Turun
we tina mobil kang tirta teh di kebon jeruk.
naek
wee buru2 ka beus, nu aya wee..patas 77. da kosong ieuh...diuk di korsi tilu anu
ngan aya panumpang hiji, manehna mah mojok. rada kosong deui beus
teh.
Abdi
teh teu on, da emut wae ka danau salam anu caina kabayang tiis..mun ngojay
teh..resep meureun....song aya nu dagang topi haji , di tilep2 di plastikan,
jadi paling sadampal leungeun eta topi haji teh lebarna.Bari nu dagangna
ngocomang di hareup..iklan tiditu na mah...
Ah
heug deui ngalamun,...da duit jeung ongkos mah geus di tangan kenca, tangan
kanan nyepengan topi bari di ilikan.
reup
wee peureum, sare teu...keur anteng, neng..neng..cenah...song wee...kuring teh
ngasongkeun ...na atuh teu lilah teh..barakatak teh eta jalema anu gigireun abdi
ngabarakatak..mani akey2an...bray wee beunta. Ari ret teh..kenek beus keur
nyepengan topi haji bari cungar cengir ka kuring..masya Alloh...panumpang sejen
ting harihi haraha...
asa
rek ngambek...da embung ari diseungseurikeun mah, padahal sabenerna mah kuring
ge nahan seuri.... ari di ilikan teh , jalema gigireun kuring...loba tatoan, di
tanganna, di punduk, di kaki..ih sieun..
Nia
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

