Sapuk pisan kuring mah sareng mh,
Doktrin "yen pulitik teh kotor" ayeuna kedah dibengraskeun.
Seueur pisan ngarugikeunana etateh...
pan eta.. jadina... jarangna jalma jujur anu berminat makalangan dina dunia pulitik, anu milu nangtukeun bodaskeun jeung hideung ieu nagreg...
Akibatna...pan geus kabuktian, salilana nagara urang teh ngan ukur direreweg ku para politikus-panguasa, jeung pangusaha busuk....
Kunaon bisa kitu ?
nya tea tea sabab na...jelama jujurna caricing bae....
Jadi... salah urang sorangan...nya?,
Sok atuh dulur...nu jalujur..geura maraju...
punten ah.....
Enjang...
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jigana mah pamadegan pulitik teh kotor, kedah rada
dibengraskeun Wa Siddik. Margi lamun diteruskeun bakal
jadi mamala, jiga jadi bumerang ka US sorangan.
Misalna wae, aya beja yen anggota DPRD Jabar teh 70%
na mah lain US cenah. Tah ieu teh alatan naon, jigana
mah alatan US teu pati resep kana pulitik, da ti keur
budak keneh tos diindroktinasi yen pulitik teh kotor
tea.
Doktrin yen pulitik teh kotor, antukna seuseurna sepuh
US tara pati satuju pala-putrana ulubiung dina
pulitik. Anu antukna anu icikibung dina urusan pulitik
di tatar sunda teh anu sanes US pituin. Paham ieu teh
pan katinggal ku sadayana kapungkur, Golkar lain
partey pulitik cenah, tah anu lain Golkar mah kabeh
partey pulitik.
Kuring kursi ngadongeng di bumina Pak Obon, wakil
Dubes urang di KL. Anjeuna teh urang Majalaya asalna
mah. Kuring kungsi naros ka anjeuna, "Kunaon seueur
pisan kasus miring ngeunaan paripolah para wakil
rakyat?" Pan ti ngawitan kasus ijazah palsu, anggaran
tali asih, cincin ka deudeuh, jst. "Salah sorangan."
saur Pak Obon teh. Keunaon para cendekiawan waktu
awalna reformasi teu daraekeun jadi caleg. Antukna anu
jadi caleg teh seueur nu teu puguh alam kujurna.
Jadi ceuk pangemut kuring mah, daek teu daek lamun US
hayang maju, kudu daek ancrub dina pulitik. Sabab
didinya disawalakeunana sagala kawijakeun nasib US
teh.
Wallahualam, leres heuntuna mah.
Baktosna,
MH
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tadina mah abdi oge kantos gaduh emutan kitu !!!,
> ananging saparantos dilenyepan ; anu istiqamah mah
> sanes politisi/politikus namina, namung ; Ajengan,
> Ulama, Kyai sareng naon deui kitu !!!.
> Margi politisi/politikus mah hartosna : Tukang/ahli
> politik,
> ari politik tea pan : sami sareng kotor,
> Politisi/politikus = Tukang kotor ---> tukang
> kotoran !!!
> Polit...isi ---> janten polit na kedah aya eusi
> !!(dupi polit naon nya ?)
> Poli...tikus --> tikus mah kabeukina hulu lauk,
> upami politikus mah kabeukina hulu jalema sareng
> hulu Jabatan, sapertos : Kepala Negara, Kepala
> Dewan, Kepala Daerah sareng hulu-hulu anu sanesna.
>
> Tos akhhh !!, janten mabok iyeung !!!
>
> Pihaturna
> SSW
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Find local movie times and trailers on Yahoo! Movies.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

