--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> mh writes:
> > Haturan Kang Sulkan. Ceuk pangemut kuring mah
> masalah
> > pulitik teh penting pisan diwanohan. Paling
> heunteu
> > lamun teu aktif dina politik praktis, atuh
> > ngarti-ngarti urusan pulitik. Sabab naon? Dina PR
> aya
> > artikel, ringkesna kieu: (1) Tina 100 pangusaha di
> > Jawa Barat, ngan 8 urang pangusaha Urang
> Sunda(US);
> > (2) 70% Anggota DPRD Jawa Barat lain US pituin;
> (3)
> > Tina 10 mahasiswa ITB, ngan 2 US; (4) Jawa Barat
> > propinsi anu kawilang korupna gede dibandingkeun
> > propinsi lain.
> +++++++++++++++++++++++++++++++++
> Simkuring sapamadegan sareng Mang Hasan, yen
> "ngompol" teh penting. Karaos
> pisan yen di ieu dua milis teh, pami obrolan geseh
> ka lebah pulitik, bet
> jadi sapertos nu ngarumpak pamali. Sareunggah
> kalawan alesan sok sieun jadi
> parasea, mangkaning papada urang teh geus silih aku
> dulur.
> Simkuring ngimpleng, pami di rorompok (tangtu
> sakulawarga) heug ngobrol
> pulitik, asana teh bakal resep, salami masing-masing
> nu ngiring gunem catur
> aya dina kasadaran (maksad teh dina ngobrolna,
> debatna, teu bari ngagugulung
> emosi). Dijamin, moal dugi ka pasea saimah-imah.
> Mangga, diantos "pasea"na...
>
> lauk buruk milu mijah, hapunten anu kasuhun.
> isk
Kalenturan budaya sunda anu berehan hade ka semah,
geus ngabalukarkeun kaayan tatar sunda jiga ayeuna. Ku
kituna, geus waktuna urang sunda harudang, tong harees
wae. Urang Sunda teh kudu jiga 'indung hayam keur
anakan'. Tong boro ka papada hayam, dalah ka ucing
anjing, oge jelema, anu wani ngaeukeutan anakna, eta
'indung hayam' teh mani rengge-rengge wae buluna
curintik, medengkreng, malah lamun perlu mah
diudag-udag tah anu kumawani atah adol teh.
Ku kituna, jigana nu diperlukeun Ki Sunda ayeuna teh,
taya lian kudu sagala dicabak, kaaup masalah pulitik.
Lamun masih keneh katularan panyakit 'anti pulitik',
jigana kaheman ka budaya Sunda, Urang Sunda, heung
lemah caina teh ngan ukur ngongkolak dina kereteg
angen. Panineungan jaman lawas, jaman Sang Prabu nuju
midang di Pajajaran.
Salam,
MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/