|
Mangga tingali postingan abdi nu kapungkur,
saleresna abdi mah sanes ngotot Kang Agum janten wapres atanapi cawapres da ti
kahiji oge tos nyarios yen anjeuna alit pisan kamungkinanna tiasa lolos janten
persiden atanapi wapres, kumargi eleh populer ku calon nu sanes, abdi mah
ngadukung "kasundaan anjeuna supados kenging suara di tatar sunda" kanggo
ngahudangkeun urang sunda. Atuh upami Kang Agum dibandingkeun sareng GusDur mah
benten pisan, ayeuna upami pisik Kang Agum jiga GusDur (teu tiasa ningali),
atanapi dina jasmani sareng rohani-na aya nu teu leres pasti abdi moal ngadukung
da abdi mah pikiranna waras. Kang Agum sebagai warga negara NKRI masih
kenging hak kana persyaratan utami janten calon persiden atanapi wapres,
kitu deui wargi milist kusnet, upami aya nu nyarioskeun Kang Agum teu hak (teu
memenuhi persyaratan capres+cawapres) eta mah teungteuingeun pisan atuh. Cik kan
ayeuna urang tingali antawis Gusdur jeung Kang Agum, naha sami kitu kasusna
?
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 25, 2004 9:57 AM
Subject: RE: [UrangSunda] keukeuh
sureukeuh
Enya.. ah..urang sunda mah ulah pondok pikiran.
Pan urang ayeuna teh aya dina nagara anu ngaranna Nagara Kasatuan
Republik Indonesia..Lamun urang keukeuh sureukeuh ngotot hayang AG jadi
Wapres, taya bedana atuh jeung bobotohna Gus Dur.....
Ulah ah era...ku batur....Pan urang sunda mah teu saperti kitu..
wah wah.. geuningan urang sunda teh pondok pikiran
nya ???
da
asana teh milis ieu dijenengkeun teh sanes kangge anu pro agum wae
....
sapuk Mang, ieu
milist urang sunda tangtuna urang sunda nu leuwih utama, perkawis bade
ngadukung calon nu sanes mangga teuing, nanging langkung sae meningan
ngiring milist capres tertentu ----- Original Message
----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To:
<[EMAIL PROTECTED]> Cc:
<[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, May 25, 2004 1:00
AM Subject: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh
> Kang Tatan,
perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu > kaleuleuwihi.
Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa >
muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si
kuring > ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae
ayana (nu daek > kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan
sangkan sunda dina sagala > widang aya dina kajembaran (maksudna
berkembang). Lain wungkul kasenian > bin tatakolan, tapi oge
jelemana, generasi ngorana. Sumberdayana. Saha nu > teu hayang
seler masing2 maju? > > Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis
netelakeun, yen US mah enya kitu. > Paburencay. Masing-masing.
Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di huma > masing-masing tea.
Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning dina > urusan nu
pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh lain >
pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan
nangtukeun > pamingpin. > > Pantesna urangsunda milih
agum, sabab meureun kukitu ge geus nembongkeun > kahayang urangsunda
milu makalangan di pentas politik nasional sanajan > ngan ukur kelas
capres, lain kelas pres di ieu nagreg. Oge, saha deui nu > rek
milih agum ari lain urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres >
wacapres gurem. Geus tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok
pro > nu leutik, nu gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis
kampung PDI. > Harita alesanana teu pira, PDI teh partey gurem,
leutik bari teu > camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek
di bawa ka koramil, > angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI
partey gurem. Nya alesan > popolitikan mah aya, resep jeung ngidola
ka Bung Karno. Bari jeung maca > buku Dibawah Bendera Revolusi-na
oge teu tamat-tamat da bahasana campuran > walanda, teu kaharti.
Hahah.ari geus gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring > pangsiun jadi
partisanana. > > Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2
calon sejen, utamana bisi aya > kekecapan nu teu pantes teu merenah.
Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu > goreng. Da mun goreng mah moal
didarukung ku baladna ku parteyna ku > rahayat nu milihna. As simple
as that. > > Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang
aring. Mangga teh teuing > bade milih jurig cai oge, da kuring mah
teu rugi teu untung. Ngan reueus > we mun aya US manggung, mun aya
US punjul dina widang masing-masing. Mun > bisa mah, hayang mantuan
sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih > manehna. Sora
kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra > (signifikan),
tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, >
keukeuh sureukeuh rek milih agum. > > Salaku kuncen kusnet,
kuring boga otoritas ngahideung-bodaskeun > kaanggotaan. Bisa
ngabanned, remove jeung sajabana ka member nu minculak > atawa nu
ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal > nepi
ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda >
generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu
ngabela/milih > ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas
urangsunda: sabab bisi > ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox
bae.da terus we kitu adatna. > Neluh maneh. Haha. > >
milis ieu, oge sunda teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge
Sunda > teh nu sing saha bae nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu
hayang sunda > maju sarua atawa teu tinggaleun ti batur. si kuring
moal pundung atawa > ambek mun paket AG eleh. Da urusanana lain
meunang eleh, tapi pirage > kahayang teh aya US nu makalangan.
Peun. > > Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing. Ceuk
sms, salah saopat > tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the
teu loba, ngan ti jabar, > sumut, sulut, sulsel, pedah AG
kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan > sejen dina kadinesan. Tapi
di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab > aya Yusuf Kalla, nu
pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab > istrina AG (Linda
Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge boga > itungan
lain. Jateng Jatim, eta mah 'kandang' NU, sanajan HH urang NU, >
sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab
HH > lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun gus dur
marentah atawa > ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di kulawarga
tangtara oge tangtara > pangsiun, sora AG moal gede, sabab aya
jendral sejen dina capres, SBY > jeung WTO. > > HH+AG
paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya
US-na, > oge ku guremna. Haha. > > Hapunten ah si kuring
kamana mendi.. > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > >
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > >
Yahoo! Groups
Links > > > > >
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.
Komunitas UrangSunda
--> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|