Muhun MJ, Di Dieu oge di tempat abdi damel, 80-90 persen na mah apanan chiness,..nami2na teh aya anu sae, aya anu kabarat2an, tapi pami di tilik mah eta ngaran Margana nangkod. Aya oge anu nami asli tiongkok..
Basa kapungkur pas mimiti interview di dieu, intervw sareng GM na, pok deui pok deui naroskeun nama keluarga,..eh da ceuk abdi teh abdi mah urang sunda teu aya nami kulawarga, kalah rada bingung di taros kitu teh... Nia -----Original Message----- From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, January 07, 2005 1:07 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] cara batur ganti ngaran-seler tionghoa keur sma, boga sobat cina ciamis, di imahna, bengkel las di jl.yodas (yos sudarso) ciamis sok dilandih acung. si acung. ari diabsen guru mah ngarana teh, Tanu Syarief Arifin. sihoreng ngan TANU teh ti marga (she) TAN. di bdg boga babaturan resep buku, nu ieu mah, TAN-na, jadi Tanzil. cara ngindonesiakeun ngaran seler cina biasana ngaran keluarga, marga atawa she di tambahanan. Liem Swie Liong, jadi Sudono saLIM. Ong, jadi Ongko Wijoyo. aya oge Tan nu jadi Tanuwijaya. baheula kuring kungsi katipu, aya juara badminton, Ardi B Wiranata. bedul, cina sihoreng teh. ngaran tukangna mah, nginjem ti ngaran bupati bandung baheula. aya oge nu she-na Go, jadi Gondokusumo. ketua PDIP Jabar-nu kungsi ngariweuhkeun US Bdg, sabab dicalonkeun jadi gubernur, Rudy Harsa Tanaya. kunu apal mah, kapanggih, Tan di tukang teh she-na. Bunarto, ti Bun atawa Boen. di Tasik aya toko roti Ong. diindonesiakeun, hese nyunda, jadi ongko. teu make h. hehe mun diilo sekeudeung, memang siga sunda atawa jawa, tapi diteges-teges mah, sok rada kapanggih 'rasa kagok' na eta ngaran, mun kabeneran ngarana maksa ngindonesiakeun she-na. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

