--- o_arahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Anu jadi emutan teh, naha heunteu mungkin aya Islam
> dina wangun sejen, upamana Islam dina spiritna anu
> heunteu ngagegedekeun simbol, kalebet tempat ibadah
> mangrupi masjid, jsb, heunteu ngageungkeun urusan
> ritual, anu lebet samemeh abad ka-13 M? Upami
> urang ngilikan kanyataan anu aya dina lebah
> sarimbagna acining kasundaan sareng
> Islam, malah tiasa disebatkeun lir gula jeung
> amisna, asana kamungkinan di luhur heunteu mustahil.
'Islam' dina harti spirit mah, keur kuring leuwih
payus dihartikeun 'nilai global' hasil akal-budi
manusa. Kapan Islam teh apan diturunkeun keur
nyampurnakeun agama nu tos aya samemehna. Jadi
nilai-nilai 'Islam' dina harti ieu mah bisa aya dimana
wae. Contona, kapan urang bule nu teu formal ngagem
Islam, dina palebah ngamalkeun soson-soson digawe,
ngutamakeun milih pamimpin nu relatif jujur,
ngahargaan waktu, jeung sajabana, asana leuwih
'Islami' manehna dibandingkeun jeung urang anu formal
ngagem Islam.
Conto lain, lamun kuring lalajo film India, apan
lembaga perkawinan, lembaga keluarga, hubungan anak
jeung kolot, ku si eta mah kacida dijagana tara ieuh
wanieun sagawayah. Apan lamun ninggali sinetron urang
mah, teu saeutik eusina teh sirik pidik, anak ngalawan
ka kolot, fitnah ngarinah, jeung sajabana.
Wallahualam.
MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/