Kang Ade, punten ieu mah, lamun teu lepat, kasus-kasus perbankan, kajadianana keur jaman Presiden Suharto sareng Presiden Habibie. Kasus BLBI anu dugi ka triliyunan rupiah teh digolontorkeun keur jaman Pak Habibie jadi presiden sareng gubernur BI'na Syaril Sabirin. Jadi lepat pisan lamun nyalahkeun pamerentahan GD atawa Mega, da GD sareng Mega mah ukur narima "warisan"nana wungkul.
Perkawis penguasaan teknokogi, panginten sarerea oge ngadukung pisan, ngan kedah diemut heula kabutuhan rahayat teh naon? upami teu ngemut eta, sagala teknologi teh jadi mubazir. Contona Uni Soviet, anu bubar gara-gara ngaloloworakeun kabatuhan dasar rakyatna, nyaeta pangan. Padahal kurang kumaha canggihna Uni Soviet, nagara anu bisa nyiptakeun "mesin perang" nu dipikasieun dalah ku Amerika oge, nagara anu pangheulana ngirim jelema ka ruang angkasa (Yuri Gagarin) . Rakyatna palalinter dugi ka aya sababraha urang kenging hadiah Nobel. Cag heula ......... =WALUYA= [sanes pendukung Mega atawa GD] ----- Original Message ----- From: Ade Arief K <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, June 24, 2004 9:37 AM Subject: [UrangSunda] Re: Humor ti Korea > > Kang Din, ari ceuk sim kuring mah nu namina tehnologi teh alat siga > peso atanapi bedog, gumantung kanu ngagunakeunnana. Da lamun di > tilik tina sajarahna oge (revolusi industri di inggris) sami oge. > kamajengan tehnologi geuningan ngaruksak kana lingkungan oge. Tapi > unggulna bangsa deungeun teh nyaeta daek diajar jeung terus diajar > tina pangalaman sateuacana, lain kudu dipopohokeun jiga di urang. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

