Kang Tirta,
 
Sakaterang, dina Al Qur'an ayat anu ngatur soal jilbab nyaeta Surah An Nur (ayat 31) sareng surah Al Ahzab ayat 59. Abdi weleh heunteu mendakan aturan jilbab dina surah An Nisa, ayat sabaraha nya?
 
Ngeunaan eta dua aturan ngeunaan migunakeun jilbab, duanana ayatna teh obyek parentahna ditujukeun ka kaum mu'minin, sakumaha parentah shaum. Ngandung diantara ciri anu ariman teh nya anu ngalaksanakeun eta aturan. Ngeunaan substansina, mataholangna mah marentahkeun yen para isteri ulah samanea ngobral auratna kajaba anu biasa tembong oge kajaba ka mahramna. Jadi heunteu dieceskeun pisan ngeunaan model jilbab atawa eta panutup aurat teh (ngan aya katangtuan kudu manjangkeun eta panutup nepi kana dada).
 
Ngeunaan kawijakan pemkot Padang, eta mah nyanggakeun, mana kitu oge hasil kamupakatan masyarakatna. Anu dipahing, nyaeta mugi heunteu aya paksaan bae da dina parentahna oge heunteu aya paksaan (ancaman hukuman upama teu ngalaksanakeun, upamana).
 
Anapaon ngeunaan kawajiban jilbab ka individu, nya sami bae sakumaha kawajiban sanesna. Sakapeung urang aya anu geus mampu ngalaksanakeunana (upamana: sholat); sakapeung deui urang tacan mampu ngalaksanakeunana (upamana: dzikir isuk-isuk jeung psosore, sabab eta oge parentahna aya dina Al Qur'an; atawa urang teu acan tiasa ngalaksanakeun ibadah haji kusabab sababaraha alesan anu bisa ditarima).
 
Tah dina perkara ngalaksanakeun jilbab oge, ceuk pamendak sim kuring mah sarua. Aya para isteri anu parantos tiasa ngalaksanakeunana, aya oge anu teu acan kusabab sababaraha alesan. Diantara alesan-alesan eta teu pamohalan aya anu bisa katampi ku Pangeran, dugi ka eta si isteri teh kenging pangampura. Upamana: alesan yen upama nganggo jilbab matak ngamudaratkeun kahirupan ekonomi anu baris ageung akibatna ka kulawarga, jst. Kumargi kitu, dina panungtung parentah ngagunakeun jilbab dina surah An Nur ayat 31 aya katerangan kieu (punten teu disundakeun): "....dan bertaubatlah kamu sekalian kepada Alloh, hai orang-orang yang beriman supaya kamu beruntung".
 
Anu (ngaku) ariman, boh geus kaduga dijilbab atawa heunteu, diparentahkeun supaya tarobat. Mataholangna, Alloh anu gaduh pangampura, urang nampi kana aturanana; anapon upama teu acan kaduga ngalaksanakeunana, kalayan alesan-alesan anu kuat, pamugi Alloh ngahampura kana dosa urang sadaya. Amin.
 
Baktosna,
manAR 

 
On 5/19/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi pami teu lepat mah dasarna teh surat An Nisa nu nyebut yen aurat awewe teh kabeh awak lian ti raray jeung talapak panangan. Ari masalah rek nurut rek henteu mah nya kumaha diri pribadina we, sarua jeung kawajiban lain sapertos sholat, puasa. 
 
Tapi dina kahirupan sosial eta mah pan kumaha masyarakatna, pami ditegeskeun eta kawajiban dina paraturan oge adat nya tangtos diatur sangsi ka nu teu nyumponan eta paraturan. Ceuk urang padang meureun "dimana tanah dipijak disitu langit dijunjung" hartina saha bae nu ka eta tempat kudu surup nyaluyukeun kana aturan/adat eta tempat. Logikana mun padang nangtukeun aya aturan kudu make jilbab nya nu ka padang kudu konsekuen nyurup kana eta aturan.
 
Jadi nu perlu dimasalahkeun mah sanes katangtuan make jilbab, tapi aturan "pelaksanaan" nu negeskeun eta katangtuan make jilbab. Pami NAD pan masyarakatna tos negeskeun ngangge syariat Islam, konsekuensina saha bae awew ka NAD nya kedah buni, ngangge tiung. Tah ari padang mah geuning katingalna masyarakatna teu acan peuheut sadayana nerapkeun katangtuan make jilbab.
 
Neda dihapunten bilih aya kalepatan, hak na nu ahli agama panginten.
 
salam
JP
 


Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tulungan, kuring bingung! Anggapan kuring salila ieu, ngangge Jilbab teh kasadaran pribadi, naha beut diatur-atur, dipaksa-paksa. Ceuk sikuring nu bodo mah, tibatan ngajilbaban luarna wungkul leuwih hade jilbaban heula hatena, rohanina. Ke ge lamun awewe geus pada ngarti mah bakal dijilbab sorangan, teu kudu dipaksa-paksa. Da ari geus dipaksa mah nyeri lain?
 
Lamun dipaksa mah, nu aya bakal lalumpatan tibatan narurut. Boro urang luar Islam dalah urang Islam sorangan...
 
Cing tulungan akang eteh, pami pemahaman kuring salami ieu salah, aya dalilna nganggo jilbab dipaksa?, mun heunteu aya sajarahna jaman nabi, sahabat tentang kajadian model kieu?...
 
Hatur Nuhun..
 
Haturan,
 
Abdi nu nuju bingung



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke