Numutkeun abdi mah lamun aya bencana tiasa mangrupi ujian kanggo ngaronjatkeun tingkat kaimanan, oge tiasa mangrupi azab kanggo peringatan ka manusa nu parantos ingkar supados manusa uih deui ka jalan nu dipikaridlo ku Allah.
Hiji bencana nu tumiba ka hiji kaum atawa manusa, urang mah teu tiasa mastikeun naha eta teh ujian atanapi azab, nu pasti dibalik musibah eta pasti aya hikmahna. Nu terang eta musibah teh mangrupi azab atanapi ujian ngan Alloh nu uninga, urang mah ngan sekedar tiasa ningal sacara lahir wungkul, nanging lamun urang keuna musibah, urang tiasa mastikeun kana musibah nu tumiba ka diri urang, naha mangrupi ujian atanapi azab, ku Alloh nganggo perantara RosulNa tos dipasihan pituduhna, tinggal urang instropeksi ka diri urang sorangan kana sagala kagiatan urang nu ka pengker sateuacan eta musibah tumiba, naha urang teh loba kufur atawa loba bersyukur ku mangrupa ngajalankeun sagala parentahNa jeung ngajauhan sagala rupi laranganNa.
Perkawis musibah di Aceh mah urang teu tiasa nyandak kasimpulan sacara rata ka sadayana korban nu tiwas atanapi salamet yen eta musibah teh berupa azab, teu mustahil eta musibah aya nu mangrupa azab kanu sabagian- oge mangrupi ujian ka sabagian nu lain.Allahu 'alam
Perkawis bantuan, tina Islam teu ngabedakeun eta teh lantaran polah sorangan atanapi ujian, dua-duana kedah ditulungan sakamampuan urang sebagai sasama manusa, dina Islam mah perang oge aya adabna, komo ieu ka dulur sa iman, umat muslim lir ibarat hiji jasad, lamun aya salah sahiji anggota badan nu nyeuri, eta kasakit teh bakar karasa ku anggota nu lain.
Wassalam.
 
 
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan Kang Asep, kacida pisan jelema meunang musibah disebutkeun
meunang azab (kutukan) ti Gusti nu maha Kawasa. Ngan kang Asep, geuningan
lain urang Arab wae nu nyarios kitu teh. Tadi basa kuring jumaahan (kuring
di Bandung), nu khotbah nyariosna ge kitu, ceug cohagna mah keuna ku
kutukan!. Teuing hate teh bet jadi nyeri, mangnyerikeun ka Urang Aceh nu
keuna musibah tapi ku dulur sabangsana disebut meunang azab tinu Kawasa. Eta
nu khotbah teh kang Asep, kuring wawuh, jeung tadina mah kuring hormat pisan
da ku nyantrina  (manehna Doctor Ilmu Kimia) jeung waktu kajadian di Aceh
manehna pangsegutna ngumpulkeun bantuan. Tapi tadi waktu kuring ngadenge
khotbah manehna, rasa hormat kuring ngurangan. Sabab ceuk kuring mah mere
bantuan bari nyebutkeun kanu meunag musibah teh meunang kutukan ti Allah
Swt, kurang etis, sarua we lamun urang ngalongok kanu gering, barang bere
bari jeung nyebutkeun tah maneh teh gering kulantaran di kutuk ku Gusti
Alloh!

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: asep juarna <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, January 07, 2005 2:02 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: FW: NEGARA-NEGARA ARAB CUEK SAJA??


>
> Teungteuingeun mun kitu mah... Nyeri hate kuring...
>
> AJ




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke