panuju pisan kan kecap pambalajaran pulitik pikeun ki sunda 
sadayana. tos lami teuing ki sunda teh dijauhkeun kana pulitik, sok 
inggis parasea cenah.Padahal lamun adu renyom,parasea dina pulitik 
mah biasa asal dibungkus ku kadewasaan jeung teu ngalibetkeun adu 
puereup we.lamun henteu "melek pulitik" rek saha deui nu ngabela 
kapentingan ki sunda. 

Tuh tingali baheula kacarikatekeun pamarentah jabar teh ngan cicing 
we ka kana sagala parentah pamerentahan pusat, sampe aya rencana 
mikeun daerah Jonggol diobah ku urang Jakarta bari jeung teu 
mikirkeun manfaatna ka ki sunda,jeung rea-rea deui. Tos waktuna 
sigana mah urang sadayana sadar kana hak-hak warga sorangan jeung 
wani marjoangkeunnana di sagala media nu aya. 

Sim kuring mah ngabayangkeun, engke hiji mangsa sing loba tokoh 
sunda anu nyongcolang di tingkat nasional bari jeung bisa 
dipikolot,pituladaneun ku ki sunda sadayana. wallahu alam

wassalam
Ade A. Komara


--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tah eta pisan nu dimaksdu ku kuring oge,
> "pembelajaran" politik. Paling heunteu urang kuayana
> padungdengan jiga kieu, imej politik teh 'kotor',
> 'licik', jeung sajabana, kudu dibebener. Sabab ieu teh
> 'baruang' ceuk kuring mah. Rek teu kitu kumaha, apan
> didinya diaturna kalangsungan hirup urang teh. Urusan
> ngamumule basa sunda, urusan ngamumule budaya sunda,
> apan eta teh urusan pulitik sanes? Piraku rek
> ngawangun masjid misalna, kudu make wae kencleng di
> tengah jalan, megatan nu ngaliwat mah.
> 
> Salam
> MH




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke