pikiran. Pan ceuk Kang Oman mah mateakeun otak
kanan tea cenah. Perkara jeujeurna pulitik teunanaon
atuh, da eta nu keur haneuteun ayeuna. Kumaha US bisa
nanjeurna lamun urang teu biasa diskusi. Jigana lamun
aya seminar rame paguntreng teh jeung batur, piraku US
rek nyumput, da rek ngelmu pare tea. Da elmu pare oge
geuning nu nyongcolang mah aya di tempat kontrakan
Kang Enjang nya. Da maksud kuring mah nu pentingna
lain Capres/Cawapresna. Diskusina, diajar nembrakeun
pamadegan nana.

> ka kang Tatan, ari perkawis teu meunang ceting mah,
> wayahna, bisi e-mail batur bounching, pinuh. basa
> melayuna mah tau diri. naon nu pantes di posting
> naon nu henteu. ari ngan ukur sakecap dua kecap mah,
> japri atanapi ngangge yahoo messenger...teu aya
> nudiripuhkeun.

Perkara ceting mah memang teu surup ari make milis
mah. Kulantaran email mah pan disimpen tea. Hiji email
teh meureun perlu sakitu 'tumbak' tempatna. Pan eusi
email teh ngandung header sareng eusina. Tah lamun
sauted, dua uted, pek dipostingkeun, pan leuwih
panjang headerna dibandingkeun eusina. Tah ari nganggo
Yahoo Messenger mah nembe payus ceting teh, da puguh
teu kudu disimpen tea. Jadi moal meakeun lahan
pitempateun.

Nuhun


     
           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke