Bah Siddik, ieu mah pangalaman babaturan kuring, anu samemeh taun 1998 mah
teu mirosea politik, ukur mikiran urusan manehna wae. Sanggeus Shuarto
turun, manehna kalawan sumanget pisan aktif di hiji partey politik. Kuring
oge kungsi ngiluan jeung manehna teh da diajakkan, ngan kuring mah ngarasa
teu cocog, "habibat"na beda, jadi teu dituluykeun. Waktu kampanye taun 1999,
manehna ngilu riweuh ider-ideran sakulibek jabar, ongkoh deuih manehna jadi
caleg DPR Pusat, tapi lain di nomer jadi. Manehna ngilu riweuh, lain
kunanaon, tapi omongna mah kadorong ku idealisme manehna. Tapi waktu pemilu
2004, manehna geus teu pipilueun deui, haroream cenah, da geuning ngiringan
berpolitik mah kudu tahan sagala rupa, kaasup kudu tahan miceun
..........idealisme nu satadina mah rek diperjuangkeun.

Salah sahiji kahanjelu manehna teh, anu sering didongengkeun, nyaeta di jero
partey politik sabenerna mah loba intrik, silih dedetkeun jeung babaturan
teu aneh. Anu cilaka lamun dua kolompok nu bersaing di jero partey mamawa
massa pendukungna, jadina bentrok, saperti kajadian di jero partey tempat
manehna jadi anggota. Para pendukung oge, kadang-kadang kasatianana teh lain
kulantaran ngarasa idealisme/ideologi sarua tapi .........hehehehe duit.
Malah ceuk manehna ieu nu paling dominan. Jadi lamun teu boga duit mah, tong
hayang boga pendukung di jero partey. Idealisme/Ideologi jadina teh ngan
ukur jadi "hiasan" wungkul.

Manehna oge manghanjelukeun ka sikep rakyat di urang. Waktu manehna mimiti
ditulis di koran jadi Caleg DPR sementara, terus manehna datang ka tempat
daerah pemilihan manehna. Datang teh teu nyandak nanaon da dipikirna
didaerah mah teu siga di kota. Na ari rob teh dironom, pada nanya mana
kaosna? mana dana keur kampanye? Geuning teu mamawa nanaon, balik deui we
kadituh, da didieu mah perlu kaos saratus rewu bagikeuneun, duit sa"anu"
.....jrrd. Batur kuring teh ukur olohok, geuning kieu ari jadi "caleg" teh.
Manehna nembe sadar sanes iedologi nau penting tapi ..........artos.

Ceuk kuring mah, umumna urang Sunda teu bisa ngiluan hal-hal anu rada teu
mirosea etika, sagala rupa dilabrak asal tujuan katepi. Kulantaran ari di
dunya politik mah kadang-kadang sagala cara "dihalalkeun", loba urang Sunda
nu murengked, teu wani ngalanggar etika, leuwih aman lamun teu jadi
politikus. Tapi teu sadayana urang Sunda kitu, aya oge anu henteu, tahan
banting, wantunan janten "kararandel", maksad teh janten kandel kulit
beungeut ....................hehehehe

Tos ah.......

=BahWilly=


----- Original Message -----
From: Siddik Wiradireja
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 27, 2004 11:53 AM
Subject: Re: [UrangSunda] Sok bade nyonto tokoh mana !!


Punten ieu mah mung ukur pamadegan sim abdi (rumaos sanes akhli !!!).
Ilmu pulitik na mah henteu kotor, anu (sok maen) kotor mah ahlina pulitik
(pulitikusna), margi sok ngagunakeun trik-trik anu seuseueurna kotor !!!.,
contona mah seueur pisan : Diantawisna seueur pulitikus-pulitikus anu teu
malire halal haram dina enggoning ngudag tujuan pulitikna. Teu sakedik
pulitikus-pulitikus anu tega ngorbankeun puluhan, ratusan dugika rewuan
nyawa kanggo tujuan politikna.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke