Alah asa kaseglong dina urusan pancakaki. Hapunten kasadaya, sababaraha poe katukang sim kuring teh nepangkeun diri ngan eta aya masalah teknis ujug-ujug ngareles imel teh....Ke ayeuna atuh dilengkepkeun deui pancakaki teh. Ari ngaran sim kuring teh Dani, ari Tirtawidjaja mah ngaran karuhun oge ngaran anak awewe sim kuring. Sim kuring teh kawit ti Tasik (Purbaratu-Cibodas & Sukapura-Sukaraja), tapi ayeuna ngumbara di Jakarta (di Depkeu). Niat mah boga dulur diskusi jeung urang sunda, mun kataekan atuh bisa ngarojong ngamumule budaya sunda, oge mun dikersakeun ku Maha Widi atuh diamprokkeun jeung baraya sadulur, manjangkeun panca kaki.
Kitu atuh pancakaki sim kuring, mugi tiasa ditampi kusadaya dulur.
Salam
TCW
durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tadi sim kuring jalan-jalan ka milist us di yahoo. Ternyata ieu aya
undang2 milist US. Ieu Undang-undangnateh;
> Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]
> 1. Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha.
> 2. E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma.
> 3. Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris.
> 4. Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
> 5. Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang.
> 6. Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.
> 7. Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam].
> 8. Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet.
>
> K U N C E N
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

