Ieu oge cek cenah, tina hiji buku (geus euweuh di Gramediana oge), pajar
keun ari urang Yahudi ngatik anak-anakna atawa barudakna sok disingsieunan
(lain disingsieunan ku jurig, uka-uka atawa penampakan) contona kusabab
sieun kukolot jadi sok ngabohong, ku sabab kabiasaan, nepi ka gedena oge
sieta mah jarago bohong jeung pinter deuih. ceuk batur kuring mah nyeieun
babandingan pajarkeun teh 1 yahudi sarua jeung 6 cina cenah, teuing ti mana
tah.

Ari urang Irak mah sok diatik ku kajujuran jadi nepi kagedena oge jalujur
kitu cenah si eta mah.

Ari urang Jepang mah diatikna teh kana tana tanggung jawab, nepi kagedena
oge  sieta mah wani hara-kiri pan.

Ari urang cina mah diatikna teh kana perecit/hemat  nepi ka sok rada ekstrim
(naon atuh sundana "kacida teuing" kitu ?) nepi kakolotna teh si eta mah sok
rada licik. Pangalaman simkuring (ieu mah cina di Indonesia) lamun urang
balanja di toko cina atawa supermarket lamun mulangan sok kurang  utamana
pamulanganana duit recahan, tapi lamun mayar mah teu meunang kurang
sapeser-peser acan. Ngeunah Ehe teu ngenah Eon.

Tah kumah ari bangsa kuring, cenah ceuk eta buku lamun aya kolot atawa
indung-bapana barudak keur nungtun atawa mawa jalan anakna, seug eta budak
teh titajong kana batu atawa juru meja,  ceuk kolotna teh :" Ih, batu(atawa
meja)  teh bangor/nakal/baong jsb".bari jeung sakapeung sok disepak eta batu
atawa meja teh. Tah tina salah sapuluh atikan eta teh  kabawa nepi ke gede.
Jadi lamun aya kajadian goreng teh bangsa urang mah sok neangan embe
hideung..........Duka tah.

Pihatur
Yus.R




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke