Ari maksa mah teu aya, nu aya mah watesan aurat, kawajiban nutup aurat jeung tangtuna kawajiban mere nyaho katangtuan agama ieu. Nutup aurat hartina taat teu nutupan hartina teu taat, dipeunteuna dosa. Janten mangga we eta mah ka masing-masing jalmina da dihisabna ge masing-masing sanes.
Tah perkara adat, ari adat teh pan kabiasaan. Asalna mah tiasa kabiasaan nu natural dilakukeun atawa bisa jadi ku jalan dijieun aturan. Aturan nu geus heubeul dilakukeun atuh jadi adat. Tah ari NAD mah pan tos dijadikeun aturan nu dilajuninglaku ku ngadegkeun hukum, nerapkeun sanksi ka saha nu teu make. Ari Padang mah keur ditaratas, kakara nyieun aturan.
Nu kabaca ku abdi mah kieu:
Ari ceuk agama mah tanggung sorangan we dosa mun teu make jilbab, tapi ari ceuk masyarakat mah meureun ulah ka dieu mun teu make jilbab sabab didieu mah masyarakatna geus saluyu narutup aurat, jadi masing dosana keur anjeun sorangan tapi teu meunang milucaan nembongkeun aurat.
Sakali deui neda dihapunten, kasalahan panafsiran eta mah kasalahan abdi pribados, atuh dina benerna eta mah nu kagungan Allah SWT.
salam
jp
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten,Janten kasimpulanana, teu aya hukumna dina Islam, maksa awewe make jilbab, kitu kang? Masalah di Padang sareng di Aceh eta mah masalah adat wungkul?Pemahaman kuring salami ieu, paling mun misalkeun aya awewe muslim di nagara nu nerapkeun sareat Islam, teu make jilbab hukumana dikucilkeun, dianggap awewe bangor atawa sajaba ti eta.. Kawajiban urang paling mere nasehat ka awewe eta sangkan nutup aurat..Ieu pemahaman kuring ukur make akal jeung elmu kuring nu saaya-aya, rumasa elmu tentang dalil naqli namah teu gaduh, nya paling ge apal, yen aya ayat dina Al Qur'an nu marentahkeun awewe nutup Auratna. Hadist Nabi, Ijtihad sareng Ijma Ulama na mah rumasa teu apal da ngaji gen ukur keur leutik bari kudu dipaksa kunu jadi kolot...Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Dudi pami teu lepat mah dasarna teh surat An Nisa nu nyebut yen aurat awewe teh kabeh awak lian ti raray jeung talapak panangan. Ari masalah rek nurut rek henteu mah nya kumaha diri pribadina we, sarua jeung kawajiban lain sapertos sholat, puasa.Tapi dina kahirupan sosial eta mah pan kumaha masyarakatna, pami ditegeskeun eta kawajiban dina paraturan oge adat nya tangtos diatur sangsi ka nu teu nyumponan eta paraturan. Ceuk urang padang meureun "dimana tanah dipijak disitu langit dijunjung" hartina saha bae nu ka eta tempat kudu surup nyaluyukeun kana aturan/adat eta tempat. Logikana mun padang nangtukeun aya aturan kudu make jilbab nya nu ka padang kudu konsekuen nyurup kana eta aturan.Jadi nu perlu dimasalahkeun mah sanes katangtuan make jilbab, tapi aturan "pelaksanaan" nu negeskeun eta katangtuan make jilbab. Pami NAD pan masyarakatna tos negeskeun ngangge syariat Islam, konsekuensina saha bae awew ka NAD nya kedah buni, ngangge tiung. Tah ari padang mah geuning katingalna masyarakatna teu acan peuheut sadayana nerapkeun katangtuan make jilbab.Neda dihapunten bilih aya kalepatan, hak na nu ahli agama panginten.salamJP
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

