ah.. teuing ka eta mah pan urang masin2 mibanda kayakinan nu benten,
abdimah ku ninggal sok dimuatna masalah2 kresten di kompas oge sok
jadi kumaha kitu...
sok uningaan di halaman tengah seueurna mah perkawis kresten cina
enya kresten anu urang cina.. 


On Sun, 9 Jan 2005 12:51:43 -0000, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Punten Kang Agus di KUSNET teh aya urang Kompas, nyaeta kang Agus Hermawan.
> Kang Agus Her teh urang KUSNET heubeul, ngan ayeuna jarang posting,
> panginten nuju paciweuh. Kuring teu satuju upama Kompas disebut media
> kristen, margi nu didamel di Kompas teh seueur nu Islam malah Pemimpin
> redaksina oge Haji! (leres henteu Kang Agus Her?). Kuring geus maca Kompas
> ti taun 1970'an tepi ka ayeuna, rarasaan teh teu kantos maca wartos dina
> koran ieu nu ngaharib-harib kana misionaris. Kuring oge terang pendiri
> Kompas teh PK Oyong jeung Yakob Oetama nu kabeneran agamana Katholik tapi da
> koranna mah nya biasa we saperti koran umum nu sejenna, malah ari Kompas mah
> koran panggedena di Indonesia ayeuna malah jadi "konglomerat"!
> 
> Perkawis koran Republika, kuring baheula oge langganan di kantor. Republika
> ageung keur jaman jayana Pa Habibie. Lamun teu salah, baheula teh kungsi
> saham-saham keur nerbitkeun koran ieu dijualan ka Pagawe Nagri nu muslim
> utamina mah didaerah-daerah, diwajibkeun, potong gaji. Tapi lalakonna kuring
> hilap deui ngan Republika saprakna pa Habibie henteu manggung deui,  jadi
> ngaleutikan, format cetakna oge jadi beda jeung baheula. Jigana eleh saingan
> jeung koran anu alalanyar terbit. Soal eusi Republika? ah sabenerna mah
> sarua we jeung Kompas, kitu-kitu keneh. Mang J, kuncen Kusnet, lamun teu
> lepat mah kantos kukulutus, kumargi aya wartos nu teu akurat, nu
> nyabit-nyabit MJ, wartawanna asal tulis wae teu konfirmasi heula ka MJ!
> 
> Majalah Sabilli, kuring sakapeung sok maca, ngan tara meuli, tapi eusi
> Sabilli tiasa ditingali dina internet. Ceuk kuring mah Sabilli mah rada
> mirip jeung judul-judul wartos dina koran Rakyat Merdeka  rada bombatis,
> jeung rada mirip jeung eusi selebaran di masjid-masjid lamun urang rek
> jumaahan. Kuring kungsi padundengan jeung Kang Wawan di Kusnet, soal Idi
> Amin. ceuk kang Wawan, Idi Amin teh pahlawan Islam nu dikorbankeun ku media
> barat. Kang Wawan make sumber ti Majalah Sabilli. Hanjakal kang Wawan hilap
> deui edisi Sabilli nomor ka sabaraha. Manawi kang Agus masih gaduh eta
> Majalah Sabili nu ngeunaan Idi Amin?
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> ----- Original Message -----
> From: Zamhur "PAKUSARAKAN" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Sunday, January 09, 2005 2:16 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] FPI,MMI,jrrd
> 
> >
> > NB : enya pan Media masa loliba nu urang kresten nya di sorot teh
> > sabangsa amrik, jeng yayasan yatim piatun anu di maluku susterna
> > daranga ka aceh kitu
> >
> > mun nempo berita na media masa perkara organisasi islam
> > komo berita ti kompas group, indopos group, jeng mediagroup kudu di ilikan
> deui
> > matakna baca saperti sabili jeng lain2lain atuhh
> > meh saimbang beritana
> >
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke