Enya.. ah..urang sunda mah ulah pondok pikiran.
Pan urang ayeuna teh aya dina nagara anu ngaranna Nagara Kasatuan Republik Indonesia..Lamun urang keukeuh sureukeuh ngotot hayang AG jadi Wapres, taya bedana atuh jeung bobotohna Gus Dur.....
Ulah ah era...ku batur....Pan urang sunda mah teu saperti kitu..
 
 
 
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
wah wah.. geuningan urang sunda teh pondok pikiran nya ???
da asana teh milis ieu dijenengkeun teh sanes kangge anu pro agum wae ....
-----Original Message-----
From: Gunawan Yusuf [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 25, 2004 9:09 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh

sapuk Mang, ieu milist urang sunda tangtuna urang sunda nu leuwih utama,
perkawis bade ngadukung calon nu sanes mangga teuing, nanging langkung sae
meningan ngiring milist  capres tertentu
----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, May 25, 2004 1:00 AM
Subject: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh


> Kang Tatan, perkawis si kuring keukeuh milih Agum, asana mah teu
> kaleuleuwihi. Ieu milis teh ngarana masih keneh urangsunda. Lain pan atawa
> muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung merenah mun si kuring
> ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda dimana bae ayana (nu daek
> kageuing kituna oge), urang babarengan narekahan sangkan sunda dina sagala
> widang aya dina kajembaran (maksudna berkembang). Lain wungkul kasenian
> bin tatakolan, tapi oge jelemana, generasi ngorana.  Sumberdayana. Saha nu
> teu hayang seler masing2 maju?
>
> Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis netelakeun, yen US mah enya kitu.
> Paburencay. Masing-masing. Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di huma
> masing-masing tea. Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning dina
> urusan nu pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh lain
> pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan nangtukeun
> pamingpin.
>
> Pantesna urangsunda milih agum, sabab meureun kukitu ge geus nembongkeun
> kahayang urangsunda milu makalangan di pentas politik nasional sanajan
> ngan ukur kelas capres, lain kelas pres di ieu nagreg.  Oge, saha deui nu
> rek milih agum ari lain urang sunda mah? HH + AG kaasup paket capres
> wacapres gurem. Geus tibaheula mula, lengkah politik si kuring mah sok pro
> nu leutik, nu gurem. beres SMA taun 1986, si kuring aktifis kampung PDI.
> Harita alesanana teu pira, PDI teh partey gurem, leutik bari teu
> camperenik. Di bawa ka bale desa ku hansip oge rek di bawa ka koramil,
> angger we alesan teh nu teu pira kitu, PDI partey gurem. Nya alesan
> popolitikan mah aya, resep jeung ngidola ka Bung Karno. Bari jeung maca
> buku Dibawah Bendera Revolusi-na oge teu tamat-tamat da bahasana campuran
> walanda, teu kaharti. Hahah.ari geus gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring
> pangsiun jadi partisanana.
>
> Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2 calon sejen, utamana bisi aya
> kekecapan nu teu pantes teu merenah. Kabeh oge calon teh alus. Euweuh nu
> goreng. Da mun goreng mah moal didarukung ku baladna ku parteyna ku
> rahayat nu milihna. As simple as that.
>
> Sakali deui, ieu milis urangsunda. Lain urang aring. Mangga teh teuing
> bade milih jurig cai oge, da kuring mah teu rugi teu untung. Ngan reueus
> we mun aya US manggung, mun aya US punjul dina widang masing-masing. Mun
> bisa mah, hayang mantuan sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih
> manehna. Sora kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra
> (signifikan), tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan,
> keukeuh sureukeuh rek milih agum.
>
> Salaku kuncen kusnet, kuring boga otoritas ngahideung-bodaskeun
> kaanggotaan. Bisa ngabanned, remove jeung sajabana ka member nu minculak
> atawa nu ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. Tapi moal
> nepi ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada nalangsa, urang sunda
> generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu, teu milu ngabela/milih
> ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas urangsunda: sabab bisi
> ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox bae.da terus we kitu adatna.
> Neluh maneh. Haha.
>
> milis ieu, oge sunda teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge Sunda
> teh nu sing saha bae nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu hayang sunda
> maju sarua atawa teu tinggaleun ti batur. si kuring moal pundung atawa
> ambek mun paket AG eleh. Da urusanana lain meunang eleh, tapi pirage
> kahayang teh aya US nu makalangan. Peun.
>
> Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing. Ceuk sms, salah saopat
> tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the teu  loba, ngan ti jabar,
> sumut, sulut, sulsel, pedah AG kungsi pangdam wirabuana jeung jabatan
> sejen dina kadinesan. Tapi di sulsel oge indotim, pasti moal kuat, sabab
> aya Yusuf Kalla, nu pituin sulsel. Di Sumut, oge diharepkeun, sabab
> istrina AG (Linda Thaher) urang dinya. Tapi meureun paket sejen oge boga
> itungan lain. Jateng Jatim, eta mah 'kandang' NU, sanajan HH urang NU,
> sora NU pastina tamplok ka Hasim Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab HH
> lain urang dinya, tapi urang kalimantan. Komo mun gus dur marentah atawa
> ngadukung saha. Pastina ditarurut. Di kulawarga tangtara oge tangtara
> pangsiun, sora AG moal gede, sabab aya jendral sejen dina capres, SBY
> jeung WTO.
>
> HH+AG paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya US-na,
> oge ku guremna. Haha.
>
> Hapunten ah si kuring kamana mendi..
>
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke