Assalamu'alaikum baraya saalam dunya

Punten abdi bade amit undur ti ngawitan kaping hiji November saterasna, ti
alamat ieu. Insya Alloh sanes waktos upami diparengkeun ku Gusti Alloh abdi
tiasa ngulampereng deui ka ieu lembur panginten ti warnet.

Neda dihapunten samudayaning kalepatan, nyuhunkeun du'ana mugia urang nu
silaturahmi di alam maya tiasa silaturahmi di alam nyata, haturnuhun kana
elmu nu tos kapulung ku abdi, kanyaah nu tos karaos ku abdi, ti ngawitan
gabung sareng ieu millis abdi teh tos kenging baraya dimana-mana nu
alhamdulillah sadayana nyaah ka abdi, sanaos urang teu acan patepang. Sasih
ieu sareng dinten ieu teh abdi gabung janten anggota kusnet tos sataun
langkung 18 dinten, seueur pisan lengkah nu kaukir dina kahirupan abdi nu
dipangaruhan ku komunitas ieu, utamina mah elmu perkawis kasundaan.

Tingawitan hiji november alamat email abdi tos robih janten
[EMAIL PROTECTED] 



NINEUNG


Nineung na mah nineung ka anjeun
Tapi lengkah kuring kabetot ku aturan
Sedeng tanaga kaperes ku waktu
Jeung ti ayeuna nafas diitung nepi ka tilu
Kiwari oktober nincak ka-29, isukan 30, pageto 31

Senggahna mah nataku, kedah nyingkah ti ieu lembur
Sedihna mah karasa kedah pisah jeung warung, jeung balarea

Nineung na mah nineung ka anjeun
Keun, kuring lunta moal lila
Neda du'a tibalarea urang tiasa silaturahmi
di alam nyata !!



Pihatur Baktos
Neng an...
*sasedih-sedihna maung ngalengkah sedih keneh sikuring nu lunta !


----Original Message-----
From: Hendri Mulyana 
Sent: Friday, October 29, 2004 2:43 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [gankleboy] Pamit


Baraya,
Sikuring bakal pamitan kasadayana kulantaran geus kaluar palaturan ti MIS
yen mimiti tanggal 1 nopember, imel kuring moal tiasa deui narima imel ti
milis yahoo. Kukituna sikuring seja pamitan kasadaya nu ngageugeuh Gank
Leboy. Rek diabsen hiji-hiji tadina mah, ngan sok palaur Kang Ule ngamuk,
pan anjeuna tukang ngabsen mah. Hapunten we samudaya kalepatan, rumasa sok
ngaheureuyan boh ka nu anom komo kanu sepuh. 

ti kaping 1 nopember imel adress kuring bakal ganti ku
[EMAIL PROTECTED] mun sono mangga diantos di alamat eta, mun
henteu, nya sawios....hik..hik...hik...

cag
 <<PILEULEUYAN1.doc>> 


 <<PILEULEUYAN1.doc>> 



#. Kanu resep ngawadul, heureuy silih gonjakan, mangga kintunkeun wae
serelek ( e-mail ) kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

#. Anu teu betah ngawadul tur gampang ambek, sensi & kasigeungan mangga wae
kintun ( Serelek )e-mail kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

*Ngawadul, beuki heureuy, silih sep�t silih ledek teu gampang ambek teu
gampang kasigeungan, resep manjangkeun tali silaturahim, hayang babarayaan
jeung kabeh urang Sunda di sa alam Dunya oge silih babgi wawar anu hade,
bisa ningkatkeun panghasilan jang kahirupan Mangga kasadayana dihaturan
ngempeul di GankLeboy* 
Yahoo! Groups Links



 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke