|
Insya Alloh, leres pisan kitu
Kang!
Kang Hasan di Garutna palih mana?
Hapunten si kuring mah nuju
ngadepong heula bae.......,
Wassalam,
dudi_ss
'Islam'
dina harti spirit mah, keur kuring leuwih payus dihartikeun 'nilai global'
hasil akal-budi manusa. Kapan Islam teh apan diturunkeun
keur nyampurnakeun agama nu tos aya samemehna. Jadi nilai-nilai 'Islam'
dina harti ieu mah bisa aya dimana wae. Contona, kapan urang bule nu teu
formal ngagem Islam, dina palebah ngamalkeun soson-soson
digawe, ngutamakeun milih pamimpin nu relatif jujur, ngahargaan waktu,
jeung sajabana, asana leuwih 'Islami' manehna dibandingkeun jeung urang anu
formal ngagem Islam.
Conto lain, lamun kuring lalajo film India,
apan lembaga perkawinan, lembaga keluarga, hubungan anak jeung kolot, ku
si eta mah kacida dijagana tara ieuh wanieun sagawayah. Apan lamun ninggali
sinetron urang mah, teu saeutik eusina teh sirik pidik, anak ngalawan ka
kolot, fitnah ngarinah, jeung sajabana.
Wallahualam. MH
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|