******************************************************
Muhun kitu kang Dani.....maksadnamah, ayana pancaki teh supados
lankung raket tur geugeut babarayaan teh...sim kuring ge ningan
mendakan wargi ti pun biang di milis ieu .....heup heula
ah!!...hapunten...nepang keun oge..sim kuring, wasta Rudy Setiawan,
dilandih di ieu babakan mah pun adi, kawit mah ti bandung-karapitan-,
ayeuna nuju ngaulaan juragan ageung di Abu dhabi,..alhamdulillah tos
aya batian dua, jalu sadayana....naon deui nya? panginten sakitu kang
Dani pangwanoh ti sim kuring mah.

Nu lianna.....perkawis milis US, saukur babagi wawar ti kuring ieu
mah, urang lembur nu bau lisung tea. Yen milis kasundaan teh aya tilu
nu ampir diangken ku sadaya US di alam maya.
.......... nya eta (sadayana di yahoogroups) urangsunda & kisunda (dua
ieu dilandih ku baraya teh "babakan")......nu dua ieu mah panginten
leres pisan, jejerna teh daria (tapi sasakali ge teu sawios ketang.)
Na kunaon kudu daria?.....dumasar dua milis ieu mah kanggo
ngamulasarakeun kitu oge ngamajengkeun kasundaan tur ki sunda tea
(mangga di tingal lan diaos koropak2 nu aya di dua milis atanapi di
web-site na).
.......tapi da....urang ge panginten ngaraos lan uninga..... reh na
salah sawios cicirenna US teh sok resep banyol bin
heureuy....janten....kanggo ngamisah jejer-jejer nu daria sareng nu
banyol,
[EMAIL PROTECTED] (sok disebat ku baraya teh..."warung", muhun da
ayana di babakan) disayagikeun kanggo baraya babakan nu resep banyol
bin heureuy tea,.......hiji rohangan tempat silih kekeak, silih
gonjakan pokona mah tempat miceun sutres,.......nami na oge warung,
janten di ieu milis mah sing kiat bae....ulah ambekan komo pundung
mah....da nu aya oge ting cakakak....
Kukitu na tilu milis ieu teh sarupaning tri tunggal tea....intina mah
sadayana oge kanggo kamajengan kasundaan tur ki sunda urang.

Tah kang Dani, samentawis mah sakitu nu kapihatur, insya alloh mun
pareng dilajeng deui dina waktos nu langkung sae! Sakantenan ti sim
kuring seja ngawilujengkeun ngariung di ieu babakan, sing betah
tumaninah...mugia aya mangfaat na kanggo urang sewang-sewang, umumna
mah kanggo sakumna US di sakuliah dunya!


Salam,

-pun adi-
********************************************
On Fri, 29 Oct 2004 10:18:46 +0100 (BST), Tirta widjaja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Alah asa kaseglong dina urusan pancakaki. Hapunten kasadaya, sababaraha poe
> katukang sim kuring teh nepangkeun diri ngan eta aya masalah teknis
> ujug-ujug ngareles imel teh....Ke ayeuna atuh dilengkepkeun deui pancakaki
> teh. Ari ngaran sim kuring teh Dani, ari Tirtawidjaja mah ngaran karuhun oge
> ngaran anak awewe sim kuring. Sim kuring teh kawit ti Tasik
> (Purbaratu-Cibodas & Sukapura-Sukaraja), tapi ayeuna ngumbara di Jakarta (di
> Depkeu). Niat mah boga dulur diskusi jeung urang sunda, mun kataekan atuh
> bisa ngarojong ngamumule budaya sunda, oge mun dikersakeun ku Maha Widi atuh
> diamprokkeun jeung baraya sadulur, manjangkeun panca kaki.
>  
> Kitu atuh pancakaki sim kuring, mugi tiasa ditampi kusadaya dulur.
>  
> Salam
> TCW
>  
>  
> 
> durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tadi sim kuring jalan-jalan ka milist us di yahoo. Ternyata ieu aya
> undang2 milist US. Ieu Undang-undangnateh;
> 
> 
> > Aturan Milis  Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]
> > 1.    Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa
> nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana,
> damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae
> panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre.
> supados teu disasaha. 
> > 2.    E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah
> ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa
> SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma.
> > 3.    Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami
> patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun
> heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa
> Inggris.
> > 4.    Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire,
> jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
> > 5.    Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 
> > 6.    Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
> komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.
> > 7.    Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu
> diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 
> > 8.    Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka,
> wadah di darat KUSnet. 
> > 
> > K U N C E N 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! 
> Download Messenger Now 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups Sponsor
>  
> 
> Get unlimited calls to
> 
> U.S./Canada
> 
> ________________________________
> Yahoo! Groups Links
> 
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke