--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Para wargi sadaya,
>  
> Tiasa bae milist ieu dianggo "pembelajaran" ngeunaan
> politik kalawan syarat-syarat tinangtu anu Insya
> Alloh urang sapagodos kana eta syarat-syrat.
> Diantara anu jadi syarat: ngobrolkeun politik
> estuning tina jihat akademis atanapi pamadegan anu
> positif. Maksadna, dina lebet ngaguar politik teh
> heunteu nyinggung atawa ngagogoreng ka hiji inohong
> atawa golongan. Hal ieu sanes hartosna heunteu tiasa
> ngritik, tiasa bae ngadugikeun kritikan, namung
> kritikna anu, punten upami nganggo basa klise,
> "membangun" tea.

Tah eta pisan nu dimaksdu ku kuring oge,
"pembelajaran" politik. Paling heunteu urang kuayana
padungdengan jiga kieu, imej politik teh 'kotor',
'licik', jeung sajabana, kudu dibebener. Sabab ieu teh
'baruang' ceuk kuring mah. Rek teu kitu kumaha, apan
didinya diaturna kalangsungan hirup urang teh. Urusan
ngamumule basa sunda, urusan ngamumule budaya sunda,
apan eta teh urusan pulitik sanes? Piraku rek
ngawangun masjid misalna, kudu make wae kencleng di
tengah jalan, megatan nu ngaliwat mah.

Salam
MH
Rek nyieun sakolana Urang sunda teh ulah epes meer,
karek hog-hag di milis wae, geus hareudang,
bayeungyang. Komo laudu apal' >  
> Saterasna, leres,  madungdengkeun perkara politik
> kedah oge disarengan ku sikep anu jembar, tiasa
> nampi kana kritik ngeunaan idola urang, tegesna
> kakirangan golongan sorangan. Upami heunteu kitu,
> anu baris lahir malah papaseaan. 
>  
> Hal sanes anu diperyogikeun dina ancrub di widang
> politik, kalebet padungdengan perkawis politik, ku
> emutan, taya lian ti pangaweruh (sok sanaos heunteu
> masagi) ngeunaan aspek hukum, psikologi sareng
> komunikasi. Upama poek pisan kana perkara hukum
> (perundang-undangan) tangtuna oge baris ngalahirkeun
> "debat kusir". Heunteu  terang kana psikologi tiasa
> tetembrag kaditu kadieu kalawan pinuh emosi, oge
> tiasa tumiba kana "bener ceuk sorangan".  Heunteu
> migunakeun komunikasi anu efektif baris nimbulkeun
> basa anu mideng nyigeug rarasaan batur padungdengan.
> Ngeunaan hukum, psikologi sareng komunikasi anu
> efektif tiasa dipilarian dina literatur-literatur
> anu pakait sareng hal eta. 
>  
> Saterasna, ngabantun conto kasus "kiprah" Urang
> Sunda anu kirang pisan, malah kadeseh dina widang
> politik sareng ekonomi, bawiraos moal rengse ukur
> dina wacana, komo wacana anu ukur di alam maya. Dina
> seh-sehanna, geuningan urang teh teu acan sayagi
> waktu kanggo ancrub ka alam nyata mateakeun. 
>  
> Upami nengetan arsip milist ieu, parantos seueur
> guaran ngeunaan kahariwang, padungdengan, program
> jsb ngeunaan kumaha carana sangkan: 70% anggota dprd
> di Tatar Sunda teh ti urang Sunda, oge  jejer
> sanesna anu mataholangna ngobrolkeun cara sangkan
> urang Sunda heunteu jadi jati kasilih ku junti, eta
> sanes perkara anu anyar-anyar kaguar ku anggota
> milist. Mangga geura ka nu nembe lebet, aya saena
> mariosan arsip file milist ieu sateuacan
> madungdengkeun hiji hal. Utamana dina bade
> madungdengkeun jejer-jejer anu penting. Nanging, nya
> kitu, upama ukur dina wacana (di alam maya) bae mah
> kirang aya hasilna.
>  
> Panutup, satemenna urusan politik ukur sabagean tina
> urusan budaya, jalaran, sakumaha pamadegan Prof.
> Koentjoroningrat, politik teh salah sahiji unsur
> budaya. Kukituna, madungdengkeun budaya anu jembar,
> teleb tur lega wengkuanna, sayaktosna parantos
> nungtut ngaguar sabagian tina jejer politik.
> Hartosna, peryogi oge di-"definisi"-keun heula,
> politik naon anu dimaksud anu urang ulah sieun
> ngobrolkeunna?  Naha ari ngaguar kumaha carana
> pikeun ajeg dina budaya sorangan heunteu kalebet
> urusan politik. Atawa anu dimaksud politik teh ukur
> simet "kandidat" capres sareng cawapres bae?
>  
> Cag,
>  
> Baktosna,
> manAR
>  
>  
>  
>  
>  
>  
> 
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Kang Sulkan. Ceuk pangemut kuring mah
> masalah
> pulitik teh penting pisan diwanohan. Paling heunteu
> lamun teu aktif dina politik praktis, atuh
> ngarti-ngarti urusan pulitik. Sabab naon? Dina PR
> aya
> artikel, ringkesna kieu: (1) Tina 100 pangusaha di
> Jawa Barat, ngan 8 urang pangusaha Urang Sunda(US);
> (2) 70% Anggota DPRD Jawa Barat lain US pituin; (3)
> Tina 10 mahasiswa ITB, ngan 2 US; (4) Jawa Barat
> propinsi anu kawilang korupna gede dibandingkeun
> propinsi lain. 
> 
> Seueur US anu mireungeuh data di luhur, olohok, mata
> simeuteun. Geuning kitu kaayaan urang teh. Tah ari
> ieu
> urusan naon, lamun sanes urusan politik. Ngamumule
> budaya sunda teh, jigana teu cukup ku nyunda nu
> handap
> asor, berehan, akuan wungkul. Tapi perlu oge ki
> sunda
> anu bisa ngaherengan, ngagerem, pikasieuneun. Sabab
> perkara di luhur teh teu bisa diomean ku nyunda nu
> handap asor tea.
> 
> Naha ari ngompol (ngomong politik) perlu ku nu tos
> ahli kitu? Keur kuring mah perlu tapi teu wajib.
> Naon
> maksadna? Nu tos ahli bakal jadi nara sumber keur nu
> karek taram-taram. Keur nu taram-taram ieu milis
> bisa
> jadi salah sahiji sumber diajar. Geura we lenyepan,
> apa ari dina milis teh gawena lian ti nulis email
> atawa maca email. Ti dieu kaciri aya fungsi atikan,
> nyaeta silih asah tea. Cenah eta aya nu karek
> taram-taram kana politik hayoh 'ngompol'
> ngaler-ngidul, atuh wajar wae, pan eta teh proses
> diajar, mudah-mudahan anu taram-taram tambah
> bengras,
> da meunang 'pencerahan' ti para inohong.
> 
> Salam,
> MH
> --- "Sulkan, Muhamad (AD&D)" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Salam,
> >  
> > Kahatur kasadayana wargi US sareng Kisunda, sim
> > kuring panuju pisan sareng anu di carioskeun ku 
> > saderek kang Nasir, kumargi saupamina urang dina 
> > milis ieu ngariung nyarioskeun perkawis pulitik,
> > tiasa-tiasa papada urang sunda khususna umumna ka 
> > bangsa Indonesia tiasa mawur kamana-mana anu tina 
> > bahasa anu disampurnakeun mah Bersatu kita Teguh 
> > Bercerai kita Runtuh, sedengkeun urang ayeuna aya 
> > dina keur kaayaan bingung seur anu ngadukeun
> papada 
> > dulur urang, tina hal kitu kumaha saupamina naon
> anu
> > dicarioskeun ku kang Nasir leres pisan. Saupamina 
> > tiasa mah urang diajar basa sunda anu nyunda 
> > saleresna, sareng silih ngawartosan naon anu lepat
> 
> > sareng naon anu leres, sareng kanggo
> ngaleungitkeun 
> > ka stress ceuk basa kerenna mah kanggo refreshing 
> > urang ngadamel anu lalucu atanapi naon wae anu
> tiasa
> > ngaleungitkeun masalah urang sarerea.
> >  
> > Hatur nuhun
> > Wassalam
> >  
> >  
> > [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
> >  
> >  
> > -----Original Message-----
> > From: Mohammad Nasir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> > Sent: Thursday, July 01, 2004 9:17 PM
> > To: [EMAIL PROTECTED]
> > Subject: Re: MOHON DIPERHATIKAN... - was: Re:
> > [kisunda] Fwd: Re:
> > [wanita-muslimah] Re: Amien = ular ?
> >  
> > 
> > Daripada membaca e-mail berisi puja-puji dan
> hujatan
> > terhadap capres dan cawapres tertentu, bagi saya
> > lebih
> > baik membaca cerita yang aneh-aneh, lucu,
> > remeh-temeh,
> > dan langka di Tatar Sunda. Selain bisa
> > senyum-senyum,
> > semangat buka email menjadi lebih meningkat,
> karena
> > ingin tahu yang lebih lucu lagi. 
> > Aku punya cerita menarik, sepeda motorku akan
> > ditukar
> > dengan istri orang di Subang. Cerita ini pernah
> saya
> > buka di kantor. Teman-teman tertawa renyah. Tapi
> ada
> > juga yang bertanya: "Di mana itu?"
> > 
> > 
> > Baktos,
> > 
> > Nasir
> > ==========
> > 
> > ===========================
> > 
> >   
> > > > Tapi menurut saya milis ini jangan
> dipergunakan
> > > untuk kampanye
> > > > politik, menjatuhkan dan mengangkat/ memuji
> > salah
> 
=== message truncated ===



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke