Punten ieu mah mung ukur pamadegan sim abdi (rumaos sanes akhli !!!).
Ilmu pulitik na mah henteu kotor, anu (sok maen) kotor mah ahlina pulitik (pulitikusna), margi sok ngagunakeun trik-trik anu seuseueurna kotor !!!., contona mah seueur pisan : Diantawisna seueur pulitikus-pulitikus anu teu malire halal haram dina enggoning ngudag tujuan pulitikna. Teu sakedik pulitikus-pulitikus anu tega ngorbankeun puluhan, ratusan dugika rewuan nyawa kanggo tujuan politikna.
Tah kuayana kajantenan-kajantenan eta sigana, seueur para sepuh di US ngaindroktinasi pala putrana, yen politik teh kotor.
Sanes teu aya pulitikus bersih !!, seueur !!!, seueur pisan namung biasana pulitikus bersih mah jarang/tara maen dipanggung !!!.
Janten anu katinggal ku urang mah mung anu kotorna.
Saleresna, urang oge kedah saeutik-eutikeun mah diajar ilmu pulitik, supados urang henteu janten korban pulitik !!.
Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun !!!.
Pihaturna
SSW
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jigana mah pamadegan pulitik teh kotor, kedah rada
dibengraskeun Wa Siddik. Margi lamun diteruskeun bakal
jadi mamala, jiga jadi bumerang ka US sorangan.
Misalna wae, aya beja yen anggota DPRD Jabar teh 70%
na mah lain US cenah. Tah ieu teh alatan naon, jigana
mah alatan US teu pati resep kana pulitik, da ti keur
budak keneh tos diindroktinasi yen pulitik teh kotor
tea.
Doktrin yen pulitik teh kotor, antukna seuseurna sepuh
US tara pati satuju pala-putrana ulubiung dina
pulitik. Anu antukna anu icikibung dina urusan pulitik
di tatar sunda teh anu sanes US pituin. Paham ieu teh
pan katinggal ku sadayana kapungkur, Golkar lain
partey pulitik cenah, tah anu lain Golkar mah kabeh
partey pulitik.
Kuring kursi ngadongeng di bumina Pak Obon, wakil
Dubes urang di KL. Anjeuna teh urang Majalaya asalna
mah. Kuring kungsi naros ka anjeuna, "Kunaon seueur
pisan kasus miring ngeunaan paripolah para wakil
rakyat?" Pan ti ngawitan kasus ijazah palsu, anggaran
tali asih, cincin ka deudeuh, jst. "Salah sorangan."
saur Pak Obon teh. Keunaon para cendekiawan waktu
awalna reformasi teu daraekeun jadi caleg. Antukna anu
jadi caleg teh seueur nu teu puguh alam kujurna.
Jadi ceuk pangemut kuring mah, daek teu daek lamun US
hayang maju, kudu daek ancrub dina pulitik. Sabab
didinya disawalakeunana sagala kawijakeun nasib US
teh.
Wallahualam, leres heuntuna mah.
Baktosna,
MH
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

