Basa Andi Malarangeng ngadegkeun PDK loba nu muji eta teh ngarupakeun tindakan nyata manehna dina partipasi ngawangun ieu nagri. Pamanggih kuring mah eta teh langkah anu salah, sabab Andi mah leuwih pas lamun jadi intelektual tibatan politisi atawa politikus.
 
Geuning kabuktian, dina pemilu kamari PDK ngan meunang sora anu saeutik, tungtungna PDK cenah rek ngadukung Wiranto, ti dinya Andi mundur tina PDK. Di dieu nunjukeun manehna istiqamah da tujuan ngadirikeun partai teh keur kamaslahatan umat lain keur kapentingan duit atawa pribadina.
 
Di PBB aya Ahmad Sumargono, sanajan ceuk partaina kudu milih ka SBY manehna keukeuh teu satuju da kapan platform partaina beda, sanajan teu mundur siga Andi, AS angger dina pamadegan partai-na.
 
Atuh US sunda oge aya Ali Sadikin, sanajan manehna jadi gubernur DKI, leuwih deukeut ka rakyat tibatan kan pak de harto, nepi ka sanggeus eureun tina gubernur hese boga imah di jakarta. Ku sikepna anu siga eta, nepi ka ayeuna Bang Ali jadi implengan warga Jakarta.
 
taun 1986 asana mah, zaman harengreng politik golkar harita, kuring masih keneh SMP, di tempat ngaji teh ajengan ngajelaskeun yen ayeuna mah warga sabudeureun pasantren meunang milih wae dina pemilu da NU harita geus mulang ka KHITTAH 1926. NU moal aya dina lingkungan politik, tapi ngarupakeun organisasi sosial keur kamaslahatan umat. Ayeuna kuring ngarti eta teh ngarah masyarakat leuwih demokrasi dina nyalurkeun aspirasi nurutkeun kana hate nurani tea ....
 
dina kamus Chambers, politic = the wisest or most sensible thing to do in the circumtances, politics = any activity or manoeuvre aimed at achieving power or advantage over others within a particular group or organization. lamun ningali harti anu kahiji, tangtu ieu nagri bakal leuwih gemah ripah loh jinawi, ngan meureun ieu mah, ku sabab ieu nagreg loba jalmana jadi kudu dina bentuk jamak ....
 
\budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Thursday, May 27, 2004 12:49 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Sok bade nyonto tokoh mana !!
 
Tadina mah abdi oge kantos gaduh emutan kitu !!!, ananging saparantos dilenyepan ; anu istiqamah mah sanes politisi/politikus namina, namung ; Ajengan, Ulama, Kyai sareng naon deui kitu !!!.
Margi politisi/politikus mah hartosna : Tukang/ahli politik,
ari politik tea pan :  sami sareng kotor, 
Politisi/politikus = Tukang kotor ---> tukang kotoran !!!
Polit...isi ---> janten polit na kedah aya eusi !!(dupi polit naon nya ?)   
Poli...tikus --> tikus mah kabeukina hulu lauk, upami politikus mah kabeukina hulu jalema sareng hulu Jabatan, sapertos : Kepala Negara, Kepala Dewan, Kepala Daerah sareng hulu-hulu anu sanesna.
 
Tos akhhh !!, janten mabok iyeung !!!
 
Pihaturna
SSW  


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke