Kang Yoseph Iskandar kantos dongkap ka perkampungan Baduy, anjeuna gaduh
hipotesa ayana hal-hal nu sami antawis islam sareng baduy (sunda),
diantawisna
1. Nu disembahna nyaeta Sang Hyang Tunggal, karuhun sunda nyebatna Hiyang
Seda Niskala (Hiyang=Tuhan, Seda=Sempurna,Niskala=Gaib), upami ditengetan
hal ieu teh sami sareng sifat 20 dina ajaran Islam mung panginten benten
bahasa wungkul panginten
2.Urang  baduy upami pupus, dimandian heula nembe dikurebkeun, sami sareng
islam
3. Urang baduy oge  ngangken yen Nabi Adam teh karuhun baduy
4. Saur hiji jaro di baduy jero nyarios, yen urang baduy ngasingkeun diri
teh sanes alim lebet islam nalika Sultan Banten, nanging anjeuna aya di eta
wewengkon jauh sateuacan agami islam, hindu, dongkap ka Indonesia
sementawis ayeuna Kang Yoseph Iskandar gaduh hipotesa panginten urang baduy
teh masih keneh umatna ti Nabi Ibrahim AS, perkawis islam lebet ka tatar
sunda abad 6-7 M hiji hal nu tiasa kajantenan, ngenaan hal ieu mangga
pedaranna diantos pisan.
----- Original Message -----
From: "o_arahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, June 16, 2004 10:03 AM
Subject: [UrangSunda] Eusining Islam Abd 7 M->Re: Peta Sajarah Sumebarna
Islam (661 - 1500) - bagian 1


> Kang Gunawan,
>
> Leres numutkeun katerangan dina buku Kang Yoseph Iskandar, anu
> sumberna tina Naskah Wangsakerta, mah kitu. Lebetna Islam anu siga
> ayeuna  nya dina sabudeureun abad ka 13-14 M.
>
> Anu jadi emutan teh, naha heunteu mungkin aya Islam dina wangun
> sejen, upamana Islam dina spiritna anu heunteu ngagegedekeun simbol,
> kalebet tempat ibadah mangrupi masjid, jsb, heunteu ngageungkeun
> urusan ritual, anu lebet samemeh abad ka-13 M? Upami urang ngilikan
> kanyataan anu aya dina lebah sarimbagna acining kasundaan sareng
> Islam, malah tiasa disebatkeun lir gula jeung amisna, asana
> kamungkinan di luhur heunteu mustahil.
>
> Diantara acining Islam-Sunda anu disebut lir gula jeung amisna teh
> nya diantarana 3 ajen inajen kasundaan: Rawayan Jati Silih Asih-
> Silih Asah-Silih Asuh (SILAS); Ngertakeun Bumi Lamba, jeung mulasara
> Kabuyutan.
>
> Kahiji, SILAS tiasa disebat ringkelan praktis tina prak-prakan
> ngamalkeun kecap "Bismillahirrahmanirrahim". Tegesna, ringkesan tina
> pangamalan Asma/Sifat Alloh  anu ngarupakeun Asma/Sifat Alloh pang
> jugalana, anu poko, anu ngalahirkeun af'al (padamelan) Alloh
> ngagelarkeun makhlukna di alam persada ieu.
>
> Asma anu Maha Welas tur Maha Asih kelebet Asma anu
> disebat "Jamaliyyah" (feminisme) tea. Jamaliyyah dominan, sedeng
> Asma/Sufat "Jalaliyyah"  Pangeran pangjangkep bae kana Asma/Sifat
> Jamaliyyahna. Kukituna, kahartos upama dina kosmologi kasundaan,
> Sunan Ambu (istri) langkung dominan tinimbang pameget (disombolkeun
> ku Guru Minda atawa Mundinglayadikusuma).
>
> Kadua, Ngertakeun Bumi Lamba, teu aya sanes sawanda pisan sareng
> dimensi penting Agama Islam. Ngertakeun Bumi Lamba (NBL) teh hiji
> ajaran atawa sikep hirup anu netelakeun yen laku hirup anu baris
> ngalahirkeun kajayaan (heubeul jaya di Bhuana) atawa jugala dina
> sagala medan "pangperangan" (tanjer dina juritan) teu aya sanes amal
> kahadean ka papada manusa jeung makhluk sejenna ("pakena gawe
> rahayu") atawa anu disebut urusan/dimensi sosial tea. Pakena Gawe
> Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Bhuana", kitu ceuk salah sahiji
> prasasti Sunda.
>
> Sumanget NBL dina Islam sami. Upama urang nitenan Al-Qur'an, 90%
> eusi aya Al-Qur'an teh ngajelaskeun pentingna urusan sosial. Ti
> kawitan periode Mekkah keneh, ayat-ayat Al-Qur'an anu turun tos
> ngagedor-gedor panto urusan sosial. Anu disebut ngabohong dina
> agama, ceuk Al-Qur'an, nya sanes jalmi anu, punten, bulang betong
> sholatna (kuat ibadah mahdohna), namung teu aya sanes kajabi ti
> jalmi anu heunteu ngurusanan anak yatim jeung heunteu mere kadaharan
> ka budak yatim (hartosna heunteu ngokolakeun kawalatraan ekonomi ka
> anu kakirangan). Oge ayat-ayat sanesna ngeunaan urusan sosial ieu
> sumebar di sakuliah Al-Qur'an.
>
> Katilu, ngeunaan Kabuyutan......ke atuh urang guar manawi pareng,
> bilih panjang teuing. Oge saleresna mah mindeng diguar sateuacanna.
> Tiasa dipaluruh dina arsip file, boh di urang Sunda atanapi kisunda.
>
> Kacindekan tina dadaran di luhur, upamana bae Islam lebet ka Tatar
> Sunda teh ti kawit abad 6-7 M, ageung kamungkinan Islam anu lebet
> teh Islam dina spiritna atawa ajaran-ajara poko-na anu langkung
> condong kana Islam falsafahna, anu langkung ngageugkeun ibadah
> sosial tinimbang ibadah mahdhoh (ritual). Malah, bisa jadi, ayeuna
> urang Islam langkung ngageungkeun ibadah ritual jeung simbol-simbol
> kaIslaman teh kusabab sumpingna Islam periode kadua, anu, tina
> sajarah, sumebarna teh diantarana ku cara peperangan.
>
> Cag heula, bilih seueur lepatna.
>
> Baktos,
> manAR
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Nurutkeun ahli sajarah Prof Drs Yoseph Iskandar, dumasar kana
> naskah
> > wangsakerta, Islam dianut ku Bratalegawa anjeuna putra Bunisora
> mangkubumi
> > karajaan Galuh.
> > ----- Original Message -----
> > From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: <[EMAIL PROTECTED]>
> > Sent: Wednesday, June 16, 2004 7:56 AM
> > Subject: [UrangSunda] Peta Sajarah Sumebarna Islam (661 - 1500) -
> bagian 1
> >
> >
> > > Kuring manggih peta kuna ngeunaan sajarah sumebarna
> > > Islam ti mimiti abab ka-6 nepi ka abad ka-15. Petana
> > > ku kuring diselipkeun kana email, da teu gede ieuh,
> > > ngan 1mb totalna tina 6 file teh. Jigana peta ieu bisa
> > > dipake keur nambahan ngalelebah, iraha Islam nepi
> > > tatar Sunda?
> > >
> > > Numutkeun ieu peta nepi ka abad ka 13, syiar Islam
> > > kakarek nepi ka Selat Malaka, tungtung Pulo Sumatra.
> > > Tah abab ka 15 mah Islam teh geus nepi ka Sulawesi,
> > > kaasup Semenanjung Malaya, Pulo Sumatra, Pulo Jawa,
> > > jeung sabudereunana. Atuh ka tatar Sunda oge lamun
> > > make peta ieu mah kakarek abad ka 15 tah asupna Islam
> > > teh.
> > >
> > > Wallahualam.
> > > MH
> > >
> > >
> > >
> > > __________________________________
> > > Do you Yahoo!?
> > > Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
> > > http://promotions.yahoo.com/new_mail
> > >
> > >
> > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
> > >
> > > Yahoo! Groups Links
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> > -------------------------------------------------------------------
> ---------
> > ----
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > -------------------------------------------------------------------
> ---------
> > ----
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > -------------------------------------------------------------------
> ---------
> > ----
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke