Ih, kutan di Kang BM di Cibeureum?. Atuh tatanggi da Simkuring oge di
Cibeureum di Jl. Troposcater No.8 Kebonkopi Cimahi.
Ah..matak waas ka Sumedang teh, harita teh tahun kira-kira 70 umur simkuring
Duapuluh tahunan, pakasaban harita jadi kuli harian di PU seksi Sumedang
dibere tugas mantuan (asisten meureun ayeuna mah) pangawas pagawean nyieun
tanggul panahan  longsor make bronjong. Hari  teh panas ereng-erengan
Cipeles di palebah Ciherang teh rada saat, batu anu keur ngeusian bronjong
geus digundukeun sagunduk-sagunduk da tadina mah batu segede-gede beuteung
munding, ngayuh kasorenakeun ujug-ujug reup bae hieum. Peutingna ger teh
hujan gede pisan. Simkuring, harita mah bujangan keneh atuh teu balik ka
kota (deukeut Kantor Kabupaten tea), sare teh di Kantor Direksi deukeut sisi
Cipeles. Harianeun atuh hujan teh teu sirikna meunang nyicikeun ti langit,
kuring teu wani kaluar mana poek deuih. Kabayangkeun Cipeles teh ngagulidag
caina, enya caah da eta wae, sora batu diadu jeung baturna mani sing
baleledug,  palangsiang sieun longsor atuh Kantor anu dijieun tina papan teh
meureun kabawa palid. Sapeupeuting simkuring babacaan sabisa-bisa. Isukna
batu anu meunang ngagunduk-gunduk jeung sawareh anu dina boronjong leungit
kabawa palid.........cag heula ah.

wassalam
Yus.R

punten upami caritana aclog-aclogan teh.

----- Original Message -----
From: kang_boim <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, June 25, 2004 2:22 PM
Subject: [UrangSunda] Re: Atikan ka barudak (kang Yus)


> Sami-sami kang Yus...Alhamdulillah pangesto, seuer urang sumedang anu
> di kusnet teh aya kang syam R, kang jalak, mang osam, teh elly bah
> willy sareng nu sanesna.
> pami akang ayeuna linggih dimana...? abdi mah di leresan cibeureum
> Jl.Paledang No.45A pami sadidinten di Jl. Trunojoyo 26.
>
> Cag...ah, mangga teraskeun.
>
> BM'69
>
>
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke