Punten pang lereskeun bilih aya nu lepat, ma'lum ieu carios parantos 30 taun langkung kakupingna ku sim abdi, namung masih keneh seueur anu nyangsang dina emutan !!
 
Carios na mah sempalan tina epic Ramayana nyarioskeun ; "Perlayana Kumbakarna", malah mandar aya pulunganeunana !!!.
Sapertos kauninga (kaanu resep carios wayang), Prabu Dasamuka alias Prabu Rahwana raja ti Alengkadirja, kagungan tilu urang rayi, anu kahiji nyaeta Kumbakarna, tara ilibiung kana pamarentahan nujanten raka, padamelanana mung ngisat diri tatapa di gunung Gokarna, anu kadua katelahna Sarpakanaka (istri), ku rakana dipasihan jabatan janten pangawasa di alas Dandaka, anu katilu (bungsu) katelahna Wibisana, satria pinunjul benten sareng raka-rakana anu ngawujud raksasa. Teu kedah dicaturkeun kumaha saktina eta opat sadulur, ma'lum pala putra wiku linuhung, resi sakti.  
Pondokna carios, saparantos prabu Rahwana hasil nyulik dewi Sinta istrina Ramawijaya, kalayan diboyong ka karaton Alengka, anu tipayun ngageuing tuang raka nyaeta Wibisana, yen eta kalakuan nyulik dewi Sinta, hiji kalakuan angkara murka, anu baris mawa kana kaancuran Alengkadirja. Tina obrolan antawis raka sareng rayi, manasan janten hiji papaseaan, keukeuh anu nganasehatan supaya dewi Sinta diwangsulkeun deui kacarogena, keukeuh anu nolak, antukna derr janten hiji papaseaan anu rongkah, anu tungtungna sang raka kaluar amarah angkara murkana, nundung Wibasana supados ingkah ti wewengkon Alengkadirja.
Bari jeung hate anu rajet kurupi-rupi kasedih, sedih ku ditundung, sedih ninggalkeun lemah cai, sedih mikirkeun nasib Alengka kapayuna, Wibisana kaluar ti Alengkadirja mentas lautan ngajugjung pasanggrahan Pancawati digunung Suwelagiri, tempat Ramawijaya mepek balad sareng ngatur siasat kanggo ngarurug Alengkadirja.
Kacaturkeun di Pancawati, Ramawijaya saparantos kenging nasehat ti ingkang rayi Lesmana sareng para pangagung ti Guakiskenda, akhirna nampi kalawan ngangkat Wibisana janten panasehat Ramawijaya.
cag heula......., margi nyi Sinden ngahaleuangkeun lagu ; "Ekek paeh".
 
Saparantos sababaraha sasih ngawangun jalan pameuntasan laut anu ngahubungkeun daratan sareng Alengka nu aya dihiji pulo, pondokna carios janten we tah Tambaksitu Bandaluyu, der perang rongkah antara wadya balad raksasa ti Alengka sareng wadya balad wanara ti Guakiskenda, hiji-hiji senapati sareng panglima Alengka perlaya, disusul kuperlayana rayi Rahwana, Sarpakanaka, patih kamemet Prahasta, tinggal nu kantun di karaton Alengka harita Prabu Rahwana sareng tuang putra Indrajit, hiji waktos,
" Indrajit maneh ku bapa diutus ka gunung Gokarna, geura teang paman maneh Kumbakarna, bejakeun Alengka aya dina kaayaan gawat " pangandika prabu Rahwana.
Saparantos nyembah kanu janten rama sareng janten raja, gura giru Indrajit muru kagunung Gokarna, moal dicaturkeun dijalanna, kacaturkeun Kumbakarna parantos lebet kakaraton Alengka lajeng cedok nyembah.
Kumbakarna : "Kakang Prabu aya naon, ngondang kula lain wayah, tara-tara tisasari".
Rahwana :"Kumbakarna adi akang kaancuran Alengka geus aya dihareupeun mata,naha anjeun rek terus-terusan ngisat diri, moal malire nasib Alengka ???".
Kumbakarna : "Kakang !!!, naon atuh anu jadi sabab lantaran Ramawijaya ngarurug ka Alengka ??, pan kusabab kakang Prabu nyulik pamajikanana !!, kurang kumaha sibungsu Wibisana nganasehatan, kalah diusir !!!, anu antukna biluk ka musuh !!!", kitu timbalanana Kumbakarna anu salajengna, nganaha-naha prabu Rahwana nurutkeun teuing hawa nafsu angkara murka sareng sajabina-sareng sajabina.
Saparantos nguping timbalan Kumbakarna, pudigdig amarahna Rahwana, geuneuk pameunteuna siga beusi atah beuleum, janggelek pamenteuna janten sapuluh, gantawang nyarekan laklak dasar ka Kumbakarna.
Rahwana :" Ehhh !!, Kumbakarna !!!, anu diperlukeun kukaula dina waktu ieu lain nasehat tapi pangabakti andika ka ieu nagara !!!, naha teu rumasa anjeun geus cicing di ieu nagri ???, naha teu rumasa anjeun nginum cai tiieu nagri ??, naha teu rumasa anjeun geus dahar tina hasil ti ieu nagri ??, timana pakean anu ku anjen dipake ???, kurang kumaha Alengka kadiri anjeun ???",
Kitu diantawisna kasauran Rahwana, saparantos nguping kasauran nu janten raka, korejat Kumbakarna cengkat tina calikna, gidig kaluar tikaraton, saparatos dugi kapakarangan karaton lajeng matek ajianana, burulu tina tina sungutna kadaharan anu sakitu puluh taun diteda ku Kumbakarna kaluar sadayana teu aya anu kaliwat, ngalayah minuhan pakarangan karaton,  lajeng blus deui lebet ka karaton, saurna :
"Tuh kakang Prabu !!!, hutang kaula ka Alengka diwangsulkeun !!!, mangga parios bilih aya anu kirang !!!", teu kasebat ewedna Rahwana, terang kana sifat nu janten rayi, luk tungkul curucud cisocanan nyakclakan kana korsi singasana, luluh amarahna Kumbakarna, leuleus taya tangan pangawasa ninggali nu janten raka ngucurkeun cisoca, lajeng leuleuy ngandika ; "Kakang !!!, kabeh hutang barang kaula ka Alengka, tos diwangsulkeun, lunas hutang kaula ka Alengka, ngan hiji, anu kaula teu sanggup malikeunana, nya eta hutang budi ieu nagri ka diri kaula, kacinta kaula ka ieu lemah cai moal sanggup ngahalangan kaula maju ka pangperangan, Pileuleuyan kakang Prabu !!, tong ngadu'akeun kaula sangkan salamet, sabab tangtu kaula bakal perlayana saperti panglima-panglima Alengka anu sejenana !!!", cedok Kumbakarna nyembah ...gabrug Rahwana ngarangkul Kubakarna bari ngagukguk ceurik balilihan, kakara harita Rahwana ngarasa kaduhung sagede gunung, sadar kana kalakuana anu nganteurkeun nafsu angkara murka, namung dalah dikumaha (hayam enggeus jadi bubur !!!).
Teu lami tisaprakna Kumbakarna ninggalkeun istana, kakuping timedan laya, jeritna sareng koceakna wadya balad wanara anu diamuk ku Kumbakarna, teu kantos lami jempling sajongjonan, geur sora surak anu eak-eakan tiwadya balad wanara, matak eundeur karaton Alengka, tetela .......... Kumbakarna parantos perlaya !!!!.   
....................Tutup lawang sigotaka !!!................................
 
Tah .... !! para wargi dina ieu cuplikan aya dua pahlawan !!!!,
hiji ; Pahlawan Bebeneran, sok sanajan anu bener, pihak musuh, nyatana Wibisana
kadua ; Pahlawan Lemah Cai, sok sanajan Lemah Cai aya dina pihak anu salah, nyatana Kumbakarna.
Mangga !!!, tokoh mana anu bade dijantenkeun idola !!!, Wibisana atanapi Kumbakarna !!, duanana sami-sami pahlawana !!!..............
 
Sakitu !!, nyanggakeun kirang langkungna !!.
 
Pihaturna,
Dalang nu sok endut-endutan, .....maksad teh nu sok nundutan !! 
 
 
   


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke