|
Satuju
pisan kang perbedaan teh rahmat..
sakali
deui abdi hapunten bilih dina seratan anu atos atos rada tersunggingna pengikut
kang agum. sakali deui urang kedah tiasa ngabentenkeun mana kalimah anu
ngagogoreng mana kalimah anu dumasar tina alesan.
Abdi
ngajelaskeun kunaon teu milih kang Agum, karana dumasar pasangan kang agum (HH)
visina teu sami sareng visi abdi dina milih Presiden, sakali deui hapunten ieu
sanes ngagogoreng pasangan kang agum tapi ngan sakadar alesan abdi kunaon
teu milih kang agum,
Kangge
kang Gunawan sareng mang Je abdi bade nyebatkeun Hidup kang Agum.......(sok
sanaos dina hate abdi moal milih kang agum he..he..he..)
Upami nitetan postingan Mang Je nu kapungkur
ngenaan Capres, teu aya seratan nu ngagogoreng capres nu sanes, Mang Je sareng
abdi oge ngadukung Kang Agum, atuh wajar upami capres nu didukung, digogoreng
ku nu sanes, pastina oge upami abdi nyerat ngagogoreng Amin, SBY, atanapi nu
sanes pasti aya reaksi ti pendukungna. Ieu milist urang sunda, Kang Agum urang
sunda, tangtosna anjeuna bagian ti sunda oge, memang ieu milist sanes
dijenengkeun keur Kang Agum nanging ieu milist dijenengkeun keur nu sangkut
paut jeung kasundaan, tah Kang Agum teh bagian tina sunda. Mang Je teu
ngagunakeun "leungeun beusi" ngan hal ieu diakibatkeun ku digogorengna urang
sunda ku pendukung capres nu sanes, sim abdi ngahargaan pisan ka rerencangan
nu sanes, nu ngadukung capres paporitna mangga teh teuing, buuk sami hideung
nanging pendapat mah tiasa benten, pan saur kanjeng nabi "oge perbedaan
pendapat teh mangrupi rahmat, nanging ulah janten perpecahan", nyarioskeun
kaawonan batur teh pan dilarang ku agami komo bari ngagogoreng mah. Ahirlul
kalimah mangga urang benten pendapat mung ulah janten perpecahan diantawis
urang, komo bari ngaponis ieu atanapi itu sasami urang. Hapunten sakali
deui
Hatur Nuhun
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 25, 2004 9:09
AM
Subject: RE: [UrangSunda] keukeuh
sureukeuh
wah wah.. geuningan urang sunda teh pondok pikiran
nya ???
da
asana teh milis ieu dijenengkeun teh sanes kangge anu pro agum wae
....
sapuk Mang, ieu
milist urang sunda tangtuna urang sunda nu leuwih utama, perkawis bade
ngadukung calon nu sanes mangga teuing, nanging langkung sae meningan
ngiring milist capres tertentu ----- Original Message
----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To:
<[EMAIL PROTECTED]> Cc:
<[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, May 25, 2004 1:00
AM Subject: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh
> Kang Tatan,
perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu > kaleuleuwihi.
Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa >
muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si
kuring > ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae
ayana (nu daek > kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan
sangkan sunda dina sagala > widang aya dina kajembaran (maksudna
berkembang). Lain wungkul kasenian > bin tatakolan, tapi oge
jelemana, generasi ngorana. Sumberdayana. Saha nu > teu hayang
seler masing2 maju? > > Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis
netelakeun, yen US mah enya kitu. > Paburencay. Masing-masing.
Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di huma > masing-masing tea.
Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning dina > urusan nu
pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh lain >
pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan
nangtukeun > pamingpin. > > Pantesna urangsunda milih
agum, sabab meureun kukitu ge geus nembongkeun > kahayang urangsunda
milu makalangan di pentas politik nasional sanajan > ngan ukur kelas
capres, lain kelas pres di ieu nagreg. Oge, saha deui nu > rek
milih agum ari lain urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres >
wacapres gurem. Geus tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok
pro > nu leutik, nu gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis
kampung PDI. > Harita alesanana teu pira, PDI teh partey gurem,
leutik bari teu > camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek
di bawa ka koramil, > angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI
partey gurem. Nya alesan > popolitikan mah aya, resep jeung ngidola
ka Bung Karno. Bari jeung maca > buku Dibawah Bendera Revolusi-na
oge teu tamat-tamat da bahasana campuran > walanda, teu kaharti.
Hahah.ari geus gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring > pangsiun jadi
partisanana. > > Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2
calon sejen, utamana bisi aya > kekecapan nu teu pantes teu merenah.
Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu > goreng. Da mun goreng mah moal
didarukung ku baladna ku parteyna ku > rahayat nu milihna. As simple
as that. > > Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang
aring. Mangga teh teuing > bade milih jurig cai oge, da kuring mah
teu rugi teu untung. Ngan reueus > we mun aya US manggung, mun aya
US punjul dina widang masing-masing. Mun > bisa mah, hayang mantuan
sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih > manehna. Sora
kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra > (signifikan),
tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, >
keukeuh sureukeuh rek milih agum. > > Salaku kuncen kusnet,
kuring boga otoritas ngahideung-bodaskeun > kaanggotaan. Bisa
ngabanned, remove jeung sajabana ka member nu minculak > atawa nu
ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal > nepi
ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda >
generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu
ngabela/milih > ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas
urangsunda: sabab bisi > ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox
bae.da terus we kitu adatna. > Neluh maneh. Haha. > >
milis ieu, oge sunda teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge
Sunda > teh nu sing saha bae nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu
hayang sunda > maju sarua atawa teu tinggaleun ti batur. si kuring
moal pundung atawa > ambek mun paket AG eleh. Da urusanana lain
meunang eleh, tapi pirage > kahayang teh aya US nu makalangan.
Peun. > > Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing. Ceuk
sms, salah saopat > tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the
teu loba, ngan ti jabar, > sumut, sulut, sulsel, pedah AG
kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan > sejen dina kadinesan. Tapi
di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab > aya Yusuf Kalla, nu
pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab > istrina AG (Linda
Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge boga > itungan
lain. Jateng Jatim, eta mah 'kandang' NU, sanajan HH urang NU, >
sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab
HH > lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun gus dur
marentah atawa > ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di kulawarga
tangtara oge tangtara > pangsiun, sora AG moal gede, sabab aya
jendral sejen dina capres, SBY > jeung WTO. > > HH+AG
paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya
US-na, > oge ku guremna. Haha. > > Hapunten ah si kuring
kamana mendi.. > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > >
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > >
Yahoo! Groups
Links > > > > >
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|