Aya wartos dina koran poe ieu, cenah meunangna Presiden Bush di pamilihan presiden di Amrik lolobana ku alesan moral lain ku alesan ekonomi atawa perang ngalawan terrorisme. Maksudna: nu marilih presiden Bush, percaya yen moral nu didasarkeun ku agama (Kristen Protestan) bakal leuwih hade lamun Bush jadi presiden tinimbang senator Kerry. Kerry nu asalna ti partey demokrat boga pamadegan liberal beda jeung Bush nu konservatif. Bush henteu satuju kana aborsi jeung kawin antara sajenis (Homo sexual). Jadi ceuk sabagean gede rakyat Amerika Bush leuwih boga moral tinimbang Kerry. Sabalikna di dunya di luar Amerika, leuwih ngaharepkeun Bush teh eleh, kulantaran dianggap ngacawowkeun dunya.
Maca wartos eta, kuring jadi hayang seuri kusabab geuningan jalmi- jalmi nu boga cita-cita memeres moral manusa teh leuwih ngacowkeun tinimbang anu henteu. Di dunya aya Presiden Bush anu gaduh moral sae, tapi akibatna dunya jadi kacow. Di Indonesia, aya laykar FPI jeung Lasykar lainna, nu sarua boga cita-cita memeres moral, tapi malah anarkia alias ngacowkeun oge! Oh ...... atasnama moral ..... Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

