ngiring mairan ah !!

panuju pisan, urang sunda teh kudu nyonto urang betawi anu haben 
nuntut ka sadaya parpol/pamarentah sangkan Gupernur engke nu ka 
hareup teh asli urang batawi. Tapi sampai dangeut ayuena geuningan 
tuntutan teh teu disebut rasialis, sanes ?

Pon kitu deui urang sunda kudu wani nuntut quota ka 
parpol/pamarentah sangkan nu jadi anggota DPRD provinsi/kab/kota 
teh,nu meuli kios di pasar,nu asup ka ITB/Unpad/IPB/UI Depok teh 
kudu urang sunda asli.Lamun baringung nantukeun urang sunda teh 
saha ? gampang pisan, ayakeun we tes basa sunda siga tes TOEFL mun 
dina basa inggris. terus di ranking we, sebutkeun wates minimalna. 
kitu we....

ulah galideur jeung era nuntut hak, kusabab suku lain oge kitu.

wassalam
Ade





--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kalenturan budaya sunda anu berehan hade ka semah,
> geus ngabalukarkeun kaayan tatar sunda jiga ayeuna. Ku
> kituna, geus waktuna urang sunda harudang, tong harees
> wae. Urang Sunda teh kudu jiga 'indung hayam keur
> anakan'. Tong boro ka papada hayam, dalah ka ucing
> anjing, oge jelema, anu wani ngaeukeutan anakna, eta
> 'indung hayam' teh mani rengge-rengge wae buluna
> curintik, medengkreng, malah lamun perlu mah
> diudag-udag tah anu kumawani atah adol teh. 
> 
> Ku kituna, jigana nu diperlukeun Ki Sunda ayeuna teh,
> taya lian kudu sagala dicabak, kaaup masalah pulitik.
> Lamun masih keneh katularan panyakit 'anti pulitik',
> jigana kaheman ka budaya Sunda, Urang Sunda, heung
> lemah caina teh ngan ukur ngongkolak dina kereteg
> angen. Panineungan jaman lawas, jaman Sang Prabu nuju
> midang di Pajajaran.
> 
> Salam,
> MH
> 
> 
> 
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
> http://promotions.yahoo.com/new_mail



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke