Aya conto lain anu kapanggih ku kuring di tatangga.
Keur jaman sakola geus ilahar unggal isuk guru teh sok
'ngabsen' heula. Ari maksudna teh mariksa hadir
heunteuna barudak sakola. Teuing kunaon eta gawe teh
disebutna 'ngabsen',  terus buku catetanana oge
disebut 'buku absen'. Padahal ari 'absen' hartina 'teu
hadir' lin? Realitana mah ari kangaranan sakola, sok
leuwih loba nu hadir manan nu teu hadir. Naha teu
disebut 'buku daftar hadir' kalahka disebut 'buku
absen'? 

Kulantaran disebutna oge 'buku absen' atuh meureun anu
nerap dina ingetan ti mimiti budak sakola teh ngan
'absen', 'absen', jeung 'absen' we. Lain 'hadir',
'hadir', jeung 'hadir'. Kabuktian ayeuna loba anggota
dewan anu resep mangkir, da ingetna 'absen', 'absen',
jeung 'absen'.

Tah di tatangga mah eta 'buku absen' teh disebutna
'buku presensi' nyaeta buku daftar hadir. Jadi rada
beda karasana, asa aya do'a, asa aya pangharepan.

Wallahualam.
MH

--- kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya...., damang...?
> leres bin bener eta kang Yus, kabiasaan kolot
> baheula sok kitu. malah 
> nular tepi kaanak incuna, padahal eta teh kabiasaan
> salah nya...
> coba lamun atikan urang irak, jepang, cina jeung nu
> liana (nu hadena) 
> terapkeun ka anak incu urang sigana insya Allah
> hasilna bakal jadi nu 
> pinunjul nya...
> hayu atuh urang mimitian ku urang salaku generasi
> anyar, pikeun 
> ngamimitian ngatik barudak teh kucara-cara anu hade
> tur kaharti ku 
> akal.
> 
> Cag...ah, hatur nuhun.
> 
> BM'69
> -punten dupi ieu teh kang Yus R anu ti sumedang
> sanes...? (punten 
> bilil lepat)
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], "500131"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ieu oge cek cenah, tina hiji buku (geus euweuh di
> Gramediana oge), 
> pajar
> > keun ari urang Yahudi ngatik anak-anakna atawa
> barudakna sok 
> disingsieunan
> > (lain disingsieunan ku jurig, uka-uka atawa
> penampakan) contona 
> kusabab
> > sieun kukolot jadi sok ngabohong, ku sabab
> kabiasaan, nepi ka 
> gedena oge
> > sieta mah jarago bohong jeung pinter deuih. ceuk
> batur kuring mah 
> nyeieun
> > babandingan pajarkeun teh 1 yahudi sarua jeung 6
> cina cenah, teuing 
> ti mana
> > tah.
> > 
> > Ari urang Irak mah sok diatik ku kajujuran jadi
> nepi kagedena oge 
> jalujur
> > kitu cenah si eta mah.
> > 
> > Ari urang Jepang mah diatikna teh kana tana
> tanggung jawab, nepi 
> kagedena
> > oge  sieta mah wani hara-kiri pan.
> > 
> > Ari urang cina mah diatikna teh kana perecit/hemat
>  nepi ka sok 
> rada ekstrim
> > (naon atuh sundana "kacida teuing" kitu ?) nepi
> kakolotna teh si 
> eta mah sok
> > rada licik. Pangalaman simkuring (ieu mah cina di
> Indonesia) lamun 
> urang
> > balanja di toko cina atawa supermarket lamun
> mulangan sok kurang  
> utamana
> > pamulanganana duit recahan, tapi lamun mayar mah
> teu meunang kurang
> > sapeser-peser acan. Ngeunah Ehe teu ngenah Eon.
> > 
> > Tah kumah ari bangsa kuring, cenah ceuk eta buku
> lamun aya kolot 
> atawa
> > indung-bapana barudak keur nungtun atawa mawa
> jalan anakna, seug 
> eta budak
> > teh titajong kana batu atawa juru meja,  ceuk
> kolotna teh :" Ih, 
> batu(atawa
> > meja)  teh bangor/nakal/baong jsb".bari jeung
> sakapeung sok disepak 
> eta batu
> > atawa meja teh. Tah tina salah sapuluh atikan eta
> teh  kabawa nepi 
> ke gede.
> > Jadi lamun aya kajadian goreng teh bangsa urang
> mah sok neangan embe
> > hideung..........Duka tah.
> > 
> > Pihatur
> > Yus.R
> 
> 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke