Haturan baraya...., damang...? leres bin bener eta kang Yus, kabiasaan kolot baheula sok kitu. malah nular tepi kaanak incuna, padahal eta teh kabiasaan salah nya... coba lamun atikan urang irak, jepang, cina jeung nu liana (nu hadena) terapkeun ka anak incu urang sigana insya Allah hasilna bakal jadi nu pinunjul nya... hayu atuh urang mimitian ku urang salaku generasi anyar, pikeun ngamimitian ngatik barudak teh kucara-cara anu hade tur kaharti ku akal.
Cag...ah, hatur nuhun. BM'69 -punten dupi ieu teh kang Yus R anu ti sumedang sanes...? (punten bilil lepat) --- In [EMAIL PROTECTED], "500131" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ieu oge cek cenah, tina hiji buku (geus euweuh di Gramediana oge), pajar > keun ari urang Yahudi ngatik anak-anakna atawa barudakna sok disingsieunan > (lain disingsieunan ku jurig, uka-uka atawa penampakan) contona kusabab > sieun kukolot jadi sok ngabohong, ku sabab kabiasaan, nepi ka gedena oge > sieta mah jarago bohong jeung pinter deuih. ceuk batur kuring mah nyeieun > babandingan pajarkeun teh 1 yahudi sarua jeung 6 cina cenah, teuing ti mana > tah. > > Ari urang Irak mah sok diatik ku kajujuran jadi nepi kagedena oge jalujur > kitu cenah si eta mah. > > Ari urang Jepang mah diatikna teh kana tana tanggung jawab, nepi kagedena > oge sieta mah wani hara-kiri pan. > > Ari urang cina mah diatikna teh kana perecit/hemat nepi ka sok rada ekstrim > (naon atuh sundana "kacida teuing" kitu ?) nepi kakolotna teh si eta mah sok > rada licik. Pangalaman simkuring (ieu mah cina di Indonesia) lamun urang > balanja di toko cina atawa supermarket lamun mulangan sok kurang utamana > pamulanganana duit recahan, tapi lamun mayar mah teu meunang kurang > sapeser-peser acan. Ngeunah Ehe teu ngenah Eon. > > Tah kumah ari bangsa kuring, cenah ceuk eta buku lamun aya kolot atawa > indung-bapana barudak keur nungtun atawa mawa jalan anakna, seug eta budak > teh titajong kana batu atawa juru meja, ceuk kolotna teh :" Ih, batu(atawa > meja) teh bangor/nakal/baong jsb".bari jeung sakapeung sok disepak eta batu > atawa meja teh. Tah tina salah sapuluh atikan eta teh kabawa nepi ke gede. > Jadi lamun aya kajadian goreng teh bangsa urang mah sok neangan embe > hideung..........Duka tah. > > Pihatur > Yus.R ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

