|
Upami nitetan postingan Mang Je nu kapungkur
ngenaan Capres, teu aya seratan nu ngagogoreng capres nu sanes, Mang Je sareng
abdi oge ngadukung Kang Agum, atuh wajar upami capres nu didukung, digogoreng ku
nu sanes, pastina oge upami abdi nyerat ngagogoreng Amin, SBY, atanapi nu sanes
pasti aya reaksi ti pendukungna. Ieu milist urang sunda, Kang Agum urang sunda,
tangtosna anjeuna bagian ti sunda oge, memang ieu milist sanes dijenengkeun keur
Kang Agum nanging ieu milist dijenengkeun keur nu sangkut paut jeung kasundaan,
tah Kang Agum teh bagian tina sunda. Mang Je teu ngagunakeun "leungeun beusi"
ngan hal ieu diakibatkeun ku digogorengna urang sunda ku pendukung capres nu
sanes, sim abdi ngahargaan pisan ka rerencangan nu sanes, nu ngadukung capres
paporitna mangga teh teuing, buuk sami hideung nanging pendapat mah tiasa
benten, pan saur kanjeng nabi "oge perbedaan pendapat teh mangrupi rahmat,
nanging ulah janten perpecahan", nyarioskeun kaawonan batur teh pan dilarang ku
agami komo bari ngagogoreng mah. Ahirlul kalimah mangga urang benten pendapat
mung ulah janten perpecahan diantawis urang, komo bari ngaponis ieu atanapi itu
sasami urang. Hapunten sakali deui
Hatur Nuhun
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 25, 2004 9:09 AM
Subject: RE: [UrangSunda] keukeuh
sureukeuh
wah
wah.. geuningan urang sunda teh pondok pikiran nya ???
da
asana teh milis ieu dijenengkeun teh sanes kangge anu pro agum wae
....
sapuk Mang, ieu
milist urang sunda tangtuna urang sunda nu leuwih utama, perkawis bade
ngadukung calon nu sanes mangga teuing, nanging langkung sae meningan
ngiring milist capres tertentu ----- Original Message
----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To:
<[EMAIL PROTECTED]> Cc:
<[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, May 25, 2004 1:00
AM Subject: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh
> Kang Tatan,
perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu > kaleuleuwihi.
Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa >
muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si kuring >
ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae ayana (nu
daek > kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan sangkan sunda
dina sagala > widang aya dina kajembaran (maksudna berkembang). Lain
wungkul kasenian > bin tatakolan, tapi oge jelemana, generasi
ngorana. Sumberdayana. Saha nu > teu hayang seler masing2
maju? > > Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis netelakeun, yen US
mah enya kitu. > Paburencay. Masing-masing. Saluyu jeung karuhun
baheula: ngebon di huma > masing-masing tea. Haha. US hese jeung
henteu ngahijina teh estuning dina > urusan nu pangpentingna dina
malire nagara (ke heula, nagara teh lain > pamarentah wungkul, tapi
oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan nangtukeun >
pamingpin. > > Pantesna urangsunda milih agum, sabab meureun
kukitu ge geus nembongkeun > kahayang urangsunda milu makalangan di
pentas politik nasional sanajan > ngan ukur kelas capres, lain kelas
pres di ieu nagreg. Oge, saha deui nu > rek milih agum ari lain
urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres > wacapres gurem. Geus
tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok pro > nu leutik, nu
gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis kampung PDI. > Harita
alesanana teu pira, PDI teh partey gurem, leutik bari teu >
camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek di bawa ka
koramil, > angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI partey gurem.
Nya alesan > popolitikan mah aya, resep jeung ngidola ka Bung Karno.
Bari jeung maca > buku Dibawah Bendera Revolusi-na oge teu tamat-tamat
da bahasana campuran > walanda, teu kaharti. Hahah.ari geus gede siga
ayeuna mah, pdip, si kuring > pangsiun jadi
partisanana. > > Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2
calon sejen, utamana bisi aya > kekecapan nu teu pantes teu merenah.
Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu > goreng. Da mun goreng mah moal
didarukung ku baladna ku parteyna ku > rahayat nu milihna. As simple
as that. > > Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang
aring. Mangga teh teuing > bade milih jurig cai oge, da kuring mah teu
rugi teu untung. Ngan reueus > we mun aya US manggung, mun aya US
punjul dina widang masing-masing. Mun > bisa mah, hayang mantuan
sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih > manehna. Sora kuring
ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra > (signifikan), tapi ku
kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, > keukeuh
sureukeuh rek milih agum. > > Salaku kuncen kusnet, kuring boga
otoritas ngahideung-bodaskeun > kaanggotaan. Bisa ngabanned, remove
jeung sajabana ka member nu minculak > atawa nu ebreh teu ngabela
sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal > nepi ka kitu palebah
dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda > generasi ayeuna
masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu ngabela/milih > ku alesan
nu beurangan epes meer teu pede khas urangsunda: sabab bisi >
ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox bae.da terus we kitu
adatna. > Neluh maneh. Haha. > > milis ieu, oge sunda teh
lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge Sunda > teh nu sing saha bae
nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu hayang sunda > maju sarua atawa
teu tinggaleun ti batur. si kuring moal pundung atawa > ambek mun
paket AG eleh. Da urusanana lain meunang eleh, tapi pirage > kahayang
teh aya US nu makalangan. Peun. > > Ayeuna urang toong peta
kakuatan masing-masing. Ceuk sms, salah saopat > tempat nu diharepkeun
nyumbang sora ka AG the teu loba, ngan ti jabar, > sumut, sulut,
sulsel, pedah AG kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan > sejen dina
kadinesan. Tapi di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab > aya
Yusuf Kalla, nu pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab >
istrina AG (Linda Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge
boga > itungan lain. Jateng Jatim, eta mah 'kandang' NU, sanajan HH
urang NU, > sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus
Solah, sabab HH > lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun
gus dur marentah atawa > ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di
kulawarga tangtara oge tangtara > pangsiun, sora AG moal gede, sabab
aya jendral sejen dina capres, SBY > jeung WTO. > > HH+AG
paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya US-na, >
oge ku guremna. Haha. > > Hapunten ah si kuring kamana
mendi.. > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > >
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > >
Yahoo! Groups
Links > > > > >
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|