Haturan Kang Sulkan. Ceuk pangemut kuring mah masalah pulitik teh penting pisan diwanohan. Paling heunteu lamun teu aktif dina politik praktis, atuh ngarti-ngarti urusan pulitik. Sabab naon? Dina PR aya artikel, ringkesna kieu: (1) Tina 100 pangusaha di Jawa Barat, ngan 8 urang pangusaha Urang Sunda(US); (2) 70% Anggota DPRD Jawa Barat lain US pituin; (3) Tina 10 mahasiswa ITB, ngan 2 US; (4) Jawa Barat propinsi anu kawilang korupna gede dibandingkeun propinsi lain.
Seueur US anu mireungeuh data di luhur, olohok, mata simeuteun. Geuning kitu kaayaan urang teh. Tah ari ieu urusan naon, lamun sanes urusan politik. Ngamumule budaya sunda teh, jigana teu cukup ku nyunda nu handap asor, berehan, akuan wungkul. Tapi perlu oge ki sunda anu bisa ngaherengan, ngagerem, pikasieuneun. Sabab perkara di luhur teh teu bisa diomean ku nyunda nu handap asor tea. Naha ari ngompol (ngomong politik) perlu ku nu tos ahli kitu? Keur kuring mah perlu tapi teu wajib. Naon maksadna? Nu tos ahli bakal jadi nara sumber keur nu karek taram-taram. Keur nu taram-taram ieu milis bisa jadi salah sahiji sumber diajar. Geura we lenyepan, apa ari dina milis teh gawena lian ti nulis email atawa maca email. Ti dieu kaciri aya fungsi atikan, nyaeta silih asah tea. Cenah eta aya nu karek taram-taram kana politik hayoh 'ngompol' ngaler-ngidul, atuh wajar wae, pan eta teh proses diajar, mudah-mudahan anu taram-taram tambah bengras, da meunang 'pencerahan' ti para inohong. Salam, MH --- "Sulkan, Muhamad (AD&D)" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Salam, > > Kahatur kasadayana wargi US sareng Kisunda, sim > kuring panuju pisan sareng anu di carioskeun ku > saderek kang Nasir, kumargi saupamina urang dina > milis ieu ngariung nyarioskeun perkawis pulitik, > tiasa-tiasa papada urang sunda khususna umumna ka > bangsa Indonesia tiasa mawur kamana-mana anu tina > bahasa anu disampurnakeun mah Bersatu kita Teguh > Bercerai kita Runtuh, sedengkeun urang ayeuna aya > dina keur kaayaan bingung seur anu ngadukeun papada > dulur urang, tina hal kitu kumaha saupamina naon anu > dicarioskeun ku kang Nasir leres pisan. Saupamina > tiasa mah urang diajar basa sunda anu nyunda > saleresna, sareng silih ngawartosan naon anu lepat > sareng naon anu leres, sareng kanggo ngaleungitkeun > ka stress ceuk basa kerenna mah kanggo refreshing > urang ngadamel anu lalucu atanapi naon wae anu tiasa > ngaleungitkeun masalah urang sarerea. > > Hatur nuhun > Wassalam __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

