Huahahaha…teu kuat euy meni peureus ieu kulit beuteung!!!

Naha atuh meni kateterasan kitu Neng Nia teh…maklum sih nuju cape…

 

-----Original Message-----
From: Nia Sri Winiarsih [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent
: 06 Juni 2005 12:44
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Bewaraaaaaaaaa : Laporan Kopdar

 

Turun we tina mobil kang tirta teh di kebon jeruk.

naek wee buru2 ka beus, nu aya wee..patas 77. da kosong ieuh...diuk di korsi tilu anu ngan aya panumpang hiji, manehna mah mojok. rada kosong deui beus teh.

Abdi teh teu on, da emut wae ka danau salam anu  caina kabayang tiis..mun ngojay teh..resep meureun....song aya nu dagang topi haji , di tilep2 di plastikan, jadi paling sadampal leungeun eta topi haji teh lebarna.Bari nu dagangna ngocomang di hareup..iklan tiditu na mah...

Ah heug deui ngalamun,...da duit jeung ongkos mah geus di tangan kenca, tangan kanan nyepengan topi bari di ilikan.

reup wee peureum, sare teu...keur anteng, neng..neng..cenah...song wee...kuring teh ngasongkeun ...na atuh teu lilah teh..barakatak teh eta jalema anu gigireun abdi ngabarakatak..mani akey2an...bray wee beunta. Ari ret teh..kenek beus keur nyepengan topi haji bari cungar cengir ka kuring..masya Alloh...panumpang sejen ting harihi haraha...

asa rek ngambek...da embung ari diseungseurikeun mah, padahal sabenerna mah kuring ge nahan seuri.... ari di ilikan teh , jalema gigireun kuring...loba tatoan, di tanganna, di punduk, di kaki..ih sieun..

 

Nia



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke