Aya leresna oge pamadegan Kang Rachmat teh. 

Lebah pasoalan basa Sunda antara undak-usuk vs loma, ti heula oge si 
kuring kungsi madungdengkeun, aya sari kontroversi...alias masih 
jadi pasoalan. Lilinggerana teh kira-kira kieu: ayeuna gede pamenta, 
sangkan basa Sunda anu digunakeun teh basa Sunda loma (sok sanajan 
ieu oge perlu dibuktikeun deui sacara statistik, tapi keun bae tunda 
heula hal eta mah). Di sabrang hiji deui kira-kira kieu: anu geus 
idek liher dina budaya, komo anu manukna dina soal basa mah, aya 
kacondongan ana nulis atawa sasauran teh, migunakeun basa Sunda 
anu "nyurup" atawa "lebet kana ugeran undak-usuk basa" (sebut bae: 
basa Sunda anu lemes).

Kaayaan anu kadua ngahaja make tanda curek ("..."), sabab, boa-boa 
anu disebut basa loma teh taya lian ti migunakeun basa anu "merenah" 
tea. Kecap "merenah" oge ngahaja make curek deui bae, sabab, bisa 
jadi anu ku hiji jalmi digunakeun sapopoe kalayan pangrasana basa 
anu lemes (ceuk aturan undak-usuk basa, upamana), tapi satemenna 
heunteu merenah (ceuk basa Sunda anu sakuduna nuturkeun historis, 
tatabasa, jst-na). 

Kukituna, mudah-mudahan bae sesebutan basa Sunda anu merenah 
(minangka ralat/pangropea kana istilah basa Sunda anu loma) bisa 
leuwih nyumponan anu dimaksud. Nyatana basa Sunda anu di sagigireun 
komunikatif teh oge nyukupan aspek-aspek filosofis, psikologis, 
jeung nu sejenna dina hiji basa anu digunakeun. Ngan, upamana bae 
dina basa Sunda anu merenah ieu loba kapanggih basa Sunda anu loma, 
nya eta mah meureun wayahna bae, da kitu kaayaanana. Atawa, 
satemenna, nya anu loma ieu lolobabana anu nyoko kana basa anu bisa 
ngawadahan aspek-aspek filosofis, psikologis, geus lir historisna 
mah, di sagigireun komunukatif? Wallohu'alam. 

Baktos,
manAR 

  
--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tapi ari ceuk kuring mah aya cara berpikir anu teu
> logis jeung perlu dikoreksi.
> 
> Naha aya jaminan lamun basa sunda anu dipake ku US
> basa sunda anu loma atawa sunda kasar, bakal loba
> urang sunda anu bakal make basa eta?
> Naha enya basa anu  dimamanis (eufemisme) jalma nu
> makena jadi munafik?
> naha lamun basa sunda kacampuran atawa kapangaruhan ku
> basa sejen, jadi teu aya hargana atawa ijid?
> 
> Pasualan bahasa, sigana masalah anu teu sagawayah, aya
> aspek-aspek filosofis jeung psikologis.
> Lamun ningali sajarah dipakena basa Indonesia anu
> tadina tina basa malayu jadi basa nasional, cenah mah
> sabab basana komunikatif. Lamun ngan ngandelkeun kana
> komunikatif mah, geus wae atuh basa Indonesia teh
> diganti jadi basa betawi, pan leuwih komunikatif lin,
> sabab unggal poe dipake dina acara tivi, teu kudu make
> teksbooks atawa maca pedoman Pemakaian Bahasa
> Indonesia sagala, tulisanana Yus Badudu atawa Gorys
> Keraf.
> Sok lamun basa Sunda siga kitu kumaha tah?
> 
> 
> mrachmatrawyani
> 
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Komentar baraya ti SundaNet.com, ieu alamatna:
> > 
> > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=251
> > 
> > --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Etateh pamadegan saha, kang? Alus guning euy
> > > pamadegan teh. Kuring satuju lah.
> > > 
> > > Wasalam,
> > > durachman
> >  
> > 
> > =====
> > Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> > 
> > 
> >             
> > __________________________________ 
> > Do you Yahoo!? 
> > Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> > http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 
> > 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> http://smallbusiness.yahoo.com/resources/





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke