Hidup teh Nia... abdi sapamadegan sareng teh Nia
sanaos abdi seueur keneh dosa tapi ari kedah ngiringan ngarojong judi mah moal kersa komo bari nangtang lebet ka naraka mah... naudzubillahimindzalik.
 
Leres teh Nia... biasana judi teh sok di barengan sareng miras jeung prostitusi. upami judi di legalkeun pastina oge prostitusi sareng miras oge bakal legal.
 
memang urang teh di piwarang ningkatkeun harkat kahirupan urang  tapi kudu nganggo cara anu halal.
 
Kanggo mama Manar...
 
saur pamadegan abdi anu bodo mah kasanggeman ki Ali Sadikin benten sareng kasangeman Robi'ah Al adawiah
Upami kasanggeman Robiah mah anjeuna bade negeskeun yen anjeuna ibadah teh kusabab cinta anjeuna ka gusti Allah sanes alatan sieun ku naraka atanapi hoyong lebet ka surga, sanaos teu aya surga sareng naraka anjeuna tetep mikacinta ka gusti Allah. benten sareng ki Ali anu  hoyong ngalegalkeun anu tos di haramkeun ku agama sanaos tujuan nana sae nyaeta kanggo kamajuan kota Jakarta.
 
punten ah ngacapruk....  rumaos abdi jalmi bodo dina sagahal hoyong ngirirng mairan
hapunten bilih seueur lepatna ( pasti seueur lepatna ketang )
 
Baktos / Kamal
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: 30 March, 2005 12:09 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Jaman geus robah --> Re: Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka

Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib berkorban...sae pisan bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai masuk naraka gara2 memperjuangkeun rakyatna.

Tapi memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup naraka , saha deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta pamimpin anu asup ka naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng oge ari kedah nantang2 masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong judi mah embung ...

Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba.

Upami judi mung di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2 miskin itu terima? naha cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek tidak? boro2 di persilahkan , dilarang oge maceuh boh keur nu miskin oge anu beunghar.

Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda panginten pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti itu teh, judi, obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti kitu engke teh panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di kendalikan , tapi engke?....

Punten ah ngacapruk.

Nia


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke