Nurutkeun ahli sajarah Prof Drs Yoseph Iskandar, dumasar kana naskah
wangsakerta, Islam dianut ku Bratalegawa anjeuna putra Bunisora mangkubumi
karajaan Galuh. Saparantos Prabu Linggabuana (Prabu Wangi) pupus nalika
perang bubat, kakuasaan karajaan dicepeng ku rai Prabu Linggabuana nyaeta
Bunisora, anjeuna oge nu ngadidik putra Prabu Linggabuana nyaeta
Wastukancana dugi ka janten maharaja. Prabu Wastukenca teh akina Prabu
Jayadewata, Sri Baduga Maharaja, Prabu Siliwangi. Dina naskah babad cirebon,
disebat yen Jayadewata (sateuacan janten Maharaja) ngiring perlombaan (duel
kanuragan,jago) kanggo ngengingkeun Nyi Subang Larang nu muridna Syech Quro
di Karawang kinten-kinten taun 1411 M. Logikana upami harita yuswa
Jayadewata minimal yuswa akil baligh (17 taun), tangtos yuswa ramana 40
taun, akina kinten-kinten minimal 60 taun. Janten taun kalahiran akina
kinten-kinten taun 1351 M, lajeng akil balighna tambih 17 taun janten taun
1368 M, kumargi Bratalegawa teh masih keneh saderek misanna Wastukancana,
janten Bratalegawa teh masih keneh kapi Aki ti Jayadewata. Bratalegawa lebet
islam kumargi anjeuna teh salah saurang sodagar bengkar nu sok ngumbara ka
mancanegara, diantawisna ka nagara-nagara Islam, dina ngajalankeun bisnisna
sering aya hubungan sareng saudagar muslim, ti harita anjeuna lajeng lebet
islam, malihan anjeuna kantos ngajalankeun rukun islam ka lima nyaeta
"Haji", anjeuna oge kenging gelar "Haji Purwa (munggaran)", bojo anjeuna oge
ti nagara arab malihan tos kenging gelar "Hajjah".
----- Original Message -----
From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, June 16, 2004 7:56 AM
Subject: [UrangSunda] Peta Sajarah Sumebarna Islam (661 - 1500) - bagian 1


> Kuring manggih peta kuna ngeunaan sajarah sumebarna
> Islam ti mimiti abab ka-6 nepi ka abad ka-15. Petana
> ku kuring diselipkeun kana email, da teu gede ieuh,
> ngan 1mb totalna tina 6 file teh. Jigana peta ieu bisa
> dipake keur nambahan ngalelebah, iraha Islam nepi
> tatar Sunda?
>
> Numutkeun ieu peta nepi ka abad ka 13, syiar Islam
> kakarek nepi ka Selat Malaka, tungtung Pulo Sumatra.
> Tah abab ka 15 mah Islam teh geus nepi ka Sulawesi,
> kaasup Semenanjung Malaya, Pulo Sumatra, Pulo Jawa,
> jeung sabudereunana. Atuh ka tatar Sunda oge lamun
> make peta ieu mah kakarek abad ka 15 tah asupna Islam
> teh.
>
> Wallahualam.
> MH
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>


----------------------------------------------------------------------------
----






----------------------------------------------------------------------------
----






----------------------------------------------------------------------------
----







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke