Saleresna sual HHM teh kantos diposting ku Bah Willy sababaraha kali, 
atuh di sim kuring aya bukuna "HHM jeung karya-karyana" kenging Ajip 
Rosidi, aya deui sababaraha catetan fotokopian, anu kawentar karya 
HHM teh nyaeta Adat Urang Sunda (rada hilap deui judulna) kaleresan 
nu aya di sim kuring anu tos dibahasa Indonesiakeun.
Insya Alloh enjing pageto urang postingkeun.

MSasmita
nuju pusing kumargi email nuju ngadat, komputerna keuna ku virus. 


--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ajip Rosidi dina salah sahiji bukuna, ngajentrekeun
> kaheran batur ulinna, nalika Kang Ajip anteng netepan.
> Cenah baturna Kang Ajip guntreng silih tanya, ti iraha
> Kang Ajip jadi leket ibadah. Naha saha jalmana nu geus
> bisa mangaruhan Kang Ajip, pasti cenah moal jalam nu
> masih keneh hirup, paling oge kapangurahn ku jalma nu
> tos teu aya dikieuna. Dina eta gunem catur, najan teu
> langsung ditembrakeun, eta jalma nu di maksud taya
> lian Haji Hasan Mustafa.
> 
> Salah sahiji artikel di PR netelakeun, majar cenah
> Haji Hasan Mustafa teh hiji tokoh Sunda nu sagala
> bisa. Lain wae ahli bagbagan kaagamaan, oge ahli
> kabudayaan jeung sastra Sunda. 
>  
> Nginget-nginget pangajaran sajarah jaman keur budak,
> ti SD nepi ka SMA, asa teu kungsi panggih jeung eta
> tokoh teh. Kitu deui dina pangajaran basa Sunda jeung
> basa Indonesia, dina palebah bahasan kasusastraan, asa
> teu kungsi dibahas perkara Haji Hasan Mustafa.
> 
> Baraya, cing sugan aya nu kagungan bongbolongan, naha
> saha ari Haji Hasan Mustafaa teh? Naon wae karyana?
> Jeung kunaon eta karyaa teu pati dipikawanoh ku
> balarea?
> 
> Salam,
> MH
> 
> 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke