minggu kamari kuring meser buku "Semangat Baru" anu nerangkeun sejarah sastra 
sunda di jaman kolonial. haji hasan mustafa disebut-sebut tapi duka mendalam 
atau 
henteu na mah. maklum, nembe dua bab diaos

kanggo sim kuring nyalira, seueur nu menarik dina buku eta. contona (dina bab 
hiji), 
diterangkeun yen basa sunda karak dianggap basa nu berdiri sendiri ku Walanda 
di 
abad XIX. samemehna walanda nganggap basa sunda sebagai varian dialek basa 
jawa. rea alesan ku naon bangsa penjajah bisa kitu.

dina buku eta oge diterangkeun, basa sunda lebih inferior daripada basa jawa. 
cenah, 
lamun balik ti jawa, dianggap pantes make basa jawa. tapi lamun balik ti sunda 
(ka 
jawa), aneh lamun aya nu make sunda. malah, di sunda sorangan, aya anggepan 
lamun surat resmi/formal nulis alamatna ku basa sunda bakal dianggap teu sopan. 
ku naon bisa kitu? baca we nyalira. kuring oge can anggeus. ieu buku nu nulis 
orang 
jepang, ahli bahasa spesialis basa sunda.

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ajip Rosidi dina salah sahiji bukuna, ngajentrekeun
> kaheran batur ulinna, nalika Kang Ajip anteng netepan.
> Cenah baturna Kang Ajip guntreng silih tanya, ti iraha
> Kang Ajip jadi leket ibadah. Naha saha jalmana nu geus
> bisa mangaruhan Kang Ajip, pasti cenah moal jalam nu
> masih keneh hirup, paling oge kapangurahn ku jalma nu
> tos teu aya dikieuna. Dina eta gunem catur, najan teu
> langsung ditembrakeun, eta jalma nu di maksud taya
> lian Haji Hasan Mustafa.
> 
> Salah sahiji artikel di PR netelakeun, majar cenah
> Haji Hasan Mustafa teh hiji tokoh Sunda nu sagala
> bisa. Lain wae ahli bagbagan kaagamaan, oge ahli
> kabudayaan jeung sastra Sunda. 
>  
> Nginget-nginget pangajaran sajarah jaman keur budak,
> ti SD nepi ka SMA, asa teu kungsi panggih jeung eta
> tokoh teh. Kitu deui dina pangajaran basa Sunda jeung
> basa Indonesia, dina palebah bahasan kasusastraan, asa
> teu kungsi dibahas perkara Haji Hasan Mustafa.
> 
> Baraya, cing sugan aya nu kagungan bongbolongan, naha
> saha ari Haji Hasan Mustafaa teh? Naon wae karyana?
> Jeung kunaon eta karyaa teu pati dipikawanoh ku
> balarea?
> 
> Salam,
> MH
> 
> 








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke