Waalaikun salam...,
Sim abdi satuju kalayan ngarojong ka LSM sareng masyarakat Panaruban dina enggoning nolak diwangunna Lapangan Golf di Panaruban anu notabene mung sarana hiburan/olah raga kanggo jalmi-jalmi jegud.
Ninggali kana kaayaan eta tanah anu sakitu potensialna kanggo lingkungan, suaka marga satwa, suaka budaya sareng sumber kahirupan.
Dimana upami eta lahan janten didamel lapangan Golf, anu tangtos mata cai saat, upami masih aya oge tangtos polusi ku obat-obatan kanggo miara jukut. Kaduana dina perkawis tanaga kerja, lahhhh... urang daerah eta mah paling oge kabagean (saehe) sabaraha persen tina sadaya tanaga kerja anu diperyogikeun.
Sim abdi mah banget ku heran ka panggede anu mere izin kajalma anu bade ngarusak sarakan; Geus ngalebok sabaraha milyar tah ......(punten bakat ku keuheul...!!)
Sok mangga teraskeun eta parlawanan .... !!,
Cadu mundur, pantrang mulang....!!,
Saha deui lamun lain urang anu rek ngaraksa jeung ngajaga.....!!
Teuneung ludeung ....!!
Sakitu nu kapihatur...
 
ssw
Nitih wancina urang nyaring....
Ninggang mangsana urang Hudaaaaaaaaaaang......!!!
 


Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,
Punten wae bisi ieu berita teh geus basi.
Tadi beurang kuring ngahadiran deklarasi LSM lingkungan hidup nu rek
ngalawan  rencana diwangunna Lapangan Golf di Panaruban Sagalaherang
Subang.
Ceunah  eta investorna teh ti Korea. Rek ngagunakeun lahan koservasi
nu legana kira-kira 620 hektar. Ku masyarakat teu disatujuan. Alatan
bakal ngabalukarkeun hese cai jeung ngarusak lingkungan hirup.
Saur  Bapak  Sumarna sesepuh Panaruban, ayeuna wae geus loba huma nu
kagaringan  alatan  hese  cai.  Komo deui lamun aya Lapangan golf nu
merlukeun  cai loba. Disagedengeun ti eta, Saur Bapak Garna Abdullah
oge  kawasan panaruban teh ku Pamarentah Subang ngaliwatan Perda No.
12  taun  2001  geus  dijadikeun  Kawasan  lindung Kabupaten Subang.
Komodeui  ditambah  ku UU Lingkungan Hidup No. 23 taun 1997 ngeunaan
Ekologi.  Ku  kituna  masyarakat  Subang  teu  rido  lamun Panaruban
diwangun lapangan Golf. Salian ti ngehesekeun cai, teh Bapak Sumarna
ngajentrekeun  di  panaruban  teh masih keneh loba manuk Heulang "Si
Jambul"  nu  lindungi  ku  nagara.  Sato samodel oces, surili, jeung
tutuwuhan  obat  nu  geus  langka oge masih keneh rea jeung subur di
kawasan eta teh. Malahan mah teu jarang dijadikeun tempat penelitian
ku  mahasiswa-mahasiswa  alatan  alamna masih keneh asli. Jeung deui
ceunah  adat  istiadatna  masih  keneh relatif asli dibanding daerah
sejenna.
Sumber  Potensi  cai  teh  sihoreng lain jang urang dinyana wungkul.
Tapi  jang  daerah  hilir  seperti  Ciasem,  jeung  Cipunegara  oge
disumbang ku daerah Panaruban.
Lahan  nu  diincer  ku  investor  teh  mangrupakeun  lahan  HGU PTPN
Nusantara  VIII  nu  nampung  3200 tanaga kerja nu umumna lulusan SD
nepikeun  ka  SMA.  Ceuk  Pak  Sumarna  lamun diwangun lapangan golf
tangtu  tanaga kerja di PTPN Nusantara VIII bakal moal bisa ditarima
alatan latar belakang pendidikanna.
Gempungan  nu  diayakeun  di  RM Sangkuriang teh ngahasilkeun LSM nu
ngaranna  Panyelik singketan tina Paguyuban Penyelamat Lingkungan nu
pupuhuna  kapilih  Bapak  GARNA ABDULLAH alias Kang Boy. Insya Allah
rek nyieun rekomendasi ka DPRD sangkan nyalametkeun Lingkungan Hidup
di Subang.
Tadina  kuring  datang atas nama Media radio Elshinta alatan dititah
ku  redaksi  sangkan  datang kana acara deklarasi. Tapi pas diilikan
dina   ondangan   nu   datang  teh  diantarana:  Gabungan  Pengusaha
Perkebunan Lingkup Jabar jeung Banten, Dewan Pemerhati Kehutanan dan
Lingkungan  Tatar  Sunda,  Serikat  Pekerja Perkebunan, jrrd. Kuring
jadi  hayang  ngomong  nepikeun  aspirasi  ngeunaan  kahirupan Tatar
Sunda.
Tungtungna  ku  MC  dibere  waktu jang baceo. Ahirna kuring nepikeun
saran  ngaatasnamakeun  "KUSNET". Kuring nyarankeun ka forum sangkan
lamun  urang ngayakeun perlawanan ka "lapangan golf" urang kudu bisa
ngusahakeun  cara  sejen.  Nu ku kuring diusulkeun sangkan Panaruban
dijadikeun  "SUAKA  BUDAYA  &  ALAM TATAR SUNDA". Supaya lamun urang
mana  wae  hayag  nyaho  budaya  jeung  alam Sunda bisa ngajugjug ka
Panaruban. Kuring oge inget yen Subang teh nyimpen 70% budaya Sunda.
Dina  tuntung  acara teu poho kuring promosi millis ieu jeung ngajak
ka  nu  biasa  ngome  internet sangkan daftar. Sugan jeung sugan wae
lain ukur daftar wungkul.
--
Baktos,
Om TEDDY



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke