Muhun Kang, dina hiji mangsa mah (teuing sigana tepi ka ayeuna), 
dina sababaraha madzhab, falsafah teh kungsi dicaram. Sigana 
kulantaran harita falsafah teh diselewengkeun pikeun ngarojong 
kapentingan golongan wewang-sewangan. Bisa oge kulantaran ku 
falsafah, neangan bebeneran teh langkung kabantu, dugi "kabohongan-
kabohongan" dina agama kabongkar. Al-Ghazali mungkin sanes heunteu 
ningali peryogina neuleuman falsafah, nanging ningali kamekaran 
agama harita heunteu "kondusif" upama kacampuran ku falsafah.

Pabentar paham antara Al-Ghazali sareng Ibn Rusdy sakitu seukeutna, 
dugi masing-masing nyerat buku kanggo melaan pamadeganana sewang-
sewangan. Tapi upama diilo mah falsafah teh kumaha migunakeunana 
bae. Mikawanoh cara-cara mikir anu salah, upamana, anu ngarupakeun 
lengkah dasar dina falsafah, kalintang peryogina pikeun, upamana, 
studi hadist (musthola'ah al-hadist), jst.

Baktos,
manAR 


--- In [email protected], Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> KAng Oman,
> abdi pernah ngaos dina Ihya Ulumudin, Ghazali.
> Cenah Filsafat teh dicaram kunaon?
> 
> Jalak
> 
> --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > 
> > 
> > Kabehdieunakeun, ti Persia, anu tradisi falsafahna
> > terus hirup, 
> > mucunghul falsafah anu ngagabungkeun anu tilu tadi,
> > nya anu kawentar 
> > salaku "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah"- ti Mulla Shadra
> > (Shadruddin Al-
> > Shirozi). Upama di dunya kulon ayeuna keur rame
> > aliran postmo anu 
> > ngabongkar sagala lambang, di dunya wetan, khususna
> > anu diluluguan 
> > ko tokoh-tokoh falsafah ti Iran, malah lahir
> > falsafah anu 
> > ngagabungkeun sababaraha metode dina neangan
> > bebeneran samemehna, 
> > kayaning: nalar atawa pikiran rasional (positifisme,
> > elmu kalam), 
> > dzauq (rasa/Irfan), pencerahan atawa ilham
> > (isroqiyyah) dina tradisi 
> > hikmah anu luhur (kearifan puncak). Anu dina jero
> > kurung bieu 
> > sakaligus ngarupakeun judul buku tarjamahan dina
> > basa Indonesia 
> > tina "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah" (anu
> > narjanahkeunana doktor widang 
> > IT/fungsi kontrol ti itb).
> > 
> > Kana tangtu Teh Karlina parantos lalayaran dina
> > jalur-jalur falsafah 
> > anu ditataan di luhur. Sakuduna urang ngarasa reueus
> > aya ti kalangan 
> > wanoja anu ahli filsafat sapertos Teh Karlina. Jeung
> > deui, sigana US 
> > oge Teh Karlina teh, sanes? keur smp-na mah cenah di
> > Sukabumi 
> > anjeuna teh?
> > 
> > Baktos,
> > manAR
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> =====
> Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke