Kang Gunawan,
Leres numutkeun katerangan dina buku Kang Yoseph Iskandar, anu
sumberna tina Naskah Wangsakerta, mah kitu. Lebetna Islam anu siga
ayeuna nya dina sabudeureun abad ka 13-14 M.
Anu jadi emutan teh, naha heunteu mungkin aya Islam dina wangun
sejen, upamana Islam dina spiritna anu heunteu ngagegedekeun simbol,
kalebet tempat ibadah mangrupi masjid, jsb, heunteu ngageungkeun
urusan ritual, anu lebet samemeh abad ka-13 M? Upami urang ngilikan
kanyataan anu aya dina lebah sarimbagna acining kasundaan sareng
Islam, malah tiasa disebatkeun lir gula jeung amisna, asana
kamungkinan di luhur heunteu mustahil.
Diantara acining Islam-Sunda anu disebut lir gula jeung amisna teh
nya diantarana 3 ajen inajen kasundaan: Rawayan Jati Silih Asih-
Silih Asah-Silih Asuh (SILAS); Ngertakeun Bumi Lamba, jeung mulasara
Kabuyutan.
Kahiji, SILAS tiasa disebat ringkelan praktis tina prak-prakan
ngamalkeun kecap "Bismillahirrahmanirrahim". Tegesna, ringkesan tina
pangamalan Asma/Sifat Alloh anu ngarupakeun Asma/Sifat Alloh pang
jugalana, anu poko, anu ngalahirkeun af'al (padamelan) Alloh
ngagelarkeun makhlukna di alam persada ieu.
Asma anu Maha Welas tur Maha Asih kelebet Asma anu
disebat "Jamaliyyah" (feminisme) tea. Jamaliyyah dominan, sedeng
Asma/Sufat "Jalaliyyah" Pangeran pangjangkep bae kana Asma/Sifat
Jamaliyyahna. Kukituna, kahartos upama dina kosmologi kasundaan,
Sunan Ambu (istri) langkung dominan tinimbang pameget (disombolkeun
ku Guru Minda atawa Mundinglayadikusuma).
Kadua, Ngertakeun Bumi Lamba, teu aya sanes sawanda pisan sareng
dimensi penting Agama Islam. Ngertakeun Bumi Lamba (NBL) teh hiji
ajaran atawa sikep hirup anu netelakeun yen laku hirup anu baris
ngalahirkeun kajayaan (heubeul jaya di Bhuana) atawa jugala dina
sagala medan "pangperangan" (tanjer dina juritan) teu aya sanes amal
kahadean ka papada manusa jeung makhluk sejenna ("pakena gawe
rahayu") atawa anu disebut urusan/dimensi sosial tea. Pakena Gawe
Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Bhuana", kitu ceuk salah sahiji
prasasti Sunda.
Sumanget NBL dina Islam sami. Upama urang nitenan Al-Qur'an, 90%
eusi aya Al-Qur'an teh ngajelaskeun pentingna urusan sosial. Ti
kawitan periode Mekkah keneh, ayat-ayat Al-Qur'an anu turun tos
ngagedor-gedor panto urusan sosial. Anu disebut ngabohong dina
agama, ceuk Al-Qur'an, nya sanes jalmi anu, punten, bulang betong
sholatna (kuat ibadah mahdohna), namung teu aya sanes kajabi ti
jalmi anu heunteu ngurusanan anak yatim jeung heunteu mere kadaharan
ka budak yatim (hartosna heunteu ngokolakeun kawalatraan ekonomi ka
anu kakirangan). Oge ayat-ayat sanesna ngeunaan urusan sosial ieu
sumebar di sakuliah Al-Qur'an.
Katilu, ngeunaan Kabuyutan......ke atuh urang guar manawi pareng,
bilih panjang teuing. Oge saleresna mah mindeng diguar sateuacanna.
Tiasa dipaluruh dina arsip file, boh di urang Sunda atanapi kisunda.
Kacindekan tina dadaran di luhur, upamana bae Islam lebet ka Tatar
Sunda teh ti kawit abad 6-7 M, ageung kamungkinan Islam anu lebet
teh Islam dina spiritna atawa ajaran-ajara poko-na anu langkung
condong kana Islam falsafahna, anu langkung ngageugkeun ibadah
sosial tinimbang ibadah mahdhoh (ritual). Malah, bisa jadi, ayeuna
urang Islam langkung ngageungkeun ibadah ritual jeung simbol-simbol
kaIslaman teh kusabab sumpingna Islam periode kadua, anu, tina
sajarah, sumebarna teh diantarana ku cara peperangan.
Cag heula, bilih seueur lepatna.
Baktos,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Nurutkeun ahli sajarah Prof Drs Yoseph Iskandar, dumasar kana
naskah
> wangsakerta, Islam dianut ku Bratalegawa anjeuna putra Bunisora
mangkubumi
> karajaan Galuh.
> ----- Original Message -----
> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Wednesday, June 16, 2004 7:56 AM
> Subject: [UrangSunda] Peta Sajarah Sumebarna Islam (661 - 1500) -
bagian 1
>
>
> > Kuring manggih peta kuna ngeunaan sajarah sumebarna
> > Islam ti mimiti abab ka-6 nepi ka abad ka-15. Petana
> > ku kuring diselipkeun kana email, da teu gede ieuh,
> > ngan 1mb totalna tina 6 file teh. Jigana peta ieu bisa
> > dipake keur nambahan ngalelebah, iraha Islam nepi
> > tatar Sunda?
> >
> > Numutkeun ieu peta nepi ka abad ka 13, syiar Islam
> > kakarek nepi ka Selat Malaka, tungtung Pulo Sumatra.
> > Tah abab ka 15 mah Islam teh geus nepi ka Sulawesi,
> > kaasup Semenanjung Malaya, Pulo Sumatra, Pulo Jawa,
> > jeung sabudereunana. Atuh ka tatar Sunda oge lamun
> > make peta ieu mah kakarek abad ka 15 tah asupna Islam
> > teh.
> >
> > Wallahualam.
> > MH
> >
> >
> >
> > __________________________________
> > Do you Yahoo!?
> > Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
> > http://promotions.yahoo.com/new_mail
> >
> >
> > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> -------------------------------------------------------------------
---------
> ----
>
>
>
>
>
>
> -------------------------------------------------------------------
---------
> ----
>
>
>
>
>
>
> -------------------------------------------------------------------
---------
> ----
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/