Lamun ningali dina eta carita, duanana eta tokoh teh siga angger istiqamah dina jalur sewang-sewangan ... hartina duanana oge bisa jadi picontoeun dina enggoning ngamajukeun ieu nagri ..
 
Ari anu katingali dina capres urang ayeuna ... siga politik teh geus jadi komoditas dagangan ... ceuk lee kwuan yu tea mah tidak hanya sekedar bertemu untuk makan siang dan berbincang-bincang .. tapi ada udang di balik batu ... he .. he ...
 
Ceuk dina hiliwirna angin (detik.com) cenah PKB teh daek ngahiji jeung Golkar, asal meunang 5 jatah menteri, 2 jatah Menko ... di dieu platform partai geus teuing kamana ... nu penting meunang kawasa ... ti heula kuring resep ka Gus Dur (sanajan lain pendukungna) teh da pedah manehna hayang negakkeun ajen demokrasi jeung ngurangan korupsi di ieu nagri, beda pendapat meunang atuh tapi teu ngahalangan batur keur nembongkeun kabisana, keun rakyat nu nitah milih ... mun ningali ayeuna, ngahiji jeung partai anu cenah mah ceuk beja deui bae, duitna meunang ngumpulkeun tina ladang nu kitu ... rek kumaha bisa nguranganna ...
 
Dina koran poe ieu, asa beuki rame buleding patekadan ngadukung capres A atawa capres B ... geus beuki lieur bae ... acan oge acan geus rame ti mimiti, duka teh teuing dina prung na mah ....
 
Kahayang mah para politisi teh istiqamah, hayu bersaing secara sehat, anu dina teu meunangna ulah loba teuing koalisi bari euweuh nu jadi oposisi, antukna mah ngarah dahar jengkol teu kanyahoan dina waktu pasamoan, memeh pasamoan kabeh nu hadir dibere dahar jengkol ...
 
Dina titingalian ayeuna, asana can ningali boh Wibisana atawa Kumbakarna ... duka ka hareup mah ... wallahu alam ..
 
\budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 26, 2004 3:42 PM
Subject: [UrangSunda] Sok bade nyonto tokoh mana !!
 
Tah .... !! para wargi dina ieu cuplikan aya dua pahlawan !!!!,
hiji ; Pahlawan Bebeneran, sok sanajan anu bener, pihak musuh, nyatana Wibisana
kadua ; Pahlawan Lemah Cai, sok sanajan Lemah Cai aya dina pihak anu salah, nyatana Kumbakarna.
Mangga !!!, tokoh mana anu bade dijantenkeun idola !!!, Wibisana atanapi Kumbakarna !!, duanana sami-sami pahlawana !!!..............
 
Sakitu !!, nyanggakeun kirang langkungna !!.
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke